Bisnis jaman ayeuna geus campur politik. Serangan ekonomi geus biasa ngagunakeun kakuatan politik di garis hareup. Makana indonesia teu bisa nanaon nyanghareupan Freeport lantaran aya beking pamarentah USA di tukangna.
Tah, PT. DI oge pan dipaehan ku IMF cenah mah salah sahijina pak Habibie harita geus ngamimitian nyieun rancangan pikeun ngawangun pesawat kelas Airbus/Boeing. Lamun diteruskeun ku pak Habibie tepi ka rampung eta rencana maka bakal aya lawan beurat pikeun Boeing/Airbus. Jadi salah sahiji misi IMF waktu taun 1998 asup ka Indonesia teh salain maehan pak Soeharto teh nya maehan PT. DI. Mangga geura diguar deui program-program anu didedetkeun ku IMF ka urang bangsa indonesia, bakal kaciri pisan hayang maehan PT. DI. Ngan loba jalma anu labil jiwa jeung pikirna, daek wae dijadikeun pion ekonomi/politik bangsa batur. Pak Habibie jeung PT. DI-na dihujat, dipoyokan cenah pesawat ditukeru jeung beas ketan ti Thailand. Sabenerna nya anu belegug mah atu mentri pertanian. Pan urang teh boga IPB jeung sajabana. Naha teu mampu melak pare di nagara sorangan? Maenya pak Habibie salian mikiran pesawat di PT. DI oge kudu mikiran melak pare? Kamana atuh professor pertanian teh? Salam Febi === ________________________________ Von: oman abdurahman <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]> CC: urang sunda <[email protected]> Gesendet: 11:31 Samstag, 6.April 2013 Betreff: [kisunda] Ngagaurna "Singa" Indonesia Baraya, Lion Air, pausahaan penerbangan urang, ngagaur. Ketakna mesen 234 pesawat jenis Airbus lain jore-jore. Eta kontrak Lion Air jeung Airbus teh ceuk cenah ngajamin 5.000 pagawe (?) salila 10 tahun, lain di Indonesia, tapi di Perancis, tempat pabrik Airbus. Karasa hanjeluna kunaon baheula urang henteu ngaraksa ngariksa IPTN. Lamun seug harita IPTN bisa disalametkeun, tangtu meureun Lion Air oge mesen sababaraha - boa ratusan - pesawat ka PT DI (IPTN baheula). Ngan, mudah2an wae ku ayana tambahan 234 kapal udara ti Lion, tambah loba oge angkatan kerja anu bisa kaserep ku dunya kerja di Indonesia, khususna penerbangan. Nyanggakeun wartana: # VIVAnews - Lion Air tampaknya segera menjadi “singa” sesungguhnya di udara. Di Istana Elysee Paris, Prancis, Senin pekan lalu, Rusdi Kirana, bos maskapai udara berlogo singa itu tersenyum lebar. Dia berjalan gagah mengapit Presiden Prancis Francois Hollande, bersama Presiden dan CEO Airbus, Fabrice Bregier. Satu kontrak besar, dan juga memukau, baru saja diteken... Salengkepna: http://sorot.news.viva.co.id/news/read/399583-gebrakan--gila--lion-air manar
