Ieu tulisan teh,  kaismeuan (kapangaruhan?) hiji surelek ti batur
kuring anu mukim di New Zealand/Selandia Baru. Di Nagri sajuta domba (populasi
dombana leuwih gede batan populasi jelema), nagri anu pangbersihna dina perkara
korupsi sahandapeun Finlandia, cenah mah kalolobaanana wargana heunteu beragama
(a-theis) lain kominis (hiji ideologi anu teu percaya ayana pangeran anu
nyiptakeun alam semesta, jeung alam aherat. Anu aya). Sok sanajan kitu,
maranehanana ngajenan ka batur anu ngagem agama. Salah sahiji contona ka batur
kuring, upama ngajak huap lingkung tara nyadiakeun atawa ka restoran anu aya
menu daging babi. Atuh dina poean lebara n idul fitri atawa lebaran haji, 
maranehana
sok ngucapkeun salamet lebaran, bari jueng kuram kirim kadaharan/kado sagala.

Di UI kungsi
kadatangan pamuda korea anu milu magang di kantor tempat kuring gawe,
sababaraha bulan. Umurna aya kana 20 an tahun, motekar dina widang teknologi
informasi, basa Indonesiana lumayan lancar, ngakuna mah masih ngagem agama
karesten.Dina hiji obrolan manehna nyaritakeun, kalolobaanana rumaja Korea
Selatan heunteu beragama. Teu nyaho naon gunana lamun ngiluan kana hiji agama.
Tingkat bunuh diri rumaja di Korea selatan teu wudu tinggi oge, dibandingkeun
10 -20 taun katukang. (Kang Yaya van Korea anu ayeuna di Malaysia, tiasa
ngadongeng lankung paos perkara kahirupan di Korea Selatan). Jigana wae,
kusabab tu boga cecekelan ageman, nyanghareupan kahirupan atawa masalah  anu 
susah/rudet, solusi anu paling gampang
pikeun nyingkahan tina masalah, nya  maehan
maneh. (meureun). Pola siga kieu teh persis siga anu kajadian di Jepang
sawatara waktu katukang (eta oge cenah ceuk media).

Duka tah
kumaha kaayaan di nagri paman Sam, naha para rumajana oge teu ngagem agama,
siga kamari anu kajadian rumaja mamawa senjata api nelasan babaturanana jeung
dirina sorangan.

Mangkana
waktu aya rame-rame “karikatur Nabi” di media massa nagri Finlandia (?), pikeun
maranehanana mah ( kaum atheis) teu ngarasa dosa atawa salah, da teu nyaho
etika agama  dina perkara ngahormatan
para Nabi/rasul.
 
mrachmatrawyani

Kirim email ke