jadi ayeuna mah aya Sunda Pasar Bebas. Aluslah ngarah teu kuuleun :-)

 
=> http://www.kompasiana.com/ahsa



________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Rabu, 19 September 2012 16:11
Judul: Re: [kisunda] Re: Araraneh aya naon ku araraneh ^_^
 

  


Enya Bah Abas, mending napsi-napsi we, urusan UUBS mah. Da batur ge geus 
arapaleun ieuh. Padungdengan nu teu pernah rengse, puluhan taun ka tukang. 
Topik hapeuk nu taya tungtungna. 

Nu dimaksud napsi-naspi teh kieu, geura nya: Nu resep kana UUBS pek amalkeun ku 
sorangan. Pake dina postingan, dina komentar. Sangkan nu sejen kataji ku UUBS. 
Keur nu teu resep kana UUBS pake we dialek basa Sunda nu urang resep, nu urang 
bisa, teu kudu era, da sarua basa Sunda keneh. 

Anggap we milis Ki Sunda teh, jiga pasar bebas. Mangga geura dagangkeun, 
dagangan masing-masing. Keun nu maca sina milih-milih, milah-milah, naon nu 
dipikaresepna.


2012/9/18 Abbas <[email protected]>

 
>  
>Eeee tuda tong boro kitu; uing nulis UUBS pan eta teh Sunda Priangan; sugan 
>jeung sugan aya nu hayang nyaho kumaha UUBS teh ; eee malah pada 
>ngageunggeureuhkeun. Keun we antep cenah napsi2.
>Komo atyuh meureun ngaobrol wungkul mah.
>Tapi Kisunda mah saleuheung. Tah milis tasik tos ngadeg aya ka na tilu taunna; 
>tulisanana mah meureun ngan kakara sarebuan mah. WAH !
>
>Eta mah lain combrek deui tapi kawas di Kutub Selatan teh lain bobohongan.
>
>
>--- In [email protected], Irpan Rispandi <mr.rispandi@...> wrote:
>>
>> Nitenan aktipitas milis urang, heueuh anu cenah milis sunda.
>> 
>> Lamun topik pembicaraanna ngeunaan Sunda jeung kasundaan, nu posting 
>> saeutik, rehe combrek.
>> 
>> Tapi lamun topikna ngeunaan kayakinan jeung agama, beuuuuh.... ngagedur 
>> kahuruan he..he..he...
>> 
>> Araraneh aya naon ku araraneh ^_^
>>
>




Kirim email ke