he..he..he.. caritana kuring keur ateul ku topik hapeuk ^_^
satuju jeung bah Hasan, ngeunaan topik nu dipikaresep. Kuring resep kana
teknologi, seni, jrrd. Tapi nyakitu teu kaburu wae rek tutulisan panjang
teh.
ke sugan kahareup.
On 09/19/2012 04:04 PM, Ki Hasan wrote:
Hehehe. Ari kasundaan teh naon atuh, Kang Irfan? Na ari kasundaan teh
ukur Iket, kujang, jeung UUBS kitu? Lamun diskusi agama, elmu
pangaweruh, teknologi, ekonomi, pulitik, jeung sajabana lain perkara
kasundaan?
Atuh heureut kacida mun kasundaan ukur masalah UUBS mah, misalna. Ari
ceuk uing mah sakur perkara nu pakait jeung kahirupan urang Sunda,
naon wae widangna, nya kaasup kasundaan. Numatak keur sauingeun mah,
ngarah teu kasungkeret ku topik, nu diutamakeun teh basa panganteurna
we, ku basa Sunda. Topikna mah, kumaha minat sewang-sewang we.
Katinggalina ku uing mah, aya hal sejen nu perlu dipalikiran teh:
kurangna inisiator jeung volunteer. Umumna mah urang teh resep
diwewelan batur wae, kurang resep ngawewelan batur. Jigana hadena mah,
mun urang kurang resep kana hiji topik, imbangan, sing baroga inisitip
ku postingan nu urang resep.
2012/9/18 Irpan Rispandi <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
Nitenan aktipitas milis urang, heueuh anu cenah milis sunda.
Lamun topik pembicaraanna ngeunaan Sunda jeung kasundaan, nu posting
saeutik, rehe combrek.
Tapi lamun topikna ngeunaan kayakinan jeung agama, beuuuuh....
ngagedur
kahuruan he..he..he...
Araraneh aya naon ku araraneh ^_^