Hehehe. Mun di jaman Kangjeng Rosul aya kacatur perkara anjing jeung ucing,
eta nu jiga kitu iber naon nya?

2012/4/12 <[email protected]>

> **
>
>
> ** Ari jaman Abdullah bin Ja'far di wewengkon Timur Tengah, aya sato
> anjing heunteu nya?
>
> Sigana wae carita budak jeung anjing teh siloka anu dijieun ku para sufi.
> Lain carita sabenerna. Jiga carita 1001 malam tea meureun.
>
> Mrachmatrawyani
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Wed, 11 Apr 2012 18:15:58 +0800
> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Cc: *Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<
> [email protected]>
> *Subject: *[kisunda] Kisah Islam - Jajaka jeung Anjing Liar
>
>
>
> Kisah Islam - Jajaka jeung Anjing Liar
>
> Hiji mangsa Abdullah Bin Ja'far (ra) nyorang leuweung, kabeneran
> ngaliwatan hiji kebon nu aya saurang budak Habsi (Etiopia) keur digawe.
> Harita aya nu datang nganteuran dahareun, dina waktu nu sarua aya anjing
> liar asup ka eta kebon, si hamba gura-giru nangtung, terus ngalungkeun
> sapotong roti ka eta anjing, nu terus dihakan tapi eta anjing can daek
> nyingkah. Eta jajaka teh ngalungkeun deui potongan roti nu kadua jeung nu
> katiluna, antukna kabeh bekelna poe eta beak diparabkeun ka anjing,
> nepikeun ka taya sesana keur bagean manehna sorangan. Abdullah Bin Ja'far,
> nu ti tadi keur nyerangkeun eta kajadian, nyarita ka eta jajaka, "Meunang
> sabaraha potong roti nu katarima pikeun jatah dahareun anjeun sapoena?" Eta
> jajaka nyarita, "Unggal poe kuring ngan meunang tilu potong roti, jiga ku
> kasaksian ku anjeun tadi." Ibnu Ja'far tumanya, "Terus, kunaon pangna maneh
> leuwih milih anjing tinimbang awak sorangan nepikeun ka tilu potongan roti
> bekel anjeun diparabkeun kabeh?" Eta jajaka nyarita, "Taya anjing nu dumuk
> di ieu wewengkon. Karunya teuing eta sato teh kudu nyorang lalampahan jauh
> pikeun nepi ka ieu tempat geus tangtu lapareun kacida. Jadi, kuring era
> parada rek ngusir sina nyingkah teh, bari teu diparaban nanaon." Ibnu
> Ja'far nyarita, "Ayeuna maneh boga naon keur dahareun poe ieu?" Eta jajaka
> nyarita, "Kuring masih kaduga nahan teu dahar ngan ukur sapoe, kuring
> ihlas." Ibnu Ja'far nyarita ka dirina sorangan, "Jelema ngiritik anjeun
> lantaran sok barang bere kaleuleuwihi, tapi ieu hamba sahaya teh jauh
> leuwih balabah tinimbang maneh." Sanggeus kitu manehna balik ka dayeuh,
> sanggeus nebus eta budak beulian, meuli kebon sarta sakabeh pakaya dijerona
> ti nu bogana, manehna ngamerdekakeun eta budak beulian bari terus mikeun
> eta kabon salaku hadiahna.
>
> Tarjamahan "The Boy and the Dog" tina "Islam Can".
> Panarjamah: Ki Hasan
> ***
>
>

Kirim email ke