Hahaha Mang Ilen hayang dibaledogan imahna ku FPI euy wkwkwk Tapi alus oge lamun bisa hehehe...
Sigana kieu euy karangan nana jadi jaman abad ka-6 jeung 7 pan harita jaman Tarumanagara lin? Taaaaaah geus aya jeung sumebar Islam di tatar sunda hehehe. Nu nyebarkeun nana langsung ti Rosululloh hehehe... Waktu manehna jadi padagang hehehe ngilu jeung rombongan saudagar ti China jeung Indihe wkwkwk. Taah jadi Islam versi Sunda oge sahih geus sumebar ti abad ka-7 ku cara damey jeung bener lain samodel cara Cirebon jeung Banten nyerbu Sunda Kalapa di bekingan ku Demak jeung Malaka hehehe. Eta mah parebut kongsi dagang, eta mah Islam anu resep kakawasaan jeung materil lain anu welas tur asih ka sasama wkwkwk. Teuing tah lamun kitu sigana leuwih nyambung... Tinimbang nyokot jauuuh teuing lamun ti Nabi Adam mah hehehe. Taaah teuing lamun ti Ibrahim mah... Ceuk urang barat mah pan ngarana Abraham lain... Taaah eta ngaran Nyunda euy da lamun Obrohom mah eta ngaran Jawa hehehe. Nya pinter Saudi... Minyak beak ge manehna mah boga ka'bah keur sumber devisa hehehe. Tempo weh musim haji lainna spiritual anu dicokot tapi leuwih kana bisnisna... Biaya haji paling beak 40jt lah jeung bekelna... Tapi kulantaran make hajat jeung oleh-2 gagayaan jadi bisa beak nepika 150jt hahaha. Eduuuun pan geus jadi "INDUSTRI" lah wkwkwk. Nu bodo tur belegug mah pamarentah urang... Loba situs-2 sejarah sabanerna bisa di branding euy... Misal Candi Batujaya eta bejakeun weh Candi Budha / Hindu pang badagna sadunya hahaha... Tah sakumna umat Budha jeung Hindu lamun can datang ka Batujaya Karawang acan lengkep kabudhaan jeung kahinduan nana... Ayeuna populasi umat hindu/ budha leuwih ti Samilyar jelema soook lah 10% na weh nu datang berarti pan 100jt jelema lin. Lamun rata-2 eta jelema ngaluarkeun duit keur datang, nginep, dahar 10jt weh tinggal diitung tah sabaraha potensi pendapatanna 10jt x10jt jadi 1000 jutajuta ... Lieur ngitung nol na ge hehehe 1000 trilyun lain? Komo deui lamun bisa dijieun siga Haji mah... Pan ritualna kudu lila nepika minimal 2 minggu lah kitu xixixi. Eduuun pasti multiplier effect-na teu karasa. Pokona lieur lah pamarentah mah... Candi Borobudur ge pan teu dipalire... Padahal ayeuna loba anu daratang kadinya timamana... Ngan kurang di branding jeung di promosi keun wkwkwk. Nuhuuuuuns, Mang Kabayan www.dkabayan.com ti urang, ku urang, keur balarea -----Original Message----- From: ilen kardani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 16 Dec 2011 05:02:47 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Bls: [kisunda] Re: sholat Sok atuh geura nyarieun Islam versi Sunda ngarah bisa sholat make basa Sunda jeung jarrah naek hajina teu kudu ka Mekah, tapi cukup ka Karang Kamulyan, dalilna mah bejakeun we Nabi Adam teh turuna di Pasundan. Boa-boa bakal ditaluturkeun ku nu umat Islam sadunia ngan pasti urang Saudi mah moal panujueun da bakal leungiteun devisa. ________________________________ From: ahsa <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Friday, December 16, 2011 3:13 PM Subject: Bls: [kisunda] Re: sholat Kang Hasan... jadi urusan Sunni Syiah saleresna mah lain urusan ibadah. Pan nu dilakukeun ku urang Syiah dina shalat sarua jeung Maliki ti mazhab Sunni. Ieu karek ingeut... ceuk ulama mazhab Hanafi, ahlussunah keneh, yen ngucap takbir oge tiasa digentos ku Allahu Adzim, pan hartina mah ngagungkeun Allah. Aranjeuna ngamaknaan Takbir teh ngagungkeun Allah lain ngucapkeun Allahu Akbar. (mazhab Hanafi teh loba diagem di Irak). Pan beda jeung urang di Indonesia. Tah di Turki, jaman Kemal Attarturk, sholat oge babacaan na tiasa dibahasa Turki-keun. Adan oge tiasa ngangge basa daerah cenah. Eta teh di Turki nu kawentar Ahlussunah. Baheula oge pan kantos ribut MUI reh aya shalat fatihah na dibacakeun jeung tarjamah. Urang wetan kitu laku teh atawa saha nya? Aya nu ingeut teu? ________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Jumat, 16 Desember 2011 13:53 Judul: Re: [kisunda] Re: ku naon Putu Nabi saw ditelasan? sholat Perkara sidakep jeung lempeng, uing kungsi meunang beja tina ceramah saurang mufti urang Perlis. Ceuk manehna nu wajibna mah takbirna, ari ngangkat leungeuna mah cenah sunah. Aya rekamanana. Inyana ahli sunnah. 2011/12/16 oman abdurahman <[email protected]> >Alesan anu kungsi katarima ku si kuring dina bab "leungeun lempeng ka handap >nalika sholat kieu: Sanggeus ditalungtik hukum dimana nempatkeun leungeun >nalika ngadeg sholat nya aya dua kelompok pendapat. Pendapat anu kahiji teges2 >ngaharamkeun posisi leungeun sidakeup jeung ngudukeun (mengharuskan) leungeun >lempeng ka handap. Sedengkeun pendapat anu kadua ngahukuman sunah kana posisi >leungeun sidakep. Tah dina kaayaan dua pendapat anu pagedrug (pahareup-hareup >kalayan teu bisa diakurkeun atawa teu bisa diteangan jalan tengahna), nya >ushul fiqih mere jalan sangkan nyokot hukum atawa aturan anu kira2 baris >salamet. > >Jelasna kieu: lamun urang dina keur ngadeg sholat leungeun urang sidakep urang >baris meunang pahala sunah lamun saupama aturan anu netelakeun eta perkara >sunah teh eta hukum anu bener mungguh Alloh. Anapon lamun tetela engke anu >bener mungguh Alloh teh aturan atawa hukum anu ngaharamkeun posisi leungeun >sidakep, nya urang malah meunang hukum haram. Tapi sabalikna, lamun posisi >leungeun urang lempeng kahandap alias teu sidakep, copelna urang teu meunang >pahala sunnah nalika hukum anu bener mungguh Alloh anu netelakeun sidakep teh >sunnah; tapi urang henteu kahukuman haram lamun anu hukum bener mungguh Alloh >eta hukum haramna leungeun sidakep. > >Hampura lamun rada lieur macana :) Maksudna mah nyiar jalan anu aman tina >hukum anu pagedrug ngeunaan hiji hal. Sok sanajan kitu, si kuring sholat >kadang2 leungeun sidakep, kadang2 leungeun dilempengkeun. Tiduna mah >mraktekeun "dahulukan akhlak daripada fiqh", tapi teuing ketang upama aya anu >ngalandi lolondokan mah nyerah deh :) > >manar > > > >2011/12/16 [email protected] <[email protected]> > > > >> >>shalat nu model kitu oge dilakukeun ti mazhab maliki. lengeunna leumpeung ka >>handap. pan di urang mah sidakep. jeung sidakepna oge aya dina pas bujal, >>beuteung, gigireun cangkeng. >> >> >
