Kang Abas,
Ari kuring mah moal bisa ngahalang-halang kreatifitas batur, rek nulis naon wae 
kop, da meureun tiap panulis boga format sewang-sewangan, model Kang Abas anu 
nulis Cersil. Ceuk kuring tulisan cersil Kang Abas mangrupakeun kreatifitas anu 
boga ciri/karakter sorangan. Nya kuring mah salaku member di ieu milis atuh 
ngeunah wae macaan eta cersil Kang Abas, da panginten henteu gampang nulis eta 
cersil jaba ramo pastina pegel nyah? 
Kang Abas,
Upami aya anu masihan saran kedah kieu kedah kitu, anggap we eta mah sebage 
masukan, pan sok aya dina hiji tulisan panulis menta timbang saran/kritikan ka 
para pembacana? Panginten hal ieu diperyogikeun ku panulis kangge nyampurnakeun 
tulisan-tulisan anu salanjutna. Keun we upami aya jalma atawa bebegig anu 
kurang sreg sareng tulisan Kang Abas anggap we angin ngahiliwir. 
Tibatan (daripada) nulis anu eusina kontradiktif jeung nu maca, anu akhirna 
pasea pan hasilna silih gorengkeun tea.
 
Ceuk kuring mah tulisan kang Abas lanjeungkeun wae, najan kuring henteu masihan 
kritik, da tulisan kang Abas alus, alur caritana nyusun.
 
Sok Kang lajeungkeun, ulah endag kaanginan!
 

________________________________
 Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Rabu, 13 Juni 2012 10:13
Judul: [kisunda] ngahalang kreatifitas
  
 
   
 
kuring ngaharep di ieu milis kreatifitas atawa kamotekaran teh bisa mekaar 
kaalawan mulus; ulah ngahalang ka naa kreatifitas nu dilakukeun ku hiji jelema.

Kumahaa cenah ngaahalangan kreatifitas teh ?

Nya samodel kieu : eh nulis teh kudu kitu kudu kieu !
Bari awalna mah teu aya aturan tertulis yen enya kudu kitu; kudu kieu.

Komo mun aya pananya sabangsa kieu mah: Naon gunana eta tulisan keur balarea ?!
Bari jeung eta nu nulis teh kacida subjektivena teu ngaragap angen batur, atawa 
teu nyilidik naha batur sarua teu resepna jeung manehna ?

Eta cara ngahalang kreatifitas nu kitu teh bisa aya dua alesanana, nya eta :

1. Sirik ku kreatif batur

2. Kacida sombongna lantaran cek pikir manehna tulisan manehna sorangan maah nu 
pang loba gunana !

Jadi akhirna mah lain masalah TULISAN, tapi teu resep atawa IJID ka nu
 nulisna. Tah di na palebah dieu, hese ngajelaskeunana. Sabab memang tiap Jalma 
boga hubungan baatin nu beda2; ayaa nu jol pruk papaanggih resep; aya nu jol 
papaanggih biasa we. tapi aya oge nu saat panggih; jol2 ijid.

Tah bisa jadi. Hese nu model kitu mah.

Jeung aya oge manusa nu sifat saat lahirna ditakdirkeun ku Pangeran pikacuaeun. 
Istilahna pikaaresepen peureup tea !
Jelema nu kitu aya.
Mungkin oge kaasup kuring, nu ayeuna keur nulis.
Nya na palebah dinya mah; hese rek ngomongnaa ge.
 

 
    
         

Kirim email ke