Nyi Oom teu
tahan, deui terus ngomong bari tipopolotot:”Aeh siah kunyuk, ku aing dipodaran,
siah !” Jalma bari ngadegdeg,  ampun2an
teu sirikna nyembah. 

Barang Oom
rek nakol ku gagang bedog, nu dua ngahalangan:”Ke lanan, Tanya heula naon
tujuanana laha loho ka ieu tempat ! Rek modaran mah can telat engke ge.” 

Nyi Romlah
nyentak deui:”Kadenge teu ku sia omongan dulur2 aing !? Pok nyarita ku naon
maneh laha loho kadieu !?” 

Jalma :”Nu
mawi abdi teh kasasar nun, ku sabab lapar jeung hanaang, nempo aya imah nya
datang ka dieu !” 

Nu tiluan
ngaromong meh bareng :”Euh maneh ka dieu teh rek musapir !? Halik ka ditu sing
jauh, lamun hayang barang dahar kudu usaha, lain musafir. Aing ge tadi bisa
dahar teh hese cape moro Cangehgar.” 

Wah enyaan
ieu awewe2 teh salian ti garalak, euweuh pisan nurani nulungan batur, ah
diwarah siah ku aing. Cek Jalma na hatena. Ku sabab Jalma ngahunted deui, Nyi
Esih nyentak :”Eh tukang musapir ! Tara aya nu wani lunta lanto ka dieu, da
sieuneun ! Tah maneh mun teu gancang indit, bahaya bisa cilaka ! Jung geura
indit ti dieu !” 

Jalma bari
leledaa pok ngomong :”Kapan tadi kuring teh ampir2an cilaka, mani leuleus
pisan, jadi ayeuna rek nangtung ge hese !” 

Oom nyentak
deui :”Esih ! Mimi ! kalah diajak ngobrol, hayu urang usir ieu mangkeluk teh !” 

Keur kitu
kaluar si kurudung koneng, pok nyarita rada tarik :”Eh aya naon ieu teh ribut
pisan ? Cing mundur heula Esih, Mimi, Oom !” Sorana halimpu pisan, tapi eta nu
tiluan narurut terus mundur satukangeun eta si kurudung koneng. 

Jalma
ngarasa asa geus ngadenge sora saperti kitu, tapi dimana nya ? Jalma mikir,
tapi weleh teu kapikir. 

Terus eta Si
Kurudung koneng nanyaa deui ka Oom:”Rek naon ieu si akang teh kadieuna ?”
kadenge halimpu jeung sorana rada ngageter, duka ku naon. Jalma leng deui
mikir, dimana aing ngadenge sora saperti kitu ? Asa2, tapi meureun loba we
jelema nu sorana sarua; ngan nu ieu iraha nya ? Jeung dimana ? 

“Ah eta
jelema teh nu masapir, kalaparan cenah………….” Kakara ge sakitu eta si kurudung
koneng rada nyentak:”Sok atuh bere da pan masih aya sesana, ti batan di bikeun
ka ucing mah.” 

Nu tiluan
nyentak ka Jalma:”Heh nu musapir siah ! ngeunah we, teu gawe teu naon hayang
gagares wungkul. Ah cek kuring mah tong dibikeun ka jelema pangedulan model
kieu !” 

Si kurudung
koneng nyarita deui:”Yeuh Oom, Mimi, Esih, ieu si akang teh can puguh
pangedulan, boa nu elmuna luhung rek nguji ka urang, ulah gagabah.” 

Nu tiluan
saleuseurian terus ngomong:”Ieu jelema teh, si ngedul teu kudu di akang2! Malah
kudu diusir sing jauh !” 

Ari Jalma
teu merhatikeun omongan nu tiluan, ngan ngadengekeun sora si kurudung koneng,
beuki lila beuki asa asa; ku sabab kacirina olohok wae nu tiluan teu bisa nahan
deui, ngan sakilat tiluanana maraju nyuntrungkeun, ninggang jeung nalipak
Jalma. Jalma ayeuna keur konsentrasi ka si kurudung koneng teu sadar aya
serangan, atuh barang nu tiluan ngurubut, otomatis pisan Jalma ngabales, bari
nyingcet jeung nakis; atuh ayeuna mah nu tiluan teh maludur, bari Esih ka
tonjok leungunna mani nyer2an; ari Oom da nalipak ampir we tijungkel, lantaran
sukuna katewak ku Jalma; ari Mimi direngkas lantaran rek nyuntrungkeun Jalma;
atuh mani titotolonjong, ampir we rubuh. Tina kaget jeung heran terus amarah ,
teu ngadenge deui omongan si kurudung koneng terus we tiluanana ngaheumbatkeun
bedogna. 

Ayeuna mah
Jalma serius ngalawanana, lantaran kaciri eta nu tiluan salian ti arahli
ngamaenkeun bedogna, oge kesit jeung tanagaan, jadi teu bisa uulinan saperti
tadi deui . Gancang wae Jalma ngahampangkeun raga, terus ngepung eta nu tiluan
! Jadi lain Jalma nu dikepung, tapi siga nu tiluan dikepung ku loba bayangan
Jalma.NB :  Saha cing si kurudung koneng ?
HANCA
 

Kirim email ke