Nambahan noong. Nu duriatna manjang, nya ti rundayan Sayidina Ali sareng
Fatimah. Jigana wae hal ieu nu ngajadikeun posisi Sayidina Ali penting
kacida dina klaim kapamingpinan Syiah. Numatak teu aneh, upama ayat Gadhir
Khum dijadikeun titik tolak justifikasina. Hal ieu oge jigana, keur nambah
kuat alasen eta, posisi paman Kanjeng Nabi, Abi Thalib diperenahkeun jadi
wakil kanabian.

2011/12/10 Waluya <[email protected]>

> **
>
>
> > deni solehudin <pesantiga@...> wrote:
> > Naha nu kaitung ahli baet teh ngan ukur Ali, Fatimah, Hasan, jeung
> > Husein wungkul?
> > Ari anak kangjeng Rasul teh salian ti Fatimah nyaeta Ruqayyah jeung
> > Ummu Kaltsum. Naha teu ka asup Ahlul Baet?
>
> Ngiring mairan. Sigana kedah ditempo sistem sosial masyarakat Arab Kang.
> Masyarakat Arab masyarakat patriaki sajati, lalaki nu kawasa. Ali sareng
> Kangjeng Nabi kalebet Bani Hasyim (Bani = Klan). Kangjeng Nabi teu gaduh
> putra lalaki oge teu gadung saderek lalaki kandung. Tah ceuk masyarkat
> partriaki mah nu kedah neraskeun (kawaris kakawasaan) kedahna saderek misan
> lalaki ti ua/ emang nu paling caket. Istri Ustman bin Affan oge putri
> Kangjeng Nabi, tapi kumargi Ustman mah benten bani, anjeunna mah kalebet
> Bani Ummayah, upami gaduh turunan, tetep teu lebet Bani Hasyim, klanna
> Kangjeng Nabi sareng Sayidina Ali.
>
> Kitu cenah, ceuk buku nu dibaca ku kuring mah ....
>
> Salam,
> WLY
>
>  
>

Kirim email ke