Abah, Ceuk ijiran, pikeun kreativitas mah asana moal aya istilah "aya anu ngahalangan". Sabab, samangsa-mangsa jol datang jijieunan (tulisan atawa komentar) anu dipersepsi ku urang salaku "ngahalangan", baris mucunghul kreativitas sejen, pikeun nyinglarkeun atawa keur ngungkulan eta "hahalang" :). Kitu jeung kitu saterusna, anu antukna beuki gede hahalang, tambah tunuwuh eta kreativitas.
Siga rasa syukur, moal aya anggeusna syukur teh. Sabab, satiap urang mampuh syukur eta kamampuh (syukur anu geus dilakukeun) teh kudu disyukuran oge...jadi wae hiji lahan amal anu teu aya watesna. Jadi, anu can kreatif teh- siga kuring - malahan nya anu can ngarasa aya hahalang atawa dihalangan :). Hapuntenna, ieu mah bakat ku reueus wae ka abah. Mangga diteraskeun kreativitas Carita Silat Sunda tea, terasna. manar 2012/6/13 Abbas Amin <[email protected]> > ** > > > kuring ngaharep di ieu milis kreatifitas atawa kamotekaran teh bisa mekaar > kaalawan mulus; ulah ngahalang ka naa kreatifitas nu dilakukeun ku hiji > jelema. > > Kumahaa cenah ngaahalangan kreatifitas teh ? > > Nya samodel kieu : eh nulis teh kudu kitu kudu kieu ! > Bari awalna mah teu aya aturan tertulis yen enya kudu kitu; kudu kieu. > > Komo mun aya pananya sabangsa kieu mah: Naon gunana eta tulisan keur > balarea ?! > Bari jeung eta nu nulis teh kacida subjektivena teu ngaragap angen batur, > atawa teu nyilidik naha batur sarua teu resepna jeung manehna ? > > Eta cara ngahalang kreatifitas nu kitu teh bisa aya dua alesanana, nya eta > : > > 1. Sirik ku kreatif batur > > 2. Kacida sombongna lantaran cek pikir manehna tulisan manehna sorangan > maah nu pang loba gunana ! > > Jadi akhirna mah lain masalah TULISAN, tapi teu resep atawa IJID ka nu > nulisna. Tah di na palebah dieu, hese ngajelaskeunana. Sabab memang tiap > Jalma boga hubungan baatin nu beda2; ayaa nu jol pruk papaanggih resep; aya > nu jol papaanggih biasa we. tapi aya oge nu saat panggih; jol2 ijid. > > Tah bisa jadi. Hese nu model kitu mah. > > Jeung aya oge manusa nu sifat saat lahirna ditakdirkeun ku Pangeran > pikacuaeun. Istilahna pikaaresepen peureup tea ! > Jelema nu kitu aya. > Mungkin oge kaasup kuring, nu ayeuna keur nulis. > Nya na palebah dinya mah; hese rek ngomongnaa ge. > > > > > >
