Fungsi anjing jeung ucing rada beda, sanajan papada sato piaraan. Mimitina 
manusa miara anjing keur digunakeun dina moro jeung ngajaga. Anjing sato 
sosial, sok ngolompok, boga kasatiaan kana kolompokna. Sifat ieu nu 
dimanfaatkeun ku manusa, keur kapentingan manusa. Kasatiaan anjing ka dunungan 
geus kasohor kamana-mana. 

Ieu beda jeung ucing, nu asalna dipiara keur newakan beurit di leuit (lumbung). 
Cenah urang Mesir kuno nu paling resep miara ucing, tepika mummi-mummi sok 
dijaga ku patung ucing. Kalemahan ucing, ieu sato sabenerna sato soliter alias 
sato sosorangan. Ucing teu boga sifat satia kana "kolompok" siga anjing. Jarang 
aya carita ucing ngabelaan dunungan.

Di Msyarakat nu hirup deukeut leuweung jeung tukang moro, anjing leuwih 
populer, contona di padesaan di Minangkabau, anjing aya  dimana-mana. Ucing, 
biasana dipikaresep kunu resep kaendahan jeung ku lucuna. Kaum Hawa loba nu 
resep miara ucing, ngan hanjakal, cenah mah ucing teh mawa virus nu bisa 
nyababkeun awewe jadi gabug (mandul).

WLY






 


--- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote:
>
> Ari ucing mah pan memang sato anu tiasa  ditarima di sagala kalangan, da 
> sato anu lindeuk. Tapi ari anjing mah, teu sadaya urang Islam seneng miara, 
> da cungurna haram tea. Ku ayana ucing jeung anjing di jaman Kangjeng Rosul, 
> nunjukkeun teu aya diskriminasi dina miara sasatoan. Tapi kiwari di nagri 
> Arab hususon Mekan Madinah, teu katingali aya "ngulampreng" sato anjing di 
> jalan atawa dipiara ku hiji kulawarga. Ari dina film mah pan, kulawarga 
> raja-raja Arab teh katingali miara manuk heulang/elang. Naha ieu teh 
> nunjukkeun perbedaan cara pikir Jaman Kangjeng Rosul jeung jaman kiwari?
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> 




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke