Gampil atuh bah ngajawabna eta mah. Si tiung koneng pasti lain nyi ipah atawa nyi epon hehehehe....
Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 26 Mar 2012 23:40:47 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda 140 Nyi Oom teu tahan, deui terus ngomong bari tipopolotot:”Aeh siah kunyuk, ku aing dipodaran, siah !” Jalma bari ngadegdeg, ampun2an teu sirikna nyembah. Barang Oom rek nakol ku gagang bedog, nu dua ngahalangan:”Ke lanan, Tanya heula naon tujuanana laha loho ka ieu tempat ! Rek modaran mah can telat engke ge.” Nyi Romlah nyentak deui:”Kadenge teu ku sia omongan dulur2 aing !? Pok nyarita ku naon maneh laha loho kadieu !?” Jalma :”Nu mawi abdi teh kasasar nun, ku sabab lapar jeung hanaang, nempo aya imah nya datang ka dieu !” Nu tiluan ngaromong meh bareng :”Euh maneh ka dieu teh rek musapir !? Halik ka ditu sing jauh, lamun hayang barang dahar kudu usaha, lain musafir. Aing ge tadi bisa dahar teh hese cape moro Cangehgar.” Wah enyaan ieu awewe2 teh salian ti garalak, euweuh pisan nurani nulungan batur, ah diwarah siah ku aing. Cek Jalma na hatena. Ku sabab Jalma ngahunted deui, Nyi Esih nyentak :”Eh tukang musapir ! Tara aya nu wani lunta lanto ka dieu, da sieuneun ! Tah maneh mun teu gancang indit, bahaya bisa cilaka ! Jung geura indit ti dieu !” Jalma bari leledaa pok ngomong :”Kapan tadi kuring teh ampir2an cilaka, mani leuleus pisan, jadi ayeuna rek nangtung ge hese !” Oom nyentak deui :”Esih ! Mimi ! kalah diajak ngobrol, hayu urang usir ieu mangkeluk teh !” Keur kitu kaluar si kurudung koneng, pok nyarita rada tarik :”Eh aya naon ieu teh ribut pisan ? Cing mundur heula Esih, Mimi, Oom !” Sorana halimpu pisan, tapi eta nu tiluan narurut terus mundur satukangeun eta si kurudung koneng. Jalma ngarasa asa geus ngadenge sora saperti kitu, tapi dimana nya ? Jalma mikir, tapi weleh teu kapikir. Terus eta Si Kurudung koneng nanyaa deui ka Oom:”Rek naon ieu si akang teh kadieuna ?” kadenge halimpu jeung sorana rada ngageter, duka ku naon. Jalma leng deui mikir, dimana aing ngadenge sora saperti kitu ? Asa2, tapi meureun loba we jelema nu sorana sarua; ngan nu ieu iraha nya ? Jeung dimana ? “Ah eta jelema teh nu masapir, kalaparan cenah………….” Kakara ge sakitu eta si kurudung koneng rada nyentak:”Sok atuh bere da pan masih aya sesana, ti batan di bikeun ka ucing mah.” Nu tiluan nyentak ka Jalma:”Heh nu musapir siah ! ngeunah we, teu gawe teu naon hayang gagares wungkul. Ah cek kuring mah tong dibikeun ka jelema pangedulan model kieu !” Si kurudung koneng nyarita deui:”Yeuh Oom, Mimi, Esih, ieu si akang teh can puguh pangedulan, boa nu elmuna luhung rek nguji ka urang, ulah gagabah.” Nu tiluan saleuseurian terus ngomong:”Ieu jelema teh, si ngedul teu kudu di akang2! Malah kudu diusir sing jauh !” Ari Jalma teu merhatikeun omongan nu tiluan, ngan ngadengekeun sora si kurudung koneng, beuki lila beuki asa asa; ku sabab kacirina olohok wae nu tiluan teu bisa nahan deui, ngan sakilat tiluanana maraju nyuntrungkeun, ninggang jeung nalipak Jalma. Jalma ayeuna keur konsentrasi ka si kurudung koneng teu sadar aya serangan, atuh barang nu tiluan ngurubut, otomatis pisan Jalma ngabales, bari nyingcet jeung nakis; atuh ayeuna mah nu tiluan teh maludur, bari Esih ka tonjok leungunna mani nyer2an; ari Oom da nalipak ampir we tijungkel, lantaran sukuna katewak ku Jalma; ari Mimi direngkas lantaran rek nyuntrungkeun Jalma; atuh mani titotolonjong, ampir we rubuh. Tina kaget jeung heran terus amarah , teu ngadenge deui omongan si kurudung koneng terus we tiluanana ngaheumbatkeun bedogna. Ayeuna mah Jalma serius ngalawanana, lantaran kaciri eta nu tiluan salian ti arahli ngamaenkeun bedogna, oge kesit jeung tanagaan, jadi teu bisa uulinan saperti tadi deui . Gancang wae Jalma ngahampangkeun raga, terus ngepung eta nu tiluan ! Jadi lain Jalma nu dikepung, tapi siga nu tiluan dikepung ku loba bayangan Jalma.NB : Saha cing si kurudung koneng ? HANCA
