nuhun infona, Kang Waluya.
________________________________ Dari: Waluya <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Selasa, 13 Desember 2011 15:37 Judul: Re: Bls: Bls: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait (Sajarah Islam karangan Prof K Ali) > ahsa <albanduni@...> wrote: > Tah ari Syiah mah jelas ditangtukeun ku nash atawa dalil/hadis ti > Rasulullah saw. Wah, perkara ieu mah kuring "no comment", sabab ieu mah geus ancrub kana wilayah kayakinan (kayakinan kang Ahsa syiah teh jelas nashna). Dipadungdengkeun oge tetep moal nyambung. Riwayat paguntrengna Sunni jeung Syiah teh geus leuwih ti 1000 taun. Tepi ka ayeuna oge euweuh nu meunang, euweuh nu eleh. Dua-duana tetep eksis, kaasup paseana tepika silih paehan (tingali beja ti Pakistan, Yaman, Afghanistan). Piraku hal nu kieu rek diteruskeun wae? Keur naon? > ahsa <albanduni@...> wrote: > Kang Waluya, badi teu kantos terang buku Sajarah Islam karangan > Prof K. Ali. Tiasa dibeberkeun saha anjeuna sareng kumaha corak > historiografi sareng sumber nu dianggona. Aduh, kuring teu ngarti naon ari historigrafi teh, ngan lamun bukuna mah ieu: Sajarah Islam ( Tarikh Pramodern), Prof. K. Ali, penterjemah Ghufron A. Mas'adi, Divisi Buku Saku Srigunting, PT Rajafindo Presada, Cetakan Kedua, Jakarta 1997. Judul Aslina : A Study of Islamic History, Prof K. Ali sejarahwan Muslim, Urang Pakistan. Ceuk penterjemahna, buku sajarah Islam ieu dikarang ku sajarahwan Muslim, lain karangan ahli sajarah urang Barat (orientalis). WLY
