Enya da hese disengker ge, puguh jarang nu boga inisiatif. Pek we naon wae topikna mah. Ngan basa panganteurna, basa Sunda.
2012/9/19 Ahsa <[email protected]> > ** > > > jadi ayeuna mah aya Sunda Pasar Bebas. Aluslah ngarah teu kuuleun :-) > > => http://www.kompasiana.com/ahsa > > ------------------------------ > *Dari:* Ki Hasan <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Dikirim:* Rabu, 19 September 2012 16:11 > *Judul:* Re: [kisunda] Re: Araraneh aya naon ku araraneh ^_^ > > > > Enya Bah Abas, mending napsi-napsi we, urusan UUBS mah. Da batur ge geus > arapaleun ieuh. Padungdengan nu teu pernah rengse, puluhan taun ka tukang. > Topik hapeuk nu taya tungtungna. > > Nu dimaksud napsi-naspi teh kieu, geura nya: Nu resep kana UUBS pek > amalkeun ku sorangan. Pake dina postingan, dina komentar. Sangkan nu sejen > kataji ku UUBS. Keur nu teu resep kana UUBS pake we dialek basa Sunda nu > urang resep, nu urang bisa, teu kudu era, da sarua basa Sunda keneh. > > Anggap we milis Ki Sunda teh, jiga pasar bebas. Mangga geura dagangkeun, > dagangan masing-masing. Keun nu maca sina milih-milih, milah-milah, naon nu > dipikaresepna. > > 2012/9/18 Abbas <[email protected]> > > ** > > Eeee tuda tong boro kitu; uing nulis UUBS pan eta teh Sunda Priangan; > sugan jeung sugan aya nu hayang nyaho kumaha UUBS teh ; eee malah pada > ngageunggeureuhkeun. Keun we antep cenah napsi2. > Komo atyuh meureun ngaobrol wungkul mah. > Tapi Kisunda mah saleuheung. Tah milis tasik tos ngadeg aya ka na tilu > taunna; tulisanana mah meureun ngan kakara sarebuan mah. WAH ! > > Eta mah lain combrek deui tapi kawas di Kutub Selatan teh lain bobohongan. > > > --- In [email protected], Irpan Rispandi <mr.rispandi@...> wrote: > > > > Nitenan aktipitas milis urang, heueuh anu cenah milis sunda. > > > > Lamun topik pembicaraanna ngeunaan Sunda jeung kasundaan, nu posting > > saeutik, rehe combrek. > > > > Tapi lamun topikna ngeunaan kayakinan jeung agama, beuuuuh.... ngagedur > > kahuruan he..he..he... > > > > Araraneh aya naon ku araraneh ^_^ > > > >
