Pami teu lepat mah aya carios (hadist?) waktos kangjeng Rosul shalat, dina 
jubahna, aya ucing gegelehean. Kangjeng Nabi ngantepkeun eta ucing, nepi ka 
ucing nyingkah tina jubah Kangjeng Rosul.

mrachmatrawyani



________________________________
 From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected] 
Cc: urang sunda <[email protected]> 
Sent: Wednesday, April 11, 2012 8:39 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: Kisah Islam - Jajaka jeung Anjing Liar
 

  
Conto kasatian anjing nyata2 diinformasikeun dina Al Qur'an. Hal ieu bisa 
diilikan dina surah Al Kahfi, Al Qur'an Surah no 18 (QS 18). Jadi, sacara teu 
langsung memang kasatiaan anjing kadununganana diaku ku Al Qur'an. 

Upama nengetan hadist2, Rosululloh paham kana anjing. Moal boa dina mangsa 
Rosululloh jumeneng oge geus aya anjing boh di Mekkah atawa di Madinah. Tapi, 
sato anu sacara teges dina Al Qur'an diharamkeung ngadahar dagingna mah nyaeta 
ngan ukur babi. Ceuk fiqih, babi jeung anjing eta najis sahingga lamun keuna 
atawa pagilinggisik jeung eta dua sato terus urang arek ibadah (sholat jsb) 
samemehna kudu susuci heula (aya aturanana numutkeun fikih). Aya kabejakeun 
hadist ngeunaan hukum daging meunang moro anu morona teh ngagunakeun/ dibantuan 
ku anjing. Hartina, teu diharamkeun ngingu anjing mah, lain? Tapi memang, di 
sabagean gede umat Islam, utamana di urang, anjing teh rada dijauhan. Beda 
jeung ucing.

Beda jeung anjing, ucing henteu sacara "tersurat" disebutkeun dina Al Qur'an. 
Ngan, justru ucing ieu anu - ceuk sawangan kuring - meunang tempat terhormat di 
kalangan umat Islam, khususna di urang. Sigana kusabab ucing sacara fikih 
henteu dinajiskeun. Si kuring henteu apal naha aya hadits2 anu medar ngeunaan 
kautamaan ucing / miara ucing atawa euweuh?. Upama teu salah ingetan, aya hiji 
hadist anu netelakeun yen aya hiji isteri ahli ibadah tapi meunang siksa kubur 
kusabab nyapirakeun atawa henteu ngurusanan sato anu disebut ucing (CMIIW). 
Upama ieu hadist bener aya jeung sahih, saeutikna aya 2 hal anu bisa 
disimpulkeun tina eta hadist. Kahiji, yen dina mangsa Rosulloh oge, ucing 
sakumaha anjing, geus biasa dipiara ku manusa. Kaduana, yen ucing meunang 
tempat kalungguhan anu lumayan dihargaan. 

Sigana, kusabab eta hadist (sakali deui, neda pangbenerkeun bisi eta hadist teh 
salah ayana) oge anu jadi sababiah kalungguhan atawa darajat ucing di 
masyarakat Islam leuwih ti anjing. Cindekna, ucing teh geus jadi ikon umat 
Islam. Sabalikna, anjing sok jadi ikon urang bule atawa non Islam atawa - 
saeutikna - islam abangan. Moal boa, ku alatan kitu, lahirna  ayana 
carita/film  Micky Mouse - anu teu weleh ngaragragkeun darajat ucing. Ceuk 
sakaol, eta film kartun teh cenah beunang ngarang urang Yahudi (hampuran, teu 
aya maksud stereotip :)).   

Balik deui ka ucing. Ieu sato bisa disebut salaku sato "mistis" atawa rada2 
"misterius". Minimal, di sawatara masyarakat sok aya carita2 mistis anu 
dikaitkeun jeung pancen (peran ucing). Ieu teh lain di kalangan urang (umat 
Islam wae). Aya nu kungsi nongton film "The Legacy"? Tah dina eta film katangen 
pisan kumaha pancen mistisna sato anu disbut ucing.

Di masyarakat urang aya kapercayaan yen mayit teu meunang pisan dilengkahan ku 
ucing. Teuing naon sababna :). Geu lir ari para supir anu keur mawa kandaraan 
di jalan mah, kacida sieun jeung ngahormatna ka ucing. Lamung aya ucing di 
tengah jalan atawa meuntas jalan, supir2 sok ngeureunkeun mobilna mere jalan 
sangkan ucing liwat heula atawa nyingkah heula ti tengah jalan. Cenah hal eta 
teh pakait jeung kapercayaan yen lamun aya supir atawa mobil nabrak ucing nepi 
ka paehna eta ucing, mangka si supir atawa mobilna engkena baris ngarandapan 
kacilakaan. Nabrak ucing teh jadi sarupa kila2 rek meunang kacilakaan. 
Kukituna, ucing lamun aya di jalan liliwatan kandaraan, kacida saktina.

Oge aya kapercayaan yen lamun ngurus ucing cenah mawatna teh kana gampang 
meunang rizki. Tapi, anu jelas, sakumaha kasauran abah Waluya, ceuk cenah dina 
ucing, sakumaha dina anjing, manuk piaraan jeung sato lianna, dalah dina hayam 
oge, aya virus2 anu bahaya pikeun manusa (dina hayam, upamana, apan mungkin wae 
aya virus flu burung). Jadi, memang perlu ekstra ati-ati lamun urang resep 
atawa aya maksud arek miara sato model ucing, anjing, manuk, oge hayam, jsb.

Cag heula.

manar 
(anu teu ngingu ucing, hayam, manuk, komo anjing mah. Ngan nya resep wae 
ningalikeun talajak eta sasatoan salila teu ngabahayakeun manusa).


On Thu, Apr 12, 2012 at 9:06 AM, Waluya <[email protected]> wrote:

 
>  
>Fungsi anjing jeung ucing rada beda, sanajan papada sato piaraan. Mimitina 
>manusa miara anjing keur digunakeun dina moro jeung ngajaga. Anjing sato 
>sosial, sok ngolompok, boga kasatiaan kana kolompokna. Sifat ieu nu 
>dimanfaatkeun ku manusa, keur kapentingan manusa. Kasatiaan anjing ka dunungan 
>geus kasohor kamana-mana. 
>
>Ieu beda jeung ucing, nu asalna dipiara keur newakan beurit di leuit 
>(lumbung). Cenah urang Mesir kuno nu paling resep miara ucing, tepika 
>mummi-mummi sok dijaga ku patung ucing. Kalemahan ucing, ieu sato sabenerna 
>sato soliter alias sato sosorangan. Ucing teu boga sifat satia kana "kolompok" 
>siga anjing. Jarang aya carita ucing ngabelaan dunungan.
>
>Di Msyarakat nu hirup deukeut leuweung jeung tukang moro, anjing leuwih 
>populer, contona di padesaan di Minangkabau, anjing aya  dimana-mana. Ucing, 
>biasana dipikaresep kunu resep kaendahan jeung ku lucuna. Kaum Hawa loba nu 
>resep miara ucing, ngan hanjakal, cenah mah ucing teh mawa virus nu bisa 
>nyababkeun awewe jadi gabug (mandul).
>
>WLY
>
>--- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote:
>>
>> Ari ucing mah pan memang sato anu tiasa  ditarima di sagala kalangan, da 
>> sato anu lindeuk. Tapi ari anjing mah, teu sadaya urang Islam seneng miara, 
>> da cungurna haram tea. Ku ayana ucing jeung anjing di jaman Kangjeng Rosul, 
>> nunjukkeun teu aya diskriminasi dina miara sasatoan. Tapi kiwari di nagri 
>> Arab hususon Mekan Madinah, teu katingali aya "ngulampreng" sato anjing di 
>> jalan atawa dipiara ku hiji kulawarga. Ari dina film mah pan, kulawarga 
>> raja-raja Arab teh katingali miara manuk heulang/elang. Naha ieu teh 
>> nunjukkeun perbedaan cara pikir Jaman Kangjeng Rosul jeung jaman kiwari?
>> 
>> mrachmatrawyani
>> 
>> 
>> 
>
>

 

Kirim email ke