Ari uing mah nangkep caritaan kang ilen teu nepika sarius da heeuh percaya kang Ilen ge lain deuk curak curak muka agama anyar, ieumah ngarupakeun kakesel pribadi we da uing ge bet sempet kapikiran siga kitu ngomentaran jang Ahsa, kadongdora teuing bet sagala hayang bebas ku alatan urusan kadunyaan, heeuh kaasup kadunyaan we da sanajan dipakaitkeun jeung masalah kayakinan tapi tumuwuhna ngadon tina perkara papaseaan, nyeri hate, pulitik jeung sajaba ti eta dugika mucunghul kayakinan hasil diskusi, penganteur hate jste.
Si lamsijan rajin solat, puasa jeung rea2 kawajiban qath'i, harepanna supaya hirup bagja jeung raharja, tapi dina kanyataanana hirupna ngadon walurat, manan bagja, beuki rajin solatna beuki mokaha kasusahna, antukna sutresss, mepeus keuyang, juntrungna blas weh teu solat teu puasa jeung kahadean sejenna, teu sakara2, ingkar tina kawajiban bet sagala nu dipikahayang ngadon laksana ! antukna si Lamsijan pepejeuh ka nu lian, mun hayang bagja dunya mangka ulah dekeut ka Pangeran, ceunah. beuh ieu dogma tumurun ka anak incu nu antukna jadi weh kayakinan anyar. Tah, mereun nu kieu mah kaasup sarius. Tapi ngadon ukur nganaha-naha mah teu kaasup sarius ah, da parantos garaduh polo, kitu manawi. From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Gunawan Yusuf Sent: Saturday, December 17, 2011 4:02 AM To: [email protected] Subject: Re: Bls: [kisunda] Re: sholat alus ide teh, sok atuh mimitian ku Kang Ilen, komo deui mun Kang Ilen Jadi Nabi-na..... On 12/16/11, ilen kardani <[email protected] <mailto:ilen1017%40yahoo.com> > wrote: > Sok atuh geura nyarieun Islam versi Sunda ngarah bisa sholat make basa Sunda > jeung jarrah naek hajina teu kudu ka Mekah, tapi cukup ka Karang Kamulyan, > dalilna mah bejakeun we Nabi Adam teh turuna di Pasundan. Boa-boa bakal > ditaluturkeun ku nu umat Islam sadunia ngan pasti urang Saudi mah moal > panujueun da bakal leungiteun devisa. > > > > ________________________________ > From: ahsa <[email protected] <mailto:albanduni%40ymail.com> > > To: "[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> " <[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> > > Sent: Friday, December 16, 2011 3:13 PM > Subject: Bls: [kisunda] Re: sholat > > > > Kang Hasan... jadi urusan Sunni Syiah saleresna mah lain urusan ibadah. Pan > nu dilakukeun ku urang Syiah dina shalat sarua jeung Maliki ti mazhab Sunni. > Ieu karek ingeut... ceuk ulama mazhab Hanafi, ahlussunah keneh, yen ngucap > takbir oge tiasa digentos ku Allahu Adzim, pan hartina mah ngagungkeun > Allah. Aranjeuna ngamaknaan Takbir teh ngagungkeun Allah lain ngucapkeun > Allahu Akbar. (mazhab Hanafi teh loba diagem di Irak). Pan beda jeung urang > di Indonesia. Tah di Turki, jaman Kemal Attarturk, sholat oge babacaan na > tiasa dibahasa Turki-keun. Adan oge tiasa ngangge basa daerah cenah. Eta teh > di Turki nu kawentar Ahlussunah. Baheula oge pan kantos ribut MUI reh aya > shalat fatihah na dibacakeun jeung tarjamah. Urang wetan kitu laku teh atawa > saha nya? Aya nu ingeut teu? > > > > ________________________________ > Dari: Ki Hasan <[email protected] <mailto:khs579%40gmail.com> > > Kepada: [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> > Dikirim: Jumat, 16 Desember 2011 13:53 > Judul: Re: [kisunda] Re: ku naon Putu Nabi saw ditelasan? sholat > > > > Perkara sidakep jeung lempeng, uing kungsi meunang beja tina ceramah saurang > mufti urang Perlis. Ceuk manehna nu wajibna mah takbirna, ari ngangkat > leungeuna mah cenah sunah. Aya rekamanana. Inyana ahli sunnah. > > > 2011/12/16 oman abdurahman <[email protected] <mailto:omanarah%40gmail.com> > > > >>Alesan anu kungsi katarima ku si kuring dina bab "leungeun lempeng ka >> handap nalika sholat kieu: Sanggeus ditalungtik hukum dimana nempatkeun >> leungeun nalika ngadeg sholat nya aya dua kelompok pendapat. Pendapat anu >> kahiji teges2 ngaharamkeun posisi leungeun sidakeup jeung ngudukeun >> (mengharuskan) leungeun lempeng ka handap. Sedengkeun pendapat anu kadua >> ngahukuman sunah kana posisi leungeun sidakep. Tah dina kaayaan dua >> pendapat anu pagedrug (pahareup-hareup kalayan teu bisa diakurkeun atawa >> teu bisa diteangan jalan tengahna), nya ushul fiqih mere jalan sangkan >> nyokot hukum atawa aturan anu kira2 baris salamet. >> >>Jelasna kieu: lamun urang dina keur ngadeg sholat leungeun urang sidakep >> urang baris meunang pahala sunah lamun saupama aturan anu netelakeun eta >> perkara sunah teh eta hukum anu bener mungguh Alloh. Anapon lamun tetela >> engke anu bener mungguh Alloh teh aturan atawa hukum anu ngaharamkeun >> posisi leungeun sidakep, nya urang malah meunang hukum haram. Tapi >> sabalikna, lamun posisi leungeun urang lempeng kahandap alias teu sidakep, >> copelna urang teu meunang pahala sunnah nalika hukum anu bener mungguh >> Alloh anu netelakeun sidakep teh sunnah; tapi urang henteu kahukuman haram >> lamun anu hukum bener mungguh Alloh eta hukum haramna leungeun sidakep. >> >>Hampura lamun rada lieur macana :) Maksudna mah nyiar jalan anu aman tina >> hukum anu pagedrug ngeunaan hiji hal. Sok sanajan kitu, si kuring sholat >> kadang2 leungeun sidakep, kadang2 leungeun dilempengkeun. Tiduna mah >> mraktekeun "dahulukan akhlak daripada fiqh", tapi teuing ketang upama aya >> anu ngalandi lolondokan mah nyerah deh :) >> >>manar >> >> >> >>2011/12/16 [email protected] <mailto:albanduni%40ymail.com> <[email protected] <mailto:albanduni%40ymail.com> > >> >> >> >>> >>>shalat nu model kitu oge dilakukeun ti mazhab maliki. lengeunna leumpeung >>> ka handap. pan di urang mah sidakep. jeung sidakepna oge aya dina pas >>> bujal, beuteung, gigireun cangkeng. >>> >>> >> > > > >
<<image001.jpg>>
<<image002.jpg>>
