Baraya,

Keur uing mah, boh Bah AA, boh Kang Dudi duanana ge aset keur ieu milis
teh. Nya duanana diantara nu sok resep posting, ngomen jeung sajabana.
Sacara pribadi tabe, kaduana ge. Anapon sok paketrok dina paguneman, nya
wajar we, ngaranna ge nepungkeun dua eusi mastaka nu beda. Ayana komen nu
pro jeung kontra teh hal ilahar. Sisi positifna komentar ti batur diskusi
teh keur nu dikomen keur instrospeksi. Kitu deui reaksi ti nu dikomen keur
nu ngomen, nya keur introspeksi oge. Mun urang ngomen kucara ieu, reaksina
kitu; mun ngomen ku cara sejen reaksina kieu. Jeung sajabana.

Jadi ceuk uing mah teu kudu papanjangan. Teuskeun we diskusi deui jiga
sasari, bari ngeunteung kana naon nu geus kajadian.

Ngan perkara paguneman di ieu milis, ceuk pamanggih pribadi uing, nu bisa
jadi beda jeung kamandang nu sejen, aya hadena mun urang ngabiasakeun
diskusi di ieu milis make basa panganteur basa Sunda. Alesanana mah
sederhana. Loba forum diskusi di Internet teh, rek topik naon wae oge. Boh
nu panganteurna basa daerah sejen, malah nu panganteurna basa Indonesia mah
tangtu leuwih loba, komo nu panganteurna basa Inggris mah. Tah ku alesan
eta, aya hadena mun urang make paguneman ku basa Sunda di ieu milis. Nya
itung-itung ciri khasna, identitasna. Paling henteu ku cara kitu, najan
urang cicing dimana mendi, profesina, karesepna, agemanana rupa-rupa, masih
bisa makaitkeun jeung salah sahiji ciri hiji seler, basa Sunda tea.

Anapon perkara artikel nu disalin tina media, atawa nu ditulis ku urang tur
dipublikasikeun dina media, nya taya salahna di-forward ka ieu milis,
satungtung ceuk tinimbangan urang aya gunana pikeun urang sarerea. Ngan
paguneman madungdengkeun eta artikel tea, urang make basa Sunda wae.

Tah kitu jigana kamandang uing. Mangga bilih aya kamandang nu sejen.

2012/6/13 Abbas <[email protected]>

> **
>
>
> Alhamdulillah. Nuhun pisan kang Yani.
> Mudah2an atuh ka payun mah urang papadaa instrospeksi.Aamiin
>
>
> --- In [email protected], mrachmatrawyani@... wrote:
> >
> > Teu bade pipilueun dina perkara ieu. Mangga wae dipatotoskeun ku para
> kuncen anu ngagaduhan hak veto.
> >
> > Pameredih ti si kuring mah, disuhunkeun kajembaran manah ka Bah Abbas
> sareng para kuncen. Urang the pan tos "nincak" hulu opat kaluhur. Kapaning
> urang ngempel di pilemburan Kusnet/Kisunda teh kedah "sareundeuk saigel
> sabobot sapi huluan" sanes? (Sanessss... Saur manuk)
> >
> > mrachmatrawyani
> >
> > Powered by Telkomsel BlackBerry�
>
> >
> > -----Original Message-----
> > From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> > Sender: [email protected]
> > Date: Wed, 13 Jun 2012 11:13:23
> > To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<
> [email protected]>
> > Reply-To: [email protected]
> > Subject: [kisunda] ngahalang kreatifitas
> >
> > kuring ngaharep di ieu milis kreatifitas atawa kamotekaran teh bisa
> mekaar kaalawan mulus; ulah ngahalang ka naa kreatifitas nu dilakukeun ku
> hiji jelema.
> >
> > Kumahaa cenah ngaahalangan kreatifitas teh ?
> >
> > Nya samodel kieu : eh nulis teh kudu kitu kudu kieu !
> > Bari awalna mah teu aya aturan tertulis yen enya kudu kitu; kudu kieu.
> >
> > Komo mun aya pananya sabangsa kieu mah: Naon gunana eta tulisan keur
> balarea ?!
> > Bari jeung eta nu nulis teh kacida subjektivena teu ngaragap angen
> batur, atawa teu nyilidik naha batur sarua teu resepna jeung manehna ?
> >
> > Eta cara ngahalang kreatifitas nu kitu teh bisa aya dua alesanana, nya
> eta :
> >
> > 1. Sirik ku kreatif batur
> >
> > 2. Kacida sombongna lantaran cek pikir manehna tulisan manehna sorangan
> maah nu pang loba gunana !
> >
> > Jadi akhirna mah lain masalah TULISAN, tapi teu resep atawa IJID ka nu
> nulisna. Tah di na palebah dieu, hese ngajelaskeunana. Sabab memang tiap
> Jalma boga hubungan baatin nu beda2; ayaa nu jol pruk papaanggih resep; aya
> nu jol papaanggih biasa we. tapi aya oge nu saat panggih; jol2 ijid.
> >
> > Tah bisa jadi. Hese nu model kitu mah.
> >
> > Jeung aya oge manusa nu sifat saat lahirna ditakdirkeun ku Pangeran
> pikacuaeun. Istilahna pikaaresepen peureup tea !
> > Jelema nu kitu aya.
> > Mungkin oge kaasup kuring, nu ayeuna keur nulis.
> > Nya na palebah dinya mah; hese rek ngomongnaa ge.
> > �
> >
> > �
> >
>
>  
>

Kirim email ke