Punten Akang sadayana,
Numutkeun kuring mah Agama jeung Ilmu Pengetahuan henteu bisa lepas. Agama mun 
diibaratkeun "controller jeung warning". Ilmu Pengetahuan anu ngarupakeun hasil 
kreativitas manusa tina raraga ngahareupan kahirupan di alam dunya. Kreativitas 
manusa mangrupakeun fitrah manusa, tapi fitrah ieu sangkan ulah salah arah 
jeung salah jalan pan kudu aya anu ngabimbing tina hal ieu meureun agama. Dina 
agama pan boga juklak anu disebut kitab suci (Al Qur'an) sabage way of life 
manusa.
Manusa dibere kabebasan berkreativitas halna Ilmu Pengetahuan, mangka Ilmu 
Pengetahuan sagigireun mere manfaat ka manusa jeung alam sakurilingna tangtuna 
henteu mustahil oge loba mudharatna. Elmu Pengetahuan eta ngarupakeun hail gawe 
organ manusia anu pang gunana nyaeta "akal". Allah geus mere pakakas anu pang 
canggihna ka manusa nyeta akal, mangka hal ieu kudu diimbangi ku agama jeung 
qalbu tur nurani. Biasana akal manusa cenderung ngusahakeun pikeun ningkatkeun 
efisiensi jeung efektivitas, mun ieu henteu diimbangi jeung agama, qolbu jeung 
nurani, mangka kakuatan akal eta baris ngancurkeun dunya.

Hiji contoh kuring nukil ayat al Qur'an surat ar-Rum ayat 41 anu hartina : 
"Geus ngajadi karuksakan di darat jeung laut kusabab paripolah leungeun-leungen 
manusa".

Tah ku ayana Dawuhan Allah eta, mangka Ilmu Pengetahuan ngabutuhkeun dimensi 
etika lalampahan/laku lampah sasuai jeung Sunatullah nyaeta tuntunan Agama, 
jeung dina agama boga buku padoman hirup nyaeta kitab suci al Qur'an.

Sakitu ceuk kuring, mun salah da kuring mah jalmi tempatna salah.
Wallahu'alam

  

--- In [email protected], "Waluya" <waluya56@...> wrote:
>
> > Gus Maman <manz2002@> wrote:
> > Kumaha atuh nasibna anu lain ahli ilmu agama.oge lain ahli ilmu alam > 
> > (saintis) bade manut ka saha? Ah Mangga wa da tos darewasa, kedah 
> > tiasa milih sareng milah.
> 
> Kang Man, jelema boga ageman atawa kayakinan mah sanes kulantaran   ngarti 
> fisika, kimia, biologi matematik, astronomi ..jst , tapi kulantran memang 
> fitrahna kitu jeung  gumantung kana lingkungan (ageman nu diagem, umumna 
> kulantaran turunan/ kawaris). Jadi upami bade beragama mah teu kedah nungguan 
> saintis ngabuktikeun ieu jeung itu ...hehehe
> 
> Baktosna,
> WALUYA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke