Ieu tah nu tiasa disebat KRITIK MEMBANGUN teh. NUHUN

--- In [email protected], ilen kardani <ilen1017@...> wrote:
>
> Dunungan,
> 
> Lamun agama jeung sains duanana bener tinangtu moal papalimpang, ngan 
> geningan numutkeun sejarah agama teh loba kapentogna ku sains matak loba 
> saintis nu diparaehan ku agamawan da teu luyu jeung ajaran agama. Biasana, 
> dina salahna kaum saintis mah daek narima salah terus diganti ku nu anyar 
> tapi agamawan mah moal daek incah tina kayakinanana.
> 
> Ceuk kuring sebagai customer, sok padukeun duanana (agama jeung sains) sing 
> nepi ka panggih mana nu bener jeung nyata jadi milihna gampang mana nu kudu 
> dipiceun jeung mana nu bisa dipake. Sakitu pangemut sim kuring.
> 
> Wilujeng dinten Salasa.
> 
> 
> 
> ________________________________
>  From: Gus Maman <manz2002@...>
> To: [email protected] 
> Sent: Tuesday, February 7, 2012 12:10 AM
> Subject: Bls: RE: RE: [kisunda] Tuhan dan Ilmu Pengetahuan (Sakadar Brain 
> Storming)
>  
> 
>   
> 
> Pada Min, 5 Feb 2012 21:10 ICT Waluya menulis:
> ............
> Lamun nempo kitu, rarasaan mah mending pisahkeun we sains jeung agama teh,  
> da geuning "dhijikeun" mah malah jadi kacau. Agamawan teu perlu pipilueun 
> ngajustifikasi kana teori-teori dina sains, atuh kaum saintist teu kudu 
> ngadu-nagdu  teori sains jeung  doktrin agama. Keun we masing-masing ........
> =========
> 
> Dina katerangan hadits pami teu lepat aya katerangan kieu: "serahkan sesuatu 
> pada ahlinya(masing-masing?)..dst".
> 
> Anu matak pabaliut, seperti kasauran Bah Willy, aya ahli agama ngilu 
> ngacapruk soal ilmu alam, kitu oge lamun ahli ilmu alam (saintist) ngacapruk 
> soal ilmu agama. 
> 
> Kumaha atuh nasibna anu lain ahli ilmu agama.oge lain ahli ilmu alam 
> (saintis) bade manut ka saha? Ah Mangga wa da tos darewasa, kedah tiasa milih 
> sareng milah.
> 
> Awal-awal atanapi Dadasar agama mah ceuk kuring nu odob nyaeta soal/perkara 
> ayana ghoib jeung kaghoiban. Sedengkeun saintis mah ngaderes soal 
> kanyataan/realitas.
> 
> Saintis hayang muka jeung ngarti, naon sih sabenerna realita/kanyatan teh, nu 
> hasilna disebut "realistis' atanapi asup akal, kaharti nepi ka 5 W 1 H. (what 
> when why where who jeung how). Ngudak jeung nyuksruk elmu ti nu perkara/hal 
> pangleutik-leutikna benda (atom, inti atom, elektron, meson, muon, boson 
> jste) nepi ka pangbadag-badagna nyaeta alam semesta. Alam badag atanapi 
> leutik, kabeh keuna ku hukum-hukum anu parantos kapanggih ku jelema. 
> Kapanggih, ngandung hartos da parantos aya saeuncana hukum-hukum
> ditimukeun(invention/discovery)/geus aya timemehna. 
> 
> Aya teu tungtungna ?
> 
> [quotes ti bah Willy]
> Ceuk Stephen Hawking dina buku pangakhirna "The Grand Design", malah 
> nyebutkeun Tuhan "teu pipilueun" dina ngabentuk(nyiptakeun?) alam semesta.
> 
> Tah geuningan, lamun nganalisis kutipan di luhur, geuningan Stephen Hawking 
> masih nyebut "Tuhan" (ceuk versi manehna teu pipilueun). Harti nu sejen, eta 
> Stephen Hawking masih percaya ka Tuhan versi manehna, nu mana Tuhanna 
> ngajentul euweuh guam jeung euweuh gawe, persis siga manehna anu 
> ngajentuuuuul we dina korsi bari teu bisa gerak-gerak acan.
> 
> CKNO, angger manusa mah katetepan bodo nu langgeng sakumaha hebatna penemuan 
> nu geus  kapanggih. 
> 
> beu... jadi ngacapruk kieu. Punten dikantun heula. Nundutan.
> 
> Baktos
> mz
> 
> >> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
> >> Of Gus Maman
> >> Tah...tah.. lamun kuring meunang meunteun, Bah Willy kaasup sekuler. 
> >> he.he.he..
> >> Jadi batal predikat "Netral" na. 
> >
> >Kang Man, aya dongeng yeuh, cenah baheula sakapanggihna bentang jeung 
> >galaksi di alam semesta geuning  gerak saling ngajarauhan, kaluar dua teori 
> >keur nerangkeun ieu. Nu Kahiji Teori Bigbang alisan teori "beledug gede" 
> >jeung Teori Kaayaan tetep (Steady State Theory). Dina teori Bigbang alam 
> >semesta teh aya awalna jeung aya akhirna, sedengkeun dina Teori Kaayaan 
> >Tetep (Steady State Theory), alam semesta teh euweuh awal jeung euweuh 
> >akhirna. Di Tahun 1950'an dua teori ieu sarua kuatna, malah Teori Steady 
> >State leuwih kuat. Jadi debat dimana-mana, malah debatna asup kana ranah 
> >relijius jeung politik. Teori Bigbang dipikaresep ku kaum agamawan, 
> >tinimbang teori Steady State, sabab dina teori ieu aya awal jeung akhir, 
> >kaum agamawan bisa ngasupkeun faktor "Sang Pencipta". Di tahun 1952 Paus 
> >Pious XII ngumumkeun Teori Bigbang saluyu jeung doktrin-doktrin Kristen. Ari 
> >dina  teori Steady State, euweuh awal jeung akhir, kaum agamawan teu bisa 
> >ngasupkeun faktor
> "pencipta" , kulantaran kitu teori ieu sok dihubung-hubungkeun jeung atheisme 
> atawa jeung komunisme.  Debat ieu akhirna lekasan di tahun 1965, nu 
> dimeunangkeun ku Teori Bigbang nu meunang dukungan ti hasil-hasil 
> panalungtikan astronomi radio jeung ku saurang fisikawan teoritis nu jadi 
> kasohor Stephen Hawking.
> >
> >Kaum agamawan surak, doktrin agama aya kacocogan jeung Sains. Tapi teu lila 
> >surakna,  Stephen Hawking ahli fisika nu "ngaruntagkeun" Teori Steady State, 
> >ngameunangkeun Teori Bigbang, nu bukuna "The Brief History of Time"  loba 
> >dicutat ku kaum agamawan, dina buku pangakhirna "The Grand Design", malah 
> >nyebutkeun Tuhan "teu pipilueun" dina ngabentuk alam semesta.  Tanggtu we 
> >tulisan Hawking ieu, matak ngahuleng kaum agamawan jeung  jalma awam. 
> >
> 
> >
> >Baktosna,
> >WALUYA
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke