Saenyana mah pandangan Bah Willy jung uing rada2 memper; ngan wae sim kuring pinuh ku kaykinan yen sadaya Elmu ge ti Anjeunna. Ku margi sakitu, Al Qur_an , sanes agamana tapi Al Qur_an n mungkin oge sapogodos jeung Elmu pengetahuan kiwari; ngan can kateuleuman ku Umat Islam. Tah di na rarag ieu kuring nulis eta judul.
--- In [email protected], "Waluya" <waluya2006@...> wrote: > > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf > Of Abbas Amin > > Di Milis Ki sunda, meureun moal aya nu meleg2 ngaku atheis mah; paling2 > agnostik; atawa skeptic; aya oge nu netral agama saperti Bah Willy; > > Euleuh uing kasebut-sebut? Hampura kakara maca, leuir teuing. Rada bingung > oge uing disebut netral agama ku Bah AA, maksadna kumaha Bah? Lamun kuring > tara mihak kaditu-kadieu dina padungdengan, atuda bingung da geuning kabeh > oge balalener ...hehehe, euweuh nu salah. Sabenerna mah moal aya jalma > netral dina kayakinan, pasti sarerea oge condong kana ngabelaan kana > kayakinanana. Kuring oge sabenerna mah sarua, moal netral. Ngan dina > padungdengan kuring sabisa-bisa teu nyalahkeun komo mere label sesat mah > kanu "beda" jeung kuring. > > Tah umpama perkara elmu pangaweruh jeung agama / Kayakinan mah, kuring mah > ti baheula oge boga pamandegan pisahkeun elmu pangaweruh (sains) jeung > agama, sabab moal nyambung. Cara ngadeukeutanana beda, mangga we tingali > kumaha agama jeung sains diajarkeun di sakola. Dina pelajaran agama mah, > ti taman kanak-kanak keneh budak teh geus diajarkeun/ didogma kudu yakin > kanu gaib-gaib. Sedengkeun dina pelajaran sains, sabalikna TEU MEUNANG > YAKIN, kudu dibuktikeun heula. Contona di alam ieu aya SORA NU TEU KAREUNGEU > jeung aya SINAR NU TEU KATEMPO. Soal ieu teu diajarkeun ka barudak tingkat > TK, kakara ka barudak SD/SMP, kitu oge sakadar kulitna, padahal barudak geus > biasa nyonyoo remote control. Di SMA atawa di Perguruan Tinggi malah kudu > pratikum, ngabuktikeun yen memang bener aya sora teu kadenge jeung aya sinar > nu teu katempo. > > Tah bade kumaha nyambungkeunana, lamun jalan mikirna beda kieu. Lamun tetep > dipaksakeun disambung-sambung, gede bahayana, jelema nu neuleuman sains bisa > jadi atheis, atuh nu neuleuman agama malah lumpat kana pseudoscience (Sains > semu/ sains pura-pura). Panginten Bah AA apal,da anggota di millis > Wanita_Muslimah, ka tokoh Ustadz nu kolumnis di Koran lokal di Makasar, nu > ceuk kuring mah manehna geus kajebak ku "pseudoscience" (salah sahijina > kungsi diposting ku kuring di kisunda perkara Al Quran jeung kecepatan > Cahaya). > > Jadi perkara agama mah tong dilumpatkeun kana sains, keun we masing-masing > ..... > > Baktosna > WALUYA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
