jigana kudu ahli basa eta mah nu ngajentrekeunna
--- In [email protected], "Abbas" <abas_amin08@...> wrote:
>
> Punten ngiring di dieu ah nyeratna.
> Bade tumaros kaa sadayana ari kecap bantosan teh, tos resmi jadi Basa Sunda ?
> Ti iraha ? Da kuring mah nepi ka taun 1990an teu apa aya kecap eta.
>
> Meureun maksudna mah ti na "BANNYONYA" asalna teh; padahal eta mah asa ti
> basa Malayu tah. Da pan US mah CING TULUNGAN tea.
> Bantuan nu geus dicokot ka na Basa Sunda der dilemeskeun di basa
> Priangankeun; kitu eta teh ? bantuan jadi bantosan !
> Tapi duka ari tos resmi mah. Hartina eta KECAP teh LAKU oge.
> Nu matak aneh US mah; ari dibawa ka UUBS loba nu seunggaah; ari nambahan
> ngaleleemes kecap, nu engkena teh bras ka UUBS; malah mani sigana teh diulik;
> nu euweuh ge diayakeun.
>
>
> --- In [email protected], mamansms@ wrote:
> >
> > Hatur nuhun Bah AA, manga geura lajengkeun deui ieu tos nyeri beuheung
> > sosongeteun ngantosan salajengna. Hatur nuhun. Baktos mamansms
> >
> >
> > Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung
> > Teruuusss...!
> >
> > -----Original Message-----
> > From: "Abbas" <abas_amin08@>
> > Sender: [email protected]
> > Date: Tue, 27 Mar 2012 13:22:44
> > To: <[email protected]>
> > Reply-To: [email protected]
> > Subject: [kisunda] Re: Cersil Sunda 140
> >
> > Nu tepat ngabadena mah muang saurang nya eta Kang Dedi_Ibak ti Urangsunda.
> > Hehehehe
> >
> > --- In [email protected], d_gout@ wrote:
> > >
> > > Nyi epon hehehe...
> > > Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung
> > > Teruuusss...!
> > >
> > > -----Original Message-----
> > > From: Abbas Amin <abas_amin08@>
> > > Sender: [email protected]
> > > Date: Mon, 26 Mar 2012 23:40:47
> > > To: kisunda<[email protected]>;
> > > urangsunda<[email protected]>
> > > Reply-To: [email protected]
> > > Subject: [kisunda] Cersil Sunda 140
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > Nyi Oom teu
> > > tahan, deui terus ngomong bari tipopolotot:âAeh siah kunyuk, ku aing
> > > dipodaran,
> > > siah !â Jalma bari ngadegdeg, ampun2an
> > > teu sirikna nyembah.
> > >
> > > Barang Oom
> > > rek nakol ku gagang bedog, nu dua ngahalangan:âKe lanan, Tanya heula
> > > naon
> > > tujuanana laha loho ka ieu tempat ! Rek modaran mah can telat engke
> > > ge.â
> > >
> > > Nyi Romlah
> > > nyentak deui:âKadenge teu ku sia omongan dulur2 aing !? Pok nyarita ku
> > > naon
> > > maneh laha loho kadieu !?â
> > >
> > > Jalma :âNu
> > > mawi abdi teh kasasar nun, ku sabab lapar jeung hanaang, nempo aya imah
> > > nya
> > > datang ka dieu !â
> > >
> > > Nu tiluan
> > > ngaromong meh bareng :âEuh maneh ka dieu teh rek musapir !? Halik ka
> > > ditu sing
> > > jauh, lamun hayang barang dahar kudu usaha, lain musafir. Aing ge tadi
> > > bisa
> > > dahar teh hese cape moro Cangehgar.â
> > >
> > > Wah enyaan
> > > ieu awewe2 teh salian ti garalak, euweuh pisan nurani nulungan batur, ah
> > > diwarah siah ku aing. Cek Jalma na hatena. Ku sabab Jalma ngahunted deui,
> > > Nyi
> > > Esih nyentak :âEh tukang musapir ! Tara aya nu wani lunta lanto ka
> > > dieu, da
> > > sieuneun ! Tah maneh mun teu gancang indit, bahaya bisa cilaka ! Jung
> > > geura
> > > indit ti dieu !â
> > >
> > > Jalma bari
> > > leledaa pok ngomong :âKapan tadi kuring teh ampir2an cilaka, mani
> > > leuleus
> > > pisan, jadi ayeuna rek nangtung ge hese !â
> > >
> > > Oom nyentak
> > > deui :âEsih ! Mimi ! kalah diajak ngobrol, hayu urang usir ieu
> > > mangkeluk teh !â
> > >
> > > Keur kitu
> > > kaluar si kurudung koneng, pok nyarita rada tarik :âEh aya naon ieu teh
> > > ribut
> > > pisan ? Cing mundur heula Esih, Mimi, Oom !â Sorana halimpu pisan, tapi
> > > eta nu
> > > tiluan narurut terus mundur satukangeun eta si kurudung koneng.
> > >
> > > Jalma
> > > ngarasa asa geus ngadenge sora saperti kitu, tapi dimana nya ? Jalma
> > > mikir,
> > > tapi weleh teu kapikir.
> > >
> > > Terus eta Si
> > > Kurudung koneng nanyaa deui ka Oom:âRek naon ieu si akang teh kadieuna
> > > ?â
> > > kadenge halimpu jeung sorana rada ngageter, duka ku naon. Jalma leng deui
> > > mikir, dimana aing ngadenge sora saperti kitu ? Asa2, tapi meureun loba we
> > > jelema nu sorana sarua; ngan nu ieu iraha nya ? Jeung dimana ?
> > >
> > > âAh eta
> > > jelema teh nu masapir, kalaparan cenahâ¦â¦â¦â¦.â Kakara ge sakitu
> > > eta si kurudung
> > > koneng rada nyentak:âSok atuh bere da pan masih aya sesana, ti batan di
> > > bikeun
> > > ka ucing mah.â
> > >
> > > Nu tiluan
> > > nyentak ka Jalma:âHeh nu musapir siah ! ngeunah we, teu gawe teu naon
> > > hayang
> > > gagares wungkul. Ah cek kuring mah tong dibikeun ka jelema pangedulan
> > > model
> > > kieu !â
> > >
> > > Si kurudung
> > > koneng nyarita deui:âYeuh Oom, Mimi, Esih, ieu si akang teh can puguh
> > > pangedulan, boa nu elmuna luhung rek nguji ka urang, ulah gagabah.â
> > >
> > > Nu tiluan
> > > saleuseurian terus ngomong:âIeu jelema teh, si ngedul teu kudu di
> > > akang2! Malah
> > > kudu diusir sing jauh !â
> > >
> > > Ari Jalma
> > > teu merhatikeun omongan nu tiluan, ngan ngadengekeun sora si kurudung
> > > koneng,
> > > beuki lila beuki asa asa; ku sabab kacirina olohok wae nu tiluan teu bisa
> > > nahan
> > > deui, ngan sakilat tiluanana maraju nyuntrungkeun, ninggang jeung nalipak
> > > Jalma. Jalma ayeuna keur konsentrasi ka si kurudung koneng teu sadar aya
> > > serangan, atuh barang nu tiluan ngurubut, otomatis pisan Jalma ngabales,
> > > bari
> > > nyingcet jeung nakis; atuh ayeuna mah nu tiluan teh maludur, bari Esih ka
> > > tonjok leungunna mani nyer2an; ari Oom da nalipak ampir we tijungkel,
> > > lantaran
> > > sukuna katewak ku Jalma; ari Mimi direngkas lantaran rek nyuntrungkeun
> > > Jalma;
> > > atuh mani titotolonjong, ampir we rubuh. Tina kaget jeung heran terus
> > > amarah ,
> > > teu ngadenge deui omongan si kurudung koneng terus we tiluanana
> > > ngaheumbatkeun
> > > bedogna.
> > >
> > > Ayeuna mah
> > > Jalma serius ngalawanana, lantaran kaciri eta nu tiluan salian ti arahli
> > > ngamaenkeun bedogna, oge kesit jeung tanagaan, jadi teu bisa uulinan
> > > saperti
> > > tadi deui . Gancang wae Jalma ngahampangkeun raga, terus ngepung eta nu
> > > tiluan
> > > ! Jadi lain Jalma nu dikepung, tapi siga nu tiluan dikepung ku loba
> > > bayangan
> > > Jalma.NB :Â Saha cing si kurudung koneng ?
> > > HANCA
> > >
> >
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/