Hehehe. Ari kasundaan teh naon atuh, Kang Irfan? Na ari kasundaan teh ukur
Iket, kujang, jeung UUBS kitu? Lamun diskusi agama, elmu pangaweruh,
teknologi, ekonomi, pulitik, jeung sajabana lain perkara kasundaan?

Atuh heureut kacida mun kasundaan ukur masalah UUBS mah, misalna. Ari ceuk
uing mah sakur perkara nu pakait jeung kahirupan urang Sunda, naon wae
widangna, nya kaasup kasundaan. Numatak keur sauingeun mah, ngarah teu
kasungkeret ku topik, nu diutamakeun teh basa panganteurna we, ku basa
Sunda. Topikna mah, kumaha minat sewang-sewang we.

Katinggalina ku uing mah, aya hal sejen nu perlu dipalikiran teh: kurangna
inisiator jeung volunteer. Umumna mah urang teh resep diwewelan batur wae,
kurang resep ngawewelan batur. Jigana hadena mah, mun urang kurang resep
kana hiji topik, imbangan, sing baroga inisitip ku postingan nu urang
resep.

2012/9/18 Irpan Rispandi <[email protected]>

> **
>
>
> Nitenan aktipitas milis urang, heueuh anu cenah milis sunda.
>
> Lamun topik pembicaraanna ngeunaan Sunda jeung kasundaan, nu posting
> saeutik, rehe combrek.
>
> Tapi lamun topikna ngeunaan kayakinan jeung agama, beuuuuh.... ngagedur
> kahuruan he..he..he...
>
> Araraneh aya naon ku araraneh ^_^
>

Kirim email ke