Bah Willy tiasa oge korupsi ngadorong kalakuan nyandung. Taah sanggeus korupsi loba harta, teras we culang cileung naon deui nu diberik, tungtungna neuleuman "hahayaman" jeung/atanapi nyandung! Matak supaya teu hahayaman/nyandung nya ulah korupsi! Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: "Waluya" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 28 Feb 2013 08:29:14 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Perkara Nyandung deui .... Baheula di millis sok rame lamun padungdengan perkara nyandung teh. Uing ti baheula oge yakin nyandung teh loba mudaratna tinimbang manfaatna. Boga pamajikan leuwih ti hiji, merlukeun biaya nu leuwih gede. Keur pejabat atawa PNS, ngan pamajikan kahiji nu dibere tunjangan ku nagara (kitu ge teu sabaraha), nu kadua jeung saterusna mah mangga "tanggung sendiri". Akibatna weleh ..jadi korupsi gede-gedean. Buktina tinggorehel ayeuna. Irjen Djoko Susilo, jenderal pulisi nu ayeuna keur ditahan KPK, kabuktian boga pamajikan tepika tilu urang (beja dina detik poe ieu). Pamajikan kaduana nu dikawin tahun 2001, kakara kanyahoan ayeuna ku KPK, ari nu katilu mah pan tilas mojang Solo 2008. Politikus nu kasuruduk kasus sapi oge, pamajikanna kabejakeun tilu urang, komo ari nu ditewak di hotel Le Meridem mah, cenah pamajikanana lima. Tapi acan wareg keneh, masih nyewa "ayam kampus" keur nyakeudeung. Hiji bukti yen nyangdung teh teu ngaleungitkeun kalakuan karesep kana "jajan". Jadi akibat nyandung, bisa ngadorong kalakuan korupsi! WLY
