Duanana ge logis, tapi nomer 1 rada lemah sabab loba nu nyandung kulantaran lain ambtenaar nya teu bisa korupsi. Ari nomer 2 asa loba kabuktian sabab nya eta "money is king". Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 28 Feb 2013 17:31:18 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Perkara Nyandung deui .... Karek maca bieu dina Tempo, kasus nyandung jeung korupsi. Cing mana nu leuwih logis: 1. Nyandung, nu jadi sabab korupsi? atawa 2. Korupsi, nu jadi sabab nyandung? Hehehe 2013/2/28 Waluya <[email protected]> > ** > > > Baheula di millis sok rame lamun padungdengan perkara nyandung teh. Uing ti > baheula oge yakin nyandung teh loba mudaratna tinimbang manfaatna. Boga > pamajikan leuwih ti hiji, merlukeun biaya nu leuwih gede. Keur pejabat > atawa > PNS, ngan pamajikan kahiji nu dibere tunjangan ku nagara (kitu ge teu > sabaraha), > nu kadua jeung saterusna mah mangga "tanggung sendiri". Akibatna weleh > ..jadi > korupsi gede-gedean. Buktina tinggorehel ayeuna. > > Irjen Djoko Susilo, jenderal pulisi nu ayeuna keur ditahan KPK, kabuktian > boga > pamajikan tepika tilu urang (beja dina detik poe ieu). Pamajikan kaduana nu > dikawin tahun 2001, kakara kanyahoan ayeuna ku KPK, ari nu katilu mah pan > tilas > mojang Solo 2008. > > Politikus nu kasuruduk kasus sapi oge, pamajikanna kabejakeun tilu urang, > komo > ari nu ditewak di hotel Le Meridem mah, cenah pamajikanana lima. Tapi acan > wareg > keneh, masih nyewa "ayam kampus" keur nyakeudeung. Hiji bukti yen > nyangdung teh > teu ngaleungitkeun kalakuan karesep kana "jajan". > > Jadi akibat nyandung, bisa ngadorong kalakuan korupsi! > > WLY >
