kusabab kuring disuat2 ku bah AA, nyaaa deuk disada weh saeutik wae mah, bae 
leuir deui ge nya bah? heheh..
terus terang ari urusan Tuhan/Allah mah kuring moal loba carita atawa komentar, 
da pan geus puguh dalilna ge (kateuing dina ayat naon na AQ-na mah, poho), nu 
intina: salaku manusa, urang ulah sok nananyakeun zat pencipta (Allah, red), 
ngan nu jelas, Anjeunna deukeut... => nu katangkep ku kuring, kuring kudu 
percaya kana ayana Tuhan/Allah salaku pencipta, ulah mikiran sang pencipta, 
dalah hasil ciptaan-Na oge masih loba nu can kapikiran

geus ah bah, deuk ngadepong deui ngabandungan, pan kuring mah moal loba carita 
hahah... 

--- In [email protected], Abbas Amin <abas_amin08@...> wrote:
>
> 
> 
> 
> 
> Tuhan dan
> Ilmu Pengetahuan (Sakadar Brain Storming)
> 
>  
> 
> Ayeuna Elmu
> Pengetahuan/Ilmiah geus loba mukakeun sagala rupa hal, nu tadina can kanyahoan
> rusiahna. Samodel ayana Gravitasi; kunaon bisa kajadian guludug, kilat, hujan
> jsjb
> 
> Jelema2
> palinter atawa genius, nya nu geus diaku Ilmuwan, geus manggihan rupa2 
> deskripsi
> ngeunaan Alam, terus nyieun teori2 jeung hukum2 sarta dalil2; nu ahirna
> dijadikeun cecekelan ku sakabeh nu keur diajar jeung hayang jadi pinter.
> 
> Para Ilmuwan
> oge, diantara manusa nu geus nimu enersi nu bisa digunakeun keur kapentingaan
> manusa; saperti enersi cai, enersi solar/panonpoe, enersi gas jstee. Nepi ka
> manggihan listrik. Terus nyieun rupa2 alat pikeun ngagampangkeeun nampung eta
> enersi pikeun manusa.
> 
> Jadi
> diantara manusa Ilmuwan teh, aya nu nimu enersi; aya oge nu nimu atawa
> nyiptakeun alat2; ieu kabeh ku sabab motekar2na manusa di na neangan rusiah2 
> nu
> aya di alam semesta ieu.
> 
>  
> 
> Leuwih jauh
> deui, maranehna beuki canggih wae, malah akhirna aya jelema2 nu ngaku2 Ilmuwan
> ngahususkeun yen Tuhan teh euweuh; ku sabab cenah loba bukti, yen Tuhan teh
> euweuh. Atawa Tuhan teu bisa dibuktikeun ayana.
> 
> Saenyana mah
> , teu kapanggih lain ngabuktikeun euweuh, tapi di na ayana ge elmuna can nepi
> wae ka dinya mah; lantaran nu disebut Tuhan teh Pemilik sagala jeung sadayana
> tea. Nu geus kapanggih nyeta Ciptanana; ari Dirina mah tetep we loba nu teu
> wanoh.
> 
> Teu kudu
> make analisa panjang2 , ayeuna urang nanya kieu :
> 
> Naha nu
> dibuktikeun ku para Ilmuwan teh baheulana euweuh ? Kapan ti baheula ge memang 
> geus
> aya . Hartina memang geus disadiakeun; jadi Ilmuwan teh ngan ngabukakeun
> rusiahna, tapi lain Nyiptakeun !
> 
> Jadi hartina
> memang ti baheula ge kitu; jeung geus aya; ngan jelemana masih barodo keneh ?
> Nya Ilmuwan teh muka rasiahna jeung mere ngaran nu aya dadasarna.
> 
> Naha cukup, ku
> ngabuktikeun loba hal, nyieun kasimpulan Tuhan Euweuh ?
> 
> Pasti tacan
> !
> 
> Naon sababna
> ?
> 
> Pertanyaan
> model ti mana asalna urang ? Alam semesta ? Naha geuning ti baheula geus aya
> samemeh urang aya ? Pertanyaan ieu nepi ka ayeuna can aya nu bisa ngajawab.
> 
> Can aya nu
> bener2 mere penjelasan komprehensif.
> 
> Nu matak
> ilmu teh nu ayeuna can bisa ngabuktikeun teu ayana Tuhan.
> 
> Kumaha sikep
> manusia beriman, nu disebut masih barodo ?
> 
> Kieu
> argumenna :
> 
> Tuhan tos
> Nyiptakeun sagalana. Kaasup Gravitasi.
> 
> Cenah alam
> semesta asalna ti na kabut berpilin tea; atuh tinggal ngagilekkeun saeutik,
> Tuhan Nyiptaakeun kabut berpilin nu engkena bakal jadi alam semesta.
> 
> Jadi keukeuh
> we Tuhan Nu Nyiptakan sadayana.
> 
> Soal ilmu,
> saeutik saeutik, step by step, dibikeun ka manusa.
> 
> Naha eta
> para Ilmuwan Atheis ?
> 
> Ah henteu,
> ngan maranehna teu ngumumkeun; da agama mah keur pribadi cenah. Tuhan bakal
> mere ka saha wae moal aya nu ngahalangan Tuhan; ngan wae jelas Tuhan leuwih
> resep ka nu usahana bener2; tah nu matak HUDA diberena ka nu ngotektak Elmu;
> nepi ka papanggihan loba pisan.
> 
>  
> 
> Eta kitu
> pandangan jelema beriman.
> 
> Nu kumaha
> atuh Tuhan teh ?
> 
> Tuhan teh
> geus disebut ku loba ngaran; tapi jelas deskripsina teh nya eta nu disebut
> Tuhan teh nyaeta nu Nyiptakeun sakabeh alam; terus nu nyepeng kakawasan ti
> dunya dugi ka akhirat. Nu Ngawasa sakabeh Makhluq nu kumelip.
> 
> Rupa2 pisan
> nu ngagambarkeun Tuhan teh, gumantung ka na logikana masing2 jelema; tapi ari
> cek anu beriman mah, kasadaran manusa ka Tuhan teh gumantung ka na HUDA ti
> Tuhan oge; jadi kumaha Tuhan mere Hudana ka jelema; nya kitu pandangan manusa
> ka Tuhan oge. Jadi moal aya kaseragaman di na ngagambarkeun nu disebut Tuhan
> teh. Nu matak agama2 ge bareda.
> 
> Keun we ari
> diskusi mah meunang, jeung kaci; nu ulah teh laklak dasar padahal diskusi can
> tuntas; atawa geus vonis satacanna tuntas; model si Jusfiq, item abu jssd
> 
> Di Milis Ki
> sunda, meureun moal aya nu meleg2 ngaku atheis mah; paling2 agnostik; atawa
> skeptic; aya oge nu netral agama saperti Bah Willy; sok mangga bade tumaros 
> mah
> teu naon2; atawa kang Ilen Kardani; atawa Gus maman, atawa bisa jadi Tubagus
> Rifki. Atanapi oge  Kang Oca kang Engkus.
> Mangga.
> 
> Anu
> nanggapanana, salian ti sim kuring; oge ngahaturanan ka Kang Ahsa; Al Banduni.
> Kang Ziaulhaq; atanapi Bang Kimun . Kang Oman, Kang Hasan oge mangga. Kang
> dobel Dik oge mangga. Kantenan atuh kang SP nu seueur luangna mah. Mangga 
> tiasa
> bebas ngawaler ka na satiap patarosan ti pihak nu ragu ka na ayana Tuhan.
> 
> Ieu diskusi
> teh sanes nanaon, tapi kanggo nambih pengetahuan ka urang sarerea; ulah nepi 
> ka
> boga pandangan yen Islam teh barodo kabeh ! 
> 
> Moal bisa
> ngajawab ka na pertanyaan nu pelik2.
> 
> Sugan jeung
> sugan manggih pencerahan nu leuwih maju deui.
> 
> Sok mangga
> nyanggakeun.
> 
> EOR 27
> Januari 2012
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke