Lepat Bah Willy. Kumargi korupsi, bingung bade dikamanakeun eta duit haram teh. Nya ahirna kanggo nyandung. Ieu ngeunah, itu ngeunah. Jadi wae rareuneuh. Sigana wae (meureun), Gan Aceng ge, masih nyimpen duit teu puguh. Jadi wae "dipuguhkeun" jang kawin deui.
Tapi memang cenah watek dasar lalaki mah, hayang midua, mitilu. mangkana dina Qur'an aya "lolongkrang" pikeun nyandung. Tapi nya saratna, "siritna" kudu kuat. aya beja di hiji media, cenah aya lalaki dina sapoena bisa orgasmus nepi ka 30 kali. Kumaha eta nyalurkeunana? mana aya jikan nu tahan? Sigan wae perkara nyandung ieu, aya "gen" turunan ti kolotna jeung gumantung kana kaayaan lingkungan. Kuring boga dulur, umurna geus 60 an taun, kungsi nyandung. Tapi masih keukeuh wae, hayang nyandung deui. aya dulur sejen, umurna rek 40 taun, tapi geus wani nyandung. anak ti jikan kahiji ngan beda sababaraha bulan jeung anakna ti jikan kadua. Ceuk cenah mah, ayeuna geus "plarak-plirik" deui, rek neangan jikan nu anyar. Waktu dicukruk, ceuk cenah, buyutna oge boga jikan leuwih ti hiji. mrachmatrawyani ________________________________ From: Waluya <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, February 28, 2013 12:29 AM Subject: [kisunda] Perkara Nyandung deui .... Baheula di millis sok rame lamun padungdengan perkara nyandung teh. Uing ti baheula oge yakin nyandung teh loba mudaratna tinimbang manfaatna. Boga pamajikan leuwih ti hiji, merlukeun biaya nu leuwih gede. Keur pejabat atawa PNS, ngan pamajikan kahiji nu dibere tunjangan ku nagara (kitu ge teu sabaraha), nu kadua jeung saterusna mah mangga "tanggung sendiri". Akibatna weleh ..jadi korupsi gede-gedean. Buktina tinggorehel ayeuna. Irjen Djoko Susilo, jenderal pulisi nu ayeuna keur ditahan KPK, kabuktian boga pamajikan tepika tilu urang (beja dina detik poe ieu). Pamajikan kaduana nu dikawin tahun 2001, kakara kanyahoan ayeuna ku KPK, ari nu katilu mah pan tilas mojang Solo 2008. Politikus nu kasuruduk kasus sapi oge, pamajikanna kabejakeun tilu urang, komo ari nu ditewak di hotel Le Meridem mah, cenah pamajikanana lima. Tapi acan wareg keneh, masih nyewa "ayam kampus" keur nyakeudeung. Hiji bukti yen nyangdung teh teu ngaleungitkeun kalakuan karesep kana "jajan". Jadi akibat nyandung, bisa ngadorong kalakuan korupsi! WLY
