Enya Bah Abas, mending napsi-napsi we, urusan UUBS mah. Da batur ge geus
arapaleun ieuh. Padungdengan nu teu pernah rengse, puluhan taun ka tukang.
Topik hapeuk nu taya tungtungna.

Nu dimaksud napsi-naspi teh kieu, geura nya: Nu resep kana UUBS pek
amalkeun ku sorangan. Pake dina postingan, dina komentar. Sangkan nu sejen
kataji ku UUBS. Keur nu teu resep kana UUBS pake we dialek basa Sunda nu
urang resep, nu urang bisa, teu kudu era, da sarua basa Sunda keneh.

Anggap we milis Ki Sunda teh, jiga pasar bebas. Mangga geura dagangkeun,
dagangan masing-masing. Keun nu maca sina milih-milih, milah-milah, naon nu
dipikaresepna.

2012/9/18 Abbas <[email protected]>

> **
>
>
> Eeee tuda tong boro kitu; uing nulis UUBS pan eta teh Sunda Priangan;
> sugan jeung sugan aya nu hayang nyaho kumaha UUBS teh ; eee malah pada
> ngageunggeureuhkeun. Keun we antep cenah napsi2.
> Komo atyuh meureun ngaobrol wungkul mah.
> Tapi Kisunda mah saleuheung. Tah milis tasik tos ngadeg aya ka na tilu
> taunna; tulisanana mah meureun ngan kakara sarebuan mah. WAH !
>
> Eta mah lain combrek deui tapi kawas di Kutub Selatan teh lain bobohongan.
>
>
> --- In [email protected], Irpan Rispandi <mr.rispandi@...> wrote:
> >
> > Nitenan aktipitas milis urang, heueuh anu cenah milis sunda.
> >
> > Lamun topik pembicaraanna ngeunaan Sunda jeung kasundaan, nu posting
> > saeutik, rehe combrek.
> >
> > Tapi lamun topikna ngeunaan kayakinan jeung agama, beuuuuh.... ngagedur
> > kahuruan he..he..he...
> >
> > Araraneh aya naon ku araraneh ^_^
> >
>

Kirim email ke