Alhamdulillah Bah AA, urang silih lubarkeun. Maju terus, itu tos naragog, ngadagoan terusan CERSIL.
2012/6/14 Abbas <[email protected]> > ** > > > Tah ku margi Ki Hasan 3 rut tos biantaara; ayeuna sim kuring oge neda > dihampua ka kang Dud; mudah2an urang sadayana tetep aya di na kakulawargian. > > Mudah2an Kang Dud ge teu jaheut manah. Urang silih lubarkeun we kasalahan > kalepatan sareng kaluluputan uraang sadaya. > Mudah2an Kang dud jembar manah kersa nampi kaihlasan ti sim kuring. > > Mugia ka payun kang dud ssing langkung rajin nyerat. Amiiin. > > > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > > > Baraya, > > > > Keur uing mah, boh Bah AA, boh Kang Dudi duanana ge aset keur ieu milis > > teh. Nya duanana diantara nu sok resep posting, ngomen jeung sajabana. > > Sacara pribadi tabe, kaduana ge. Anapon sok paketrok dina paguneman, nya > > wajar we, ngaranna ge nepungkeun dua eusi mastaka nu beda. Ayana komen nu > > pro jeung kontra teh hal ilahar. Sisi positifna komentar ti batur diskusi > > teh keur nu dikomen keur instrospeksi. Kitu deui reaksi ti nu dikomen > keur > > nu ngomen, nya keur introspeksi oge. Mun urang ngomen kucara ieu, > reaksina > > kitu; mun ngomen ku cara sejen reaksina kieu. Jeung sajabana. > > > > Jadi ceuk uing mah teu kudu papanjangan. Teuskeun we diskusi deui jiga > > sasari, bari ngeunteung kana naon nu geus kajadian. > > > > Ngan perkara paguneman di ieu milis, ceuk pamanggih pribadi uing, nu bisa > > jadi beda jeung kamandang nu sejen, aya hadena mun urang ngabiasakeun > > diskusi di ieu milis make basa panganteur basa Sunda. Alesanana mah > > sederhana. Loba forum diskusi di Internet teh, rek topik naon wae oge. > Boh > > nu panganteurna basa daerah sejen, malah nu panganteurna basa Indonesia > mah > > tangtu leuwih loba, komo nu panganteurna basa Inggris mah. Tah ku alesan > > eta, aya hadena mun urang make paguneman ku basa Sunda di ieu milis. Nya > > itung-itung ciri khasna, identitasna. Paling henteu ku cara kitu, najan > > urang cicing dimana mendi, profesina, karesepna, agemanana rupa-rupa, > masih > > bisa makaitkeun jeung salah sahiji ciri hiji seler, basa Sunda tea. > > > > Anapon perkara artikel nu disalin tina media, atawa nu ditulis ku urang > tur > > dipublikasikeun dina media, nya taya salahna di-forward ka ieu milis, > > satungtung ceuk tinimbangan urang aya gunana pikeun urang sarerea. Ngan > > paguneman madungdengkeun eta artikel tea, urang make basa Sunda wae. > > > > Tah kitu jigana kamandang uing. Mangga bilih aya kamandang nu sejen. > > > > 2012/6/13 Abbas <abas_amin08@...> > > > > > ** > > > > > > > > > > Alhamdulillah. Nuhun pisan kang Yani. > > > Mudah2an atuh ka payun mah urang papadaa instrospeksi.Aamiin > > > > > > > > > --- In [email protected], mrachmatrawyani@ wrote: > > > > > > > > Teu bade pipilueun dina perkara ieu. Mangga wae dipatotoskeun ku para > > > kuncen anu ngagaduhan hak veto. > > > > > > > > Pameredih ti si kuring mah, disuhunkeun kajembaran manah ka Bah Abbas > > > sareng para kuncen. Urang the pan tos "nincak" hulu opat kaluhur. > Kapaning > > > urang ngempel di pilemburan Kusnet/Kisunda teh kedah "sareundeuk saigel > > > sabobot sapi huluan" sanes? (Sanessss... Saur manuk) > > > > > > > > mrachmatrawyani > > > > > > > > Powered by Telkomsel BlackBerry� > > > > > > > > > > > > -----Original Message----- > > > > From: Abbas Amin <abas_amin08@> > > > > Sender: [email protected] > > > > Date: Wed, 13 Jun 2012 11:13:23 > > > > To: kisunda<[email protected]>; urangsunda< > > > [email protected]> > > > > Reply-To: [email protected] > > > > Subject: [kisunda] ngahalang kreatifitas > > > > > > > > kuring ngaharep di ieu milis kreatifitas atawa kamotekaran teh bisa > > > mekaar kaalawan mulus; ulah ngahalang ka naa kreatifitas nu dilakukeun > ku > > > hiji jelema. > > > > > > > > Kumahaa cenah ngaahalangan kreatifitas teh ? > > > > > > > > Nya samodel kieu : eh nulis teh kudu kitu kudu kieu ! > > > > Bari awalna mah teu aya aturan tertulis yen enya kudu kitu; kudu > kieu. > > > > > > > > Komo mun aya pananya sabangsa kieu mah: Naon gunana eta tulisan keur > > > balarea ?! > > > > Bari jeung eta nu nulis teh kacida subjektivena teu ngaragap angen > > > batur, atawa teu nyilidik naha batur sarua teu resepna jeung manehna ? > > > > > > > > Eta cara ngahalang kreatifitas nu kitu teh bisa aya dua alesanana, > nya > > > eta : > > > > > > > > 1. Sirik ku kreatif batur > > > > > > > > 2. Kacida sombongna lantaran cek pikir manehna tulisan manehna > sorangan > > > maah nu pang loba gunana ! > > > > > > > > Jadi akhirna mah lain masalah TULISAN, tapi teu resep atawa IJID ka > nu > > > nulisna. Tah di na palebah dieu, hese ngajelaskeunana. Sabab memang > tiap > > > Jalma boga hubungan baatin nu beda2; ayaa nu jol pruk papaanggih > resep; aya > > > nu jol papaanggih biasa we. tapi aya oge nu saat panggih; jol2 ijid. > > > > > > > > Tah bisa jadi. Hese nu model kitu mah. > > > > > > > > Jeung aya oge manusa nu sifat saat lahirna ditakdirkeun ku Pangeran > > > pikacuaeun. Istilahna pikaaresepen peureup tea ! > > > > Jelema nu kitu aya. > > > > Mungkin oge kaasup kuring, nu ayeuna keur nulis. > > > > Nya na palebah dinya mah; hese rek ngomongnaa ge. > > > > � > > > > > > > > � > > > > > > > > > > > > > > > > > >
