Ari ucing mah pan memang sato anu tiasa  ditarima di sagala kalangan, da sato 
anu lindeuk. Tapi ari anjing mah, teu sadaya urang Islam seneng miara, da 
cungurna haram tea. Ku ayana ucing jeung anjing di jaman Kangjeng Rosul, 
nunjukkeun teu aya diskriminasi dina miara sasatoan. Tapi kiwari di nagri Arab 
hususon Mekan Madinah, teu katingali aya "ngulampreng" sato anjing di jalan 
atawa dipiara ku hiji kulawarga. Ari dina film mah pan, kulawarga raja-raja 
Arab teh katingali miara manuk heulang/elang. Naha ieu teh nunjukkeun perbedaan 
cara pikir Jaman Kangjeng Rosul jeung jaman kiwari?

mrachmatrawyani



________________________________
 From: Ki Hasan <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Wednesday, April 11, 2012 5:35 PM
Subject: Re: [kisunda] Kisah Islam - Jajaka jeung Anjing Liar
 

  
Hehehe. Mun di jaman Kangjeng Rosul aya kacatur perkara anjing jeung ucing, eta 
nu jiga kitu iber naon nya?


2012/4/12 <[email protected]>

 
>  
> Ari jaman Abdullah bin Ja'far di wewengkon Timur Tengah, aya sato anjing 
> heunteu nya?
>
>Sigana wae carita budak jeung anjing teh siloka anu dijieun ku para sufi. Lain 
>carita sabenerna. Jiga carita 1001 malam tea meureun.
>
>Mrachmatrawyani 
>Powered by Telkomsel BlackBerry®
>________________________________
>
>From:  Ki Hasan <[email protected]> 
>Sender:  [email protected] 
>Date: Wed, 11 Apr 2012 18:15:58 +0800
>To: Ki Sunda<[email protected]>
>ReplyTo:  [email protected] 
>Cc: Baraya Sunda<[email protected]>; Urang 
>Sunda<[email protected]>
>Subject: [kisunda] Kisah Islam - Jajaka jeung Anjing Liar
>
>  
>Kisah Islam - Jajaka jeung Anjing Liar
>
>Hiji mangsa Abdullah Bin Ja'far (ra) nyorang leuweung, kabeneran ngaliwatan 
>hiji kebon nu aya saurang budak Habsi (Etiopia) keur digawe. Harita aya nu 
>datang nganteuran dahareun, dina waktu nu sarua aya anjing liar asup ka eta 
>kebon, si hamba gura-giru nangtung, terus ngalungkeun sapotong roti ka eta 
>anjing, nu terus dihakan tapi eta anjing can daek nyingkah. Eta jajaka teh 
>ngalungkeun deui potongan roti nu kadua jeung nu katiluna, antukna kabeh 
>bekelna poe eta beak diparabkeun ka anjing, nepikeun ka taya sesana keur 
>bagean manehna sorangan. Abdullah Bin Ja'far, nu ti tadi keur nyerangkeun eta 
>kajadian, nyarita ka eta jajaka, "Meunang sabaraha potong roti nu katarima 
>pikeun jatah dahareun anjeun sapoena?" Eta jajaka nyarita, "Unggal poe kuring 
>ngan meunang tilu potong roti, jiga ku kasaksian ku anjeun tadi." Ibnu Ja'far 
>tumanya, "Terus, kunaon pangna maneh leuwih milih anjing tinimbang awak 
>sorangan nepikeun ka tilu potongan roti bekel anjeun
 diparabkeun kabeh?" Eta jajaka nyarita, "Taya anjing nu dumuk di ieu 
wewengkon. Karunya teuing eta sato teh kudu nyorang lalampahan jauh pikeun nepi 
ka ieu tempat geus tangtu lapareun kacida. Jadi, kuring era parada rek ngusir 
sina nyingkah teh, bari teu diparaban nanaon." Ibnu Ja'far nyarita, "Ayeuna 
maneh boga naon keur dahareun poe ieu?" Eta jajaka nyarita, "Kuring masih 
kaduga nahan teu dahar ngan ukur sapoe, kuring ihlas." Ibnu Ja'far nyarita ka 
dirina sorangan, "Jelema ngiritik anjeun lantaran sok barang bere kaleuleuwihi, 
tapi ieu hamba sahaya teh jauh leuwih balabah tinimbang maneh." Sanggeus kitu 
manehna balik ka dayeuh, sanggeus nebus eta budak beulian, meuli kebon sarta 
sakabeh pakaya dijerona ti nu bogana, manehna ngamerdekakeun eta budak beulian 
bari terus mikeun eta kabon salaku hadiahna. 
>
>Tarjamahan "The Boy and the Dog" tina "Islam Can".
>Panarjamah: Ki Hasan
>***
>
>


 

Kirim email ke