Conto kasatian anjing nyata2 diinformasikeun dina Al Qur'an. Hal ieu bisa diilikan dina surah Al Kahfi, Al Qur'an Surah no 18 (QS 18). Jadi, sacara teu langsung memang kasatiaan anjing kadununganana diaku ku Al Qur'an.
Upama nengetan hadist2, Rosululloh paham kana anjing. Moal boa dina mangsa Rosululloh jumeneng oge geus aya anjing boh di Mekkah atawa di Madinah. Tapi, sato anu sacara teges dina Al Qur'an diharamkeung ngadahar dagingna mah nyaeta ngan ukur babi. Ceuk fiqih, babi jeung anjing eta najis sahingga lamun keuna atawa pagilinggisik jeung eta dua sato terus urang arek ibadah (sholat jsb) samemehna kudu susuci heula (aya aturanana numutkeun fikih). Aya kabejakeun hadist ngeunaan hukum daging meunang moro anu morona teh ngagunakeun/ dibantuan ku anjing. Hartina, teu diharamkeun ngingu anjing mah, lain? Tapi memang, di sabagean gede umat Islam, utamana di urang, anjing teh rada dijauhan. Beda jeung ucing. Beda jeung anjing, ucing henteu sacara "tersurat" disebutkeun dina Al Qur'an. Ngan, justru ucing ieu anu - ceuk sawangan kuring - meunang tempat terhormat di kalangan umat Islam, khususna di urang. Sigana kusabab ucing sacara fikih henteu dinajiskeun. Si kuring henteu apal naha aya hadits2 anu medar ngeunaan kautamaan ucing / miara ucing atawa euweuh?. Upama teu salah ingetan, aya hiji hadist anu netelakeun yen aya hiji isteri ahli ibadah tapi meunang siksa kubur kusabab nyapirakeun atawa henteu ngurusanan sato anu disebut ucing (CMIIW). Upama ieu hadist bener aya jeung sahih, saeutikna aya 2 hal anu bisa disimpulkeun tina eta hadist. Kahiji, yen dina mangsa Rosulloh oge, ucing sakumaha anjing, geus biasa dipiara ku manusa. Kaduana, yen ucing meunang tempat kalungguhan anu lumayan dihargaan. Sigana, kusabab eta hadist (sakali deui, neda pangbenerkeun bisi eta hadist teh salah ayana) oge anu jadi sababiah kalungguhan atawa darajat ucing di masyarakat Islam leuwih ti anjing. Cindekna, ucing teh geus jadi ikon umat Islam. Sabalikna, anjing sok jadi ikon urang bule atawa non Islam atawa - saeutikna - islam abangan. Moal boa, ku alatan kitu, lahirna ayana carita/film Micky Mouse - anu teu weleh ngaragragkeun darajat ucing. Ceuk sakaol, eta film kartun teh cenah beunang ngarang urang Yahudi (hampuran, teu aya maksud stereotip :)). Balik deui ka ucing. Ieu sato bisa disebut salaku sato "mistis" atawa rada2 "misterius". Minimal, di sawatara masyarakat sok aya carita2 mistis anu dikaitkeun jeung pancen (peran ucing). Ieu teh lain di kalangan urang (umat Islam wae). Aya nu kungsi nongton film "The Legacy"? Tah dina eta film katangen pisan kumaha pancen mistisna sato anu disbut ucing. Di masyarakat urang aya kapercayaan yen mayit teu meunang pisan dilengkahan ku ucing. Teuing naon sababna :). Geu lir ari para supir anu keur mawa kandaraan di jalan mah, kacida sieun jeung ngahormatna ka ucing. Lamung aya ucing di tengah jalan atawa meuntas jalan, supir2 sok ngeureunkeun mobilna mere jalan sangkan ucing liwat heula atawa nyingkah heula ti tengah jalan. Cenah hal eta teh pakait jeung kapercayaan yen lamun aya supir atawa mobil nabrak ucing nepi ka paehna eta ucing, mangka si supir atawa mobilna engkena baris ngarandapan kacilakaan. Nabrak ucing teh jadi sarupa kila2 rek meunang kacilakaan. Kukituna, ucing lamun aya di jalan liliwatan kandaraan, kacida saktina. Oge aya kapercayaan yen lamun ngurus ucing cenah mawatna teh kana gampang meunang rizki. Tapi, anu jelas, sakumaha kasauran abah Waluya, ceuk cenah dina ucing, sakumaha dina anjing, manuk piaraan jeung sato lianna, dalah dina hayam oge, aya virus2 anu bahaya pikeun manusa (dina hayam, upamana, apan mungkin wae aya virus flu burung). Jadi, memang perlu ekstra ati-ati lamun urang resep atawa aya maksud arek miara sato model ucing, anjing, manuk, oge hayam, jsb. Cag heula. manar (anu teu ngingu ucing, hayam, manuk, komo anjing mah. Ngan nya resep wae ningalikeun talajak eta sasatoan salila teu ngabahayakeun manusa). On Thu, Apr 12, 2012 at 9:06 AM, Waluya <[email protected]> wrote: > ** > > > Fungsi anjing jeung ucing rada beda, sanajan papada sato piaraan. Mimitina > manusa miara anjing keur digunakeun dina moro jeung ngajaga. Anjing sato > sosial, sok ngolompok, boga kasatiaan kana kolompokna. Sifat ieu nu > dimanfaatkeun ku manusa, keur kapentingan manusa. Kasatiaan anjing ka > dunungan geus kasohor kamana-mana. > > Ieu beda jeung ucing, nu asalna dipiara keur newakan beurit di leuit > (lumbung). Cenah urang Mesir kuno nu paling resep miara ucing, tepika > mummi-mummi sok dijaga ku patung ucing. Kalemahan ucing, ieu sato sabenerna > sato soliter alias sato sosorangan. Ucing teu boga sifat satia kana > "kolompok" siga anjing. Jarang aya carita ucing ngabelaan dunungan. > > Di Msyarakat nu hirup deukeut leuweung jeung tukang moro, anjing leuwih > populer, contona di padesaan di Minangkabau, anjing aya dimana-mana. Ucing, > biasana dipikaresep kunu resep kaendahan jeung ku lucuna. Kaum Hawa loba nu > resep miara ucing, ngan hanjakal, cenah mah ucing teh mawa virus nu bisa > nyababkeun awewe jadi gabug (mandul). > > WLY > > --- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> > wrote: > > > > Ari ucing mah pan memang sato anu tiasaĆ ditarima di sagala kalangan, > da sato anu lindeuk. Tapi ari anjing mah, teu sadaya urang Islam seneng > miara, da cungurna haram tea. Ku ayana ucing jeung anjing di jaman Kangjeng > Rosul, nunjukkeun teu aya diskriminasi dina miara sasatoan. Tapi kiwari di > nagri Arab hususon Mekan Madinah, teu katingali aya "ngulampreng" sato > anjing di jalan atawa dipiara ku hiji kulawarga. Ari dina film mah pan, > kulawarga raja-raja Arab teh katingali miara manuk heulang/elang. Naha ieu > teh nunjukkeun perbedaan cara pikir Jaman Kangjeng Rosul jeung jaman kiwari? > > > > mrachmatrawyani > > > > > > > > >
