Kang Illen, mudah-mudahan ALlah Swt. masihan kasalametan sareng kaberkahan 
hirup ka anjen.
Ari hasil pependakan kuring teh, Al-Qur'an geus mere informasi ka manusa pikeun 
mikir. Mikir ieu tangtuna mangrupakeun parentah Allah Swt. sakumaha wahyu anu 
awal turun ka Nabi Muhammad Saw. nyaeta parentah "baca". Loba mufasir anu 
ngungkapkeun yen maca didieu sabenerna lain sakadar maca buku. Tapi maknana 
jauh leuwih luas nyata "maca alam". Pikeun maca ieu tangtu merlukeun alat bantu 
nyaeta "ILMU PENGETAHUAN".
Ngenaan pertarosan kang Illen naha leres "sagala ilmu pengetahaun aya di 
al-Qur'an". 
Kangge ngawaler hal ieu, kuring nyutatkeun hal-hal anu aya hubungan jeung Ilmu 
Pengetahuan dina al Qur'an, nyaeta :
1) Ayat ngenaan asal muasal alam semesta tina haseup/kabut (QS. 41/11.
2) Ayat ngenaai urutan ciptaan (QS. 79/28-30).
3) Ayat ngenaan bentang-bentang ngarupakeun sumber panas (QS 86/3)
4) Panon poe sabage conto tingkat panasna sampe 6000 derajat C.
5) Ayat ngenaan teori ekspansi kosmos (QS. 51/47)
6) Ayat ngenaan planet yen planet aya dina sistem tata surya (QS. 37/6).
7) Ayat nerangkeun anu ngabedakeun antara planet sebagai pemantul cahaya jeung 
panon poe sebage sumber cahaya (QS. 71/16).
8). Ayat nerangkeun gaya tarik antar planet (QS. 55/7).
9). Ayat nerangkeun ngenaai revolusi bumi muteran panon poe (QS. 27/88).
10). Ayat nerangkeun yen panon poe jeung bulan ngabogaan waktu orbit anu beda 
(QS. 55/5) jeung garis edar sewang-sewangan anu tetep (WS. 36/40).
11). Ayat nerangkeun yen bumi ieu buled jeung ngalakukeun rotasi (QS. 39/5).
12). Ayat nerangkeun ngenaan tekanan udara rendah di angkasa (QS. 6/125).
13). Ayat nerangkeun ngenaan bakal sampena manusa ka ruang angkasa ku Ilmu 
Pengetahuan (QS. 55/33).
14). Ayat nerangkeun ngenaan jenis-jenis awan, proses panciptaan hujan es jeung 
salju (QS. 24/43).
15). Ayat nerangkeun ngenaan yen awal kahirupan tina cai (QS. 21/30).
16). Ayat nerangkeun angin sabage mediasi tina proses panyerbukan (pollen) 
tumbuhan (Q.S. 15/22).
17). Ayat nerangkeun yen tina tumbuhan aya pasangan kembang jalu (etamine) 
jeung kembang bikang (ovules) anu ngahasilkeun pakawinan (QS. 13/3).
18). Ayat ngenaan proses jadina cai susu anu asalna ti kadaharan (farts) tuluy 
diserap ku getih tuluy ka kalenjar cai susu (QS. 16/66).
19). Ayat nerangkeun panciptaan manusa ti cai mani anu ngarupakeun campuran 
(QS. 76/2), mani ngarupakeun campuran ti 4 kalenjar, testicules (nyieun 
spermatozoid), vesicules seminates (nyieun cairan anu bareng mani, prostrate 
(anu mere warna jeung bau), cooper & mary (anu mere cairan anu nempel jeung 
lendir).
20). Ayat nerangkeun yen zyangote ditenden dina jero rahim (QS. 22/5), jeung 
numbuhna villis anu saperti akar anu narempel dina rahim.
21). Ayat nerangkeun ngenaan proses panciptaan manusa lewat mani (nuthfah) 
zygote anu nempel dibungkus ku tulang dina misenhyme, tulang eta dibalut ku 
otot jeung daging (QS. 23/14).
22). Ayat marentahkeun ka manusa supaya nyidikkeun ngenaan proses panciptaanna, 
boh sacara fisiologis/fisik (QS. 86/5) atawa psikologis/jiwa manusa (QS. 
91/7-10).
23). Ayat marentahkeun ka manusa sangkan nempo kabeneran wahyu-Na lewat 
lembaran sajarah (QS. 12/111). Muna manusa masih mangmang kana kabeneran 
wahyu-Na jeung bakal datangna poe pambalesan, mangka sidikkeun kaum Nuh, Hud, 
Shalih, Fir'aun jsb, anu sakabehna kaayaanana dibenerkeun dina sajarah sampe ka 
kiwari.

Tah kitu pamanggihan kuring mah kang Illen. 

Wallhu'alam. 


--- In [email protected], ilen kardani <ilen1017@...> wrote:
>
> Kang Udarider,
>  
> Kantos nu nyarios wirehna sagala elmu pengetahuan aya dina Qur'an, leres eta 
> teh kitu? Pami leres, berarti teu kedah repot-report deui ngagali elmu 
> pengetahuan ti nu sanes, eta we pesek Quran-na.
>  
>  
> 
> 
> ________________________________
> From: Isf <udarider@...>
> To: [email protected] 
> Sent: Tuesday, February 7, 2012 2:55 PM
> Subject: Re: Bls: RE: RE: [kisunda] Tuhan dan Ilmu Pengetahuan (Sakadar Brain 
> Storming)
> 
> 
>   
> Punten Akang sadayana,
> Numutkeun kuring mah Agama jeung Ilmu Pengetahuan henteu bisa lepas. Agama 
> mun diibaratkeun "controller jeung warning". Ilmu Pengetahuan anu ngarupakeun 
> hasil kreativitas manusa tina raraga ngahareupan kahirupan di alam dunya. 
> Kreativitas manusa mangrupakeun fitrah manusa, tapi fitrah ieu sangkan ulah 
> salah arah jeung salah jalan pan kudu aya anu ngabimbing tina hal ieu meureun 
> agama. Dina agama pan boga juklak anu disebut kitab suci (Al Qur'an) sabage 
> way of life manusa.
> Manusa dibere kabebasan berkreativitas halna Ilmu Pengetahuan, mangka Ilmu 
> Pengetahuan sagigireun mere manfaat ka manusa jeung alam sakurilingna 
> tangtuna henteu mustahil oge loba mudharatna. Elmu Pengetahuan eta 
> ngarupakeun hail gawe organ manusia anu pang gunana nyaeta "akal". Allah geus 
> mere pakakas anu pang canggihna ka manusa nyeta akal, mangka hal ieu kudu 
> diimbangi ku agama jeung qalbu tur nurani. Biasana akal manusa cenderung 
> ngusahakeun pikeun ningkatkeun efisiensi jeung efektivitas, mun ieu henteu 
> diimbangi jeung agama, qolbu jeung nurani, mangka kakuatan akal eta baris 
> ngancurkeun dunya.
> 
> Hiji contoh kuring nukil ayat al Qur'an surat ar-Rum ayat 41 anu hartina : 
> "Geus ngajadi karuksakan di darat jeung laut kusabab paripolah 
> leungeun-leungen manusa".
> 
> Tah ku ayana Dawuhan Allah eta, mangka Ilmu Pengetahuan ngabutuhkeun dimensi 
> etika lalampahan/laku lampah sasuai jeung Sunatullah nyaeta tuntunan Agama, 
> jeung dina agama boga buku padoman hirup nyaeta kitab suci al Qur'an.
> 
> Sakitu ceuk kuring, mun salah da kuring mah jalmi tempatna salah.
> Wallahu'alam
> 
> --- In [email protected], "Waluya" <waluya56@> wrote:
> >
> > > Gus Maman <manz2002@> wrote:
> > > Kumaha atuh nasibna anu lain ahli ilmu agama.oge lain ahli ilmu alam > 
> > > (saintis) bade manut ka saha? Ah Mangga wa da tos darewasa, kedah 
> > > tiasa milih sareng milah.
> > 
> > Kang Man, jelema boga ageman atawa kayakinan mah sanes kulantaran ngarti 
> > fisika, kimia, biologi matematik, astronomi ..jst , tapi kulantran memang 
> > fitrahna kitu jeung gumantung kana lingkungan (ageman nu diagem, umumna 
> > kulantaran turunan/ kawaris). Jadi upami bade beragama mah teu kedah 
> > nungguan saintis ngabuktikeun ieu jeung itu ...hehehe
> > 
> > Baktosna,
> > WALUYA
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke