Punten ngiring di dieu ah nyeratna.
Bade tumaros kaa sadayana ari kecap bantosan teh, tos resmi jadi Basa Sunda ? 
Ti iraha ? Da kuring mah nepi ka taun 1990an teu apa aya kecap eta.

Meureun maksudna mah ti na "BANNYONYA" asalna teh; padahal eta mah asa ti basa 
Malayu tah. Da pan US mah CING TULUNGAN tea.
Bantuan nu geus dicokot ka na Basa Sunda der dilemeskeun di basa Priangankeun; 
kitu eta teh ? bantuan jadi bantosan !
Tapi duka ari tos resmi mah. Hartina eta KECAP teh LAKU oge.
 Nu matak aneh US mah; ari dibawa ka UUBS loba nu seunggaah; ari nambahan 
ngaleleemes kecap, nu engkena teh bras ka UUBS; malah mani sigana teh diulik; 
nu euweuh ge diayakeun.


--- In [email protected], mamansms@... wrote:
>
> Hatur nuhun Bah AA, manga geura lajengkeun deui ieu tos nyeri beuheung 
> sosongeteun ngantosan salajengna. Hatur nuhun.  Baktos mamansms
> 
> 
> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung 
> Teruuusss...!
> 
> -----Original Message-----
> From: "Abbas" <abas_amin08@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Tue, 27 Mar 2012 13:22:44 
> To: <[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Subject: [kisunda] Re: Cersil Sunda 140
> 
> Nu tepat ngabadena mah muang saurang nya eta Kang Dedi_Ibak ti Urangsunda. 
> Hehehehe
> 
> --- In [email protected], d_gout@ wrote:
> >
> > Nyi epon hehehe...
> > Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung 
> > Teruuusss...!
> > 
> > -----Original Message-----
> > From: Abbas Amin <abas_amin08@>
> > Sender: [email protected]
> > Date: Mon, 26 Mar 2012 23:40:47 
> > To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
> > Reply-To: [email protected]
> > Subject: [kisunda] Cersil Sunda 140
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > Nyi Oom teu
> > tahan, deui terus ngomong bari tipopolotot:”Aeh siah kunyuk, ku aing 
> > dipodaran,
> > siah !” Jalma bari ngadegdeg,  ampun2an
> > teu sirikna nyembah. 
> > 
> > Barang Oom
> > rek nakol ku gagang bedog, nu dua ngahalangan:”Ke lanan, Tanya heula naon
> > tujuanana laha loho ka ieu tempat ! Rek modaran mah can telat engke ge.” 
> > 
> > Nyi Romlah
> > nyentak deui:”Kadenge teu ku sia omongan dulur2 aing !? Pok nyarita ku 
> > naon
> > maneh laha loho kadieu !?” 
> > 
> > Jalma :”Nu
> > mawi abdi teh kasasar nun, ku sabab lapar jeung hanaang, nempo aya imah nya
> > datang ka dieu !” 
> > 
> > Nu tiluan
> > ngaromong meh bareng :”Euh maneh ka dieu teh rek musapir !? Halik ka ditu 
> > sing
> > jauh, lamun hayang barang dahar kudu usaha, lain musafir. Aing ge tadi bisa
> > dahar teh hese cape moro Cangehgar.” 
> > 
> > Wah enyaan
> > ieu awewe2 teh salian ti garalak, euweuh pisan nurani nulungan batur, ah
> > diwarah siah ku aing. Cek Jalma na hatena. Ku sabab Jalma ngahunted deui, 
> > Nyi
> > Esih nyentak :”Eh tukang musapir ! Tara aya nu wani lunta lanto ka dieu, 
> > da
> > sieuneun ! Tah maneh mun teu gancang indit, bahaya bisa cilaka ! Jung geura
> > indit ti dieu !” 
> > 
> > Jalma bari
> > leledaa pok ngomong :”Kapan tadi kuring teh ampir2an cilaka, mani leuleus
> > pisan, jadi ayeuna rek nangtung ge hese !” 
> > 
> > Oom nyentak
> > deui :”Esih ! Mimi ! kalah diajak ngobrol, hayu urang usir ieu mangkeluk 
> > teh !” 
> > 
> > Keur kitu
> > kaluar si kurudung koneng, pok nyarita rada tarik :”Eh aya naon ieu teh 
> > ribut
> > pisan ? Cing mundur heula Esih, Mimi, Oom !” Sorana halimpu pisan, tapi 
> > eta nu
> > tiluan narurut terus mundur satukangeun eta si kurudung koneng. 
> > 
> > Jalma
> > ngarasa asa geus ngadenge sora saperti kitu, tapi dimana nya ? Jalma mikir,
> > tapi weleh teu kapikir. 
> > 
> > Terus eta Si
> > Kurudung koneng nanyaa deui ka Oom:”Rek naon ieu si akang teh kadieuna 
> > ?”
> > kadenge halimpu jeung sorana rada ngageter, duka ku naon. Jalma leng deui
> > mikir, dimana aing ngadenge sora saperti kitu ? Asa2, tapi meureun loba we
> > jelema nu sorana sarua; ngan nu ieu iraha nya ? Jeung dimana ? 
> > 
> > “Ah eta
> > jelema teh nu masapir, kalaparan cenah………….” Kakara ge sakitu eta 
> > si kurudung
> > koneng rada nyentak:”Sok atuh bere da pan masih aya sesana, ti batan di 
> > bikeun
> > ka ucing mah.” 
> > 
> > Nu tiluan
> > nyentak ka Jalma:”Heh nu musapir siah ! ngeunah we, teu gawe teu naon 
> > hayang
> > gagares wungkul. Ah cek kuring mah tong dibikeun ka jelema pangedulan model
> > kieu !” 
> > 
> > Si kurudung
> > koneng nyarita deui:”Yeuh Oom, Mimi, Esih, ieu si akang teh can puguh
> > pangedulan, boa nu elmuna luhung rek nguji ka urang, ulah gagabah.” 
> > 
> > Nu tiluan
> > saleuseurian terus ngomong:”Ieu jelema teh, si ngedul teu kudu di akang2! 
> > Malah
> > kudu diusir sing jauh !” 
> > 
> > Ari Jalma
> > teu merhatikeun omongan nu tiluan, ngan ngadengekeun sora si kurudung 
> > koneng,
> > beuki lila beuki asa asa; ku sabab kacirina olohok wae nu tiluan teu bisa 
> > nahan
> > deui, ngan sakilat tiluanana maraju nyuntrungkeun, ninggang jeung nalipak
> > Jalma. Jalma ayeuna keur konsentrasi ka si kurudung koneng teu sadar aya
> > serangan, atuh barang nu tiluan ngurubut, otomatis pisan Jalma ngabales, 
> > bari
> > nyingcet jeung nakis; atuh ayeuna mah nu tiluan teh maludur, bari Esih ka
> > tonjok leungunna mani nyer2an; ari Oom da nalipak ampir we tijungkel, 
> > lantaran
> > sukuna katewak ku Jalma; ari Mimi direngkas lantaran rek nyuntrungkeun 
> > Jalma;
> > atuh mani titotolonjong, ampir we rubuh. Tina kaget jeung heran terus 
> > amarah ,
> > teu ngadenge deui omongan si kurudung koneng terus we tiluanana 
> > ngaheumbatkeun
> > bedogna. 
> > 
> > Ayeuna mah
> > Jalma serius ngalawanana, lantaran kaciri eta nu tiluan salian ti arahli
> > ngamaenkeun bedogna, oge kesit jeung tanagaan, jadi teu bisa uulinan saperti
> > tadi deui . Gancang wae Jalma ngahampangkeun raga, terus ngepung eta nu 
> > tiluan
> > ! Jadi lain Jalma nu dikepung, tapi siga nu tiluan dikepung ku loba bayangan
> > Jalma.NB :  Saha cing si kurudung koneng ?
> > HANCA
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke