Nu tepat ngabadena mah muang saurang nya eta Kang Dedi_Ibak ti Urangsunda. 
Hehehehe

--- In [email protected], d_gout@... wrote:
>
> Nyi epon hehehe...
> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung 
> Teruuusss...!
> 
> -----Original Message-----
> From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Mon, 26 Mar 2012 23:40:47 
> To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Subject: [kisunda] Cersil Sunda 140
> 
> 
> 
> 
> 
> Nyi Oom teu
> tahan, deui terus ngomong bari tipopolotot:”Aeh siah kunyuk, ku aing 
> dipodaran,
> siah !” Jalma bari ngadegdeg,  ampun2an
> teu sirikna nyembah. 
> 
> Barang Oom
> rek nakol ku gagang bedog, nu dua ngahalangan:”Ke lanan, Tanya heula naon
> tujuanana laha loho ka ieu tempat ! Rek modaran mah can telat engke ge.” 
> 
> Nyi Romlah
> nyentak deui:”Kadenge teu ku sia omongan dulur2 aing !? Pok nyarita ku naon
> maneh laha loho kadieu !?” 
> 
> Jalma :”Nu
> mawi abdi teh kasasar nun, ku sabab lapar jeung hanaang, nempo aya imah nya
> datang ka dieu !” 
> 
> Nu tiluan
> ngaromong meh bareng :”Euh maneh ka dieu teh rek musapir !? Halik ka ditu 
> sing
> jauh, lamun hayang barang dahar kudu usaha, lain musafir. Aing ge tadi bisa
> dahar teh hese cape moro Cangehgar.” 
> 
> Wah enyaan
> ieu awewe2 teh salian ti garalak, euweuh pisan nurani nulungan batur, ah
> diwarah siah ku aing. Cek Jalma na hatena. Ku sabab Jalma ngahunted deui, Nyi
> Esih nyentak :”Eh tukang musapir ! Tara aya nu wani lunta lanto ka dieu, da
> sieuneun ! Tah maneh mun teu gancang indit, bahaya bisa cilaka ! Jung geura
> indit ti dieu !” 
> 
> Jalma bari
> leledaa pok ngomong :”Kapan tadi kuring teh ampir2an cilaka, mani leuleus
> pisan, jadi ayeuna rek nangtung ge hese !” 
> 
> Oom nyentak
> deui :”Esih ! Mimi ! kalah diajak ngobrol, hayu urang usir ieu mangkeluk 
> teh !” 
> 
> Keur kitu
> kaluar si kurudung koneng, pok nyarita rada tarik :”Eh aya naon ieu teh 
> ribut
> pisan ? Cing mundur heula Esih, Mimi, Oom !” Sorana halimpu pisan, tapi eta 
> nu
> tiluan narurut terus mundur satukangeun eta si kurudung koneng. 
> 
> Jalma
> ngarasa asa geus ngadenge sora saperti kitu, tapi dimana nya ? Jalma mikir,
> tapi weleh teu kapikir. 
> 
> Terus eta Si
> Kurudung koneng nanyaa deui ka Oom:”Rek naon ieu si akang teh kadieuna ?”
> kadenge halimpu jeung sorana rada ngageter, duka ku naon. Jalma leng deui
> mikir, dimana aing ngadenge sora saperti kitu ? Asa2, tapi meureun loba we
> jelema nu sorana sarua; ngan nu ieu iraha nya ? Jeung dimana ? 
> 
> “Ah eta
> jelema teh nu masapir, kalaparan cenah………….” Kakara ge sakitu eta 
> si kurudung
> koneng rada nyentak:”Sok atuh bere da pan masih aya sesana, ti batan di 
> bikeun
> ka ucing mah.” 
> 
> Nu tiluan
> nyentak ka Jalma:”Heh nu musapir siah ! ngeunah we, teu gawe teu naon hayang
> gagares wungkul. Ah cek kuring mah tong dibikeun ka jelema pangedulan model
> kieu !” 
> 
> Si kurudung
> koneng nyarita deui:”Yeuh Oom, Mimi, Esih, ieu si akang teh can puguh
> pangedulan, boa nu elmuna luhung rek nguji ka urang, ulah gagabah.” 
> 
> Nu tiluan
> saleuseurian terus ngomong:”Ieu jelema teh, si ngedul teu kudu di akang2! 
> Malah
> kudu diusir sing jauh !” 
> 
> Ari Jalma
> teu merhatikeun omongan nu tiluan, ngan ngadengekeun sora si kurudung koneng,
> beuki lila beuki asa asa; ku sabab kacirina olohok wae nu tiluan teu bisa 
> nahan
> deui, ngan sakilat tiluanana maraju nyuntrungkeun, ninggang jeung nalipak
> Jalma. Jalma ayeuna keur konsentrasi ka si kurudung koneng teu sadar aya
> serangan, atuh barang nu tiluan ngurubut, otomatis pisan Jalma ngabales, bari
> nyingcet jeung nakis; atuh ayeuna mah nu tiluan teh maludur, bari Esih ka
> tonjok leungunna mani nyer2an; ari Oom da nalipak ampir we tijungkel, lantaran
> sukuna katewak ku Jalma; ari Mimi direngkas lantaran rek nyuntrungkeun Jalma;
> atuh mani titotolonjong, ampir we rubuh. Tina kaget jeung heran terus amarah ,
> teu ngadenge deui omongan si kurudung koneng terus we tiluanana ngaheumbatkeun
> bedogna. 
> 
> Ayeuna mah
> Jalma serius ngalawanana, lantaran kaciri eta nu tiluan salian ti arahli
> ngamaenkeun bedogna, oge kesit jeung tanagaan, jadi teu bisa uulinan saperti
> tadi deui . Gancang wae Jalma ngahampangkeun raga, terus ngepung eta nu tiluan
> ! Jadi lain Jalma nu dikepung, tapi siga nu tiluan dikepung ku loba bayangan
> Jalma.NB :  Saha cing si kurudung koneng ?
> HANCA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke