> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf
Of Abbas Amin
> Di Milis Ki sunda, meureun moal aya nu meleg2 ngaku atheis mah; paling2
agnostik; atawa skeptic; aya oge nu netral agama saperti Bah Willy;
Euleuh uing kasebut-sebut? Hampura kakara maca, leuir teuing. Rada bingung
oge uing disebut netral agama ku Bah AA, maksadna kumaha Bah? Lamun kuring
tara mihak kaditu-kadieu dina padungdengan, atuda bingung da geuning kabeh
oge balalener ...hehehe, euweuh nu salah. Sabenerna mah moal aya jalma
netral dina kayakinan, pasti sarerea oge condong kana ngabelaan kana
kayakinanana. Kuring oge sabenerna mah sarua, moal netral. Ngan dina
padungdengan kuring sabisa-bisa teu nyalahkeun komo mere label sesat mah
kanu "beda" jeung kuring.
Tah umpama perkara elmu pangaweruh jeung agama / Kayakinan mah, kuring mah
ti baheula oge boga pamandegan pisahkeun elmu pangaweruh (sains) jeung
agama, sabab moal nyambung. Cara ngadeukeutanana beda, mangga we tingali
kumaha agama jeung sains diajarkeun di sakola. Dina pelajaran agama mah,
ti taman kanak-kanak keneh budak teh geus diajarkeun/ didogma kudu yakin
kanu gaib-gaib. Sedengkeun dina pelajaran sains, sabalikna TEU MEUNANG
YAKIN, kudu dibuktikeun heula. Contona di alam ieu aya SORA NU TEU KAREUNGEU
jeung aya SINAR NU TEU KATEMPO. Soal ieu teu diajarkeun ka barudak tingkat
TK, kakara ka barudak SD/SMP, kitu oge sakadar kulitna, padahal barudak geus
biasa nyonyoo remote control. Di SMA atawa di Perguruan Tinggi malah kudu
pratikum, ngabuktikeun yen memang bener aya sora teu kadenge jeung aya sinar
nu teu katempo.
Tah bade kumaha nyambungkeunana, lamun jalan mikirna beda kieu. Lamun tetep
dipaksakeun disambung-sambung, gede bahayana, jelema nu neuleuman sains bisa
jadi atheis, atuh nu neuleuman agama malah lumpat kana pseudoscience (Sains
semu/ sains pura-pura). Panginten Bah AA apal,da anggota di millis
Wanita_Muslimah, ka tokoh Ustadz nu kolumnis di Koran lokal di Makasar, nu
ceuk kuring mah manehna geus kajebak ku "pseudoscience" (salah sahijina
kungsi diposting ku kuring di kisunda perkara Al Quran jeung kecepatan
Cahaya).
Jadi perkara agama mah tong dilumpatkeun kana sains, keun we masing-masing
.....
Baktosna
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/