Dunungan,

Lamun agama jeung sains duanana bener tinangtu moal papalimpang, ngan geningan 
numutkeun sejarah agama teh loba kapentogna ku sains matak loba saintis nu 
diparaehan ku agamawan da teu luyu jeung ajaran agama. Biasana, dina salahna 
kaum saintis mah daek narima salah terus diganti ku nu anyar tapi agamawan mah 
moal daek incah tina kayakinanana.

Ceuk kuring sebagai customer, sok padukeun duanana (agama jeung sains) sing 
nepi ka panggih mana nu bener jeung nyata jadi milihna gampang mana nu kudu 
dipiceun jeung mana nu bisa dipake. Sakitu pangemut sim kuring.

Wilujeng dinten Salasa.



________________________________
 From: Gus Maman <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Tuesday, February 7, 2012 12:10 AM
Subject: Bls: RE: RE: [kisunda] Tuhan dan Ilmu Pengetahuan (Sakadar Brain 
Storming)
 

  

Pada Min, 5 Feb 2012 21:10 ICT Waluya menulis:
............
Lamun nempo kitu, rarasaan mah mending pisahkeun we sains jeung agama teh,  da 
geuning "dhijikeun" mah malah jadi kacau. Agamawan teu perlu pipilueun 
ngajustifikasi kana teori-teori dina sains, atuh kaum saintist teu kudu 
ngadu-nagdu  teori sains jeung  doktrin agama. Keun we masing-masing ........
=========

Dina katerangan hadits pami teu lepat aya katerangan kieu: "serahkan sesuatu 
pada ahlinya(masing-masing?)..dst".

Anu matak pabaliut, seperti kasauran Bah Willy, aya ahli agama ngilu ngacapruk 
soal ilmu alam, kitu oge lamun ahli ilmu alam (saintist) ngacapruk soal ilmu 
agama. 

Kumaha atuh nasibna anu lain ahli ilmu agama.oge lain ahli ilmu alam (saintis) 
bade manut ka saha? Ah Mangga wa da tos darewasa, kedah tiasa milih sareng 
milah.

Awal-awal atanapi Dadasar agama mah ceuk kuring nu odob nyaeta soal/perkara 
ayana ghoib jeung kaghoiban. Sedengkeun saintis mah ngaderes soal 
kanyataan/realitas.

Saintis hayang muka jeung ngarti, naon sih sabenerna realita/kanyatan teh, nu 
hasilna disebut "realistis' atanapi asup akal, kaharti nepi ka 5 W 1 H. (what 
when why where who jeung how). Ngudak jeung nyuksruk elmu ti nu perkara/hal 
pangleutik-leutikna benda (atom, inti atom, elektron, meson, muon, boson jste) 
nepi ka pangbadag-badagna nyaeta alam semesta. Alam badag atanapi leutik, kabeh 
keuna ku hukum-hukum anu parantos kapanggih ku jelema. Kapanggih, ngandung 
hartos da parantos aya saeuncana hukum-hukum
ditimukeun(invention/discovery)/geus aya timemehna. 

Aya teu tungtungna ?

[quotes ti bah Willy]
Ceuk Stephen Hawking dina buku pangakhirna "The Grand Design", malah nyebutkeun 
Tuhan "teu pipilueun" dina ngabentuk(nyiptakeun?) alam semesta.

Tah geuningan, lamun nganalisis kutipan di luhur, geuningan Stephen Hawking 
masih nyebut "Tuhan" (ceuk versi manehna teu pipilueun). Harti nu sejen, eta 
Stephen Hawking masih percaya ka Tuhan versi manehna, nu mana Tuhanna ngajentul 
euweuh guam jeung euweuh gawe, persis siga manehna anu ngajentuuuuul we dina 
korsi bari teu bisa gerak-gerak acan.

CKNO, angger manusa mah katetepan bodo nu langgeng sakumaha hebatna penemuan nu 
geus  kapanggih. 

beu... jadi ngacapruk kieu. Punten dikantun heula. Nundutan.

Baktos
mz

>> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
>> Gus Maman
>> Tah...tah.. lamun kuring meunang meunteun, Bah Willy kaasup sekuler. 
>> he.he.he..
>> Jadi batal predikat "Netral" na. 
>
>Kang Man, aya dongeng yeuh, cenah baheula sakapanggihna bentang jeung galaksi 
>di alam semesta geuning  gerak saling ngajarauhan, kaluar dua teori keur 
>nerangkeun ieu. Nu Kahiji Teori Bigbang alisan teori "beledug gede" jeung 
>Teori Kaayaan tetep (Steady State Theory). Dina teori Bigbang alam semesta teh 
>aya awalna jeung aya akhirna, sedengkeun dina Teori Kaayaan Tetep (Steady 
>State Theory), alam semesta teh euweuh awal jeung euweuh akhirna. Di Tahun 
>1950'an dua teori ieu sarua kuatna, malah Teori Steady State leuwih kuat. Jadi 
>debat dimana-mana, malah debatna asup kana ranah relijius jeung politik. Teori 
>Bigbang dipikaresep ku kaum agamawan, tinimbang teori Steady State, sabab dina 
>teori ieu aya awal jeung akhir, kaum agamawan bisa ngasupkeun faktor "Sang 
>Pencipta". Di tahun 1952 Paus Pious XII ngumumkeun Teori Bigbang saluyu jeung 
>doktrin-doktrin Kristen. Ari dina  teori Steady State, euweuh awal jeung 
>akhir, kaum agamawan teu bisa ngasupkeun faktor
"pencipta" , kulantaran kitu teori ieu sok dihubung-hubungkeun jeung atheisme 
atawa jeung komunisme.  Debat ieu akhirna lekasan di tahun 1965, nu 
dimeunangkeun ku Teori Bigbang nu meunang dukungan ti hasil-hasil panalungtikan 
astronomi radio jeung ku saurang fisikawan teoritis nu jadi kasohor Stephen 
Hawking.
>
>Kaum agamawan surak, doktrin agama aya kacocogan jeung Sains. Tapi teu lila 
>surakna,  Stephen Hawking ahli fisika nu "ngaruntagkeun" Teori Steady State, 
>ngameunangkeun Teori Bigbang, nu bukuna "The Brief History of Time"  loba 
>dicutat ku kaum agamawan, dina buku pangakhirna "The Grand Design", malah 
>nyebutkeun Tuhan "teu pipilueun" dina ngabentuk alam semesta.  Tanggtu we 
>tulisan Hawking ieu, matak ngahuleng kaum agamawan jeung  jalma awam. 
>

>
>Baktosna,
>WALUYA
>


 

Kirim email ke