punten ngiring mairan ( hehehe nganggo basa Priangan ). Nu disebatkeun ku Ilen aya leresna. Tapi Di Qur_an ari detail mah moal kapendak. Mung kapan aya ayat Ulil Albab sareng Ulil Abshar. Tah eta nu kudu dijeroan teh, Tapi Urang Islam tos kapalang salah kaprah, hayoh we mesek Al Qur_an pikeun akheratl akhirna cul dunya. Da nganggapna sampurna teh kitu.
Padahal Tuhan mikapalay umatna motekar/MIKIR ! Tah ti nuaya pek kali sing jero ! Tapi teu aya nu motekar; umat Islam motekarna ka na masalah Fiqh wungkul. Teu aya nu mikir kumaha lamun A ditambah B jadi naon ? Nu matak katinggaleun pisan. Tapi sanes teu aya parentahna, mung Muslimna teu malotekar ka dinya ! Parentah atawa anjuran aya; tapi Muslim teu ngalarti. Disebut we ku Atheis mah cenah, euweuh Coklat di na Qur_an; Qur_n teu sampurna, boro2 sampurna teu lengkep2 acan ! Tah Kng Ilen kumaha Kang Ilen ngawalerna lamun aya caritaan anti Islam model kitu ? Tuhan teh cenah bodo teu nyaho Elmu Bumi. --- In [email protected], ilen kardani <ilen1017@...> wrote: > > Kang Udarider, > Â > Kantos nu nyarios wirehna sagala elmu pengetahuan aya dina Qur'an, leres eta > teh kitu? Pami leres, berarti teu kedah repot-report deui ngagali elmu > pengetahuan ti nu sanes, eta we pesek Quran-na. > Â > Â > > > ________________________________ > From: Isf <udarider@...> > To: [email protected] > Sent: Tuesday, February 7, 2012 2:55 PM > Subject: Re: Bls: RE: RE: [kisunda] Tuhan dan Ilmu Pengetahuan (Sakadar Brain > Storming) > > > Â > Punten Akang sadayana, > Numutkeun kuring mah Agama jeung Ilmu Pengetahuan henteu bisa lepas. Agama > mun diibaratkeun "controller jeung warning". Ilmu Pengetahuan anu ngarupakeun > hasil kreativitas manusa tina raraga ngahareupan kahirupan di alam dunya. > Kreativitas manusa mangrupakeun fitrah manusa, tapi fitrah ieu sangkan ulah > salah arah jeung salah jalan pan kudu aya anu ngabimbing tina hal ieu meureun > agama. Dina agama pan boga juklak anu disebut kitab suci (Al Qur'an) sabage > way of life manusa. > Manusa dibere kabebasan berkreativitas halna Ilmu Pengetahuan, mangka Ilmu > Pengetahuan sagigireun mere manfaat ka manusa jeung alam sakurilingna > tangtuna henteu mustahil oge loba mudharatna. Elmu Pengetahuan eta > ngarupakeun hail gawe organ manusia anu pang gunana nyaeta "akal". Allah geus > mere pakakas anu pang canggihna ka manusa nyeta akal, mangka hal ieu kudu > diimbangi ku agama jeung qalbu tur nurani. Biasana akal manusa cenderung > ngusahakeun pikeun ningkatkeun efisiensi jeung efektivitas, mun ieu henteu > diimbangi jeung agama, qolbu jeung nurani, mangka kakuatan akal eta baris > ngancurkeun dunya. > > Hiji contoh kuring nukil ayat al Qur'an surat ar-Rum ayat 41 anu hartina : > "Geus ngajadi karuksakan di darat jeung laut kusabab paripolah > leungeun-leungen manusa". > > Tah ku ayana Dawuhan Allah eta, mangka Ilmu Pengetahuan ngabutuhkeun dimensi > etika lalampahan/laku lampah sasuai jeung Sunatullah nyaeta tuntunan Agama, > jeung dina agama boga buku padoman hirup nyaeta kitab suci al Qur'an. > > Sakitu ceuk kuring, mun salah da kuring mah jalmi tempatna salah. > Wallahu'alam > > --- In [email protected], "Waluya" <waluya56@> wrote: > > > > > Gus Maman <manz2002@> wrote: > > > Kumaha atuh nasibna anu lain ahli ilmu agama.oge lain ahli ilmu alam > > > > (saintis) bade manut ka saha? Ah Mangga wa da tos darewasa, kedah > > > tiasa milih sareng milah. > > > > Kang Man, jelema boga ageman atawa kayakinan mah sanes kulantaran ngarti > > fisika, kimia, biologi matematik, astronomi ..jst , tapi kulantran memang > > fitrahna kitu jeung gumantung kana lingkungan (ageman nu diagem, umumna > > kulantaran turunan/ kawaris). Jadi upami bade beragama mah teu kedah > > nungguan saintis ngabuktikeun ieu jeung itu ...hehehe > > > > Baktosna, > > WALUYA > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
