Karek maca bieu dina Tempo, kasus nyandung jeung korupsi. Cing mana nu
leuwih logis:
1. Nyandung, nu jadi sabab korupsi? atawa
2. Korupsi, nu jadi sabab nyandung?
Hehehe

2013/2/28 Waluya <[email protected]>

> **
>
>
> Baheula di millis sok rame lamun padungdengan perkara nyandung teh. Uing ti
> baheula oge yakin nyandung teh loba mudaratna tinimbang manfaatna. Boga
> pamajikan leuwih ti hiji, merlukeun biaya nu leuwih gede. Keur pejabat
> atawa
> PNS, ngan pamajikan kahiji nu dibere tunjangan ku nagara (kitu ge teu
> sabaraha),
> nu kadua jeung saterusna mah mangga "tanggung sendiri". Akibatna weleh
> ..jadi
> korupsi gede-gedean. Buktina tinggorehel ayeuna.
>
> Irjen Djoko Susilo, jenderal pulisi nu ayeuna keur ditahan KPK, kabuktian
> boga
> pamajikan tepika tilu urang (beja dina detik poe ieu). Pamajikan kaduana nu
> dikawin tahun 2001, kakara kanyahoan ayeuna ku KPK, ari nu katilu mah pan
> tilas
> mojang Solo 2008.
>
> Politikus nu kasuruduk kasus sapi oge, pamajikanna kabejakeun tilu urang,
> komo
> ari nu ditewak di hotel Le Meridem mah, cenah pamajikanana lima. Tapi acan
> wareg
> keneh, masih nyewa "ayam kampus" keur nyakeudeung. Hiji bukti yen
> nyangdung teh
> teu ngaleungitkeun kalakuan karesep kana "jajan".
>
> Jadi akibat nyandung, bisa ngadorong kalakuan korupsi!
>
> WLY
>

Kirim email ke