Korsel anu high tech oge pan tos mesen pesawat ti PT. DI kanggo patroli pantai. 
 Waktos sim kuring ningal di hanggar PT. DI, modern tah pesawat teh, aya sensor 
permukaan pantai sagala.  Padahal di pantai urang sorangan patrolina paninten 
nganggo ojeg? he.. he.. he..  Oge nagara nuklir sapertos pakistan oge militerna 
mesen pesawat ka PT. DI.  Ayeuna saurna tahun ieu wae di PT. DI tos ngantri 
orderan sanilai Rp 7 triliun langkung.

Kalintang sae SDM PT. DI teh. Oge seueur SDM PT. DI 'disewakeun' di nagara 
batur.
Turki oge aya kerja sama sareng PT. DI kanggo ngembangkeun pesawat di nagrina.

Salam

Febi Ahmad Hazairin
==============





________________________________
 Von: Abbas Amien <[email protected]>
An: [email protected] 
Gesendet: 12:17 Samstag, 6.April 2013
Betreff: Re: [kisunda] Ngagaurna "Singa" Indonesia
 

  
eeee ari masalah beas mah, kapan nepi ka ayeuna ge impor we terus. Masalah 
baheula pesawat ditukeur ku beas ketan, lain masalah kurang pangan; tapi ti 
batan teu laku wae mah; nu hayang meuli ngan ukur hayang ditukeur ku ketan. Nya 
atuh KAPAKSA ditarima.
Tapi mun urang ngajual pesawat ka nagara samodel NKRI mah KORUPNA sigana bisa 
wae; asal biasa KOMISI bikeun ka Mentri nu nguruskeunana. Tah mungkin pesawat 
IPTN bisa laku oge najan pasti HESE; lantaran tetep we kangaranan pesawat mah 
loba resikona. Rag2 tea ruksak tea jste. Dimana KAPERCAYAAN nu jadi MODAL Utama 
tiap Nagara; NKRI mah sigana IPIS pisan.

--- On Sat, 6/4/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:


>From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
>Subject: Re:
 [kisunda] Ngagaurna "Singa" Indonesia
>To: "[email protected]" <[email protected]>
>Cc: "urang sunda" <[email protected]>
>Received: Saturday, 6 April, 2013, 4:45 AM
>
>
>  
>Bisnis jaman ayeuna geus campur politik.  Serangan ekonomi geus biasa 
>ngagunakeun kakuatan politik di garis hareup. Makana indonesia teu bisa nanaon 
>nyanghareupan Freeport lantaran aya beking pamarentah USA di tukangna.
>
>Tah, PT. DI oge pan dipaehan ku IMF cenah mah salah sahijina pak Habibie 
>harita geus ngamimitian nyieun rancangan pikeun ngawangun pesawat kelas 
>Airbus/Boeing.  Lamun diteruskeun ku pak Habibie tepi ka rampung eta rencana 
>maka bakal aya lawan beurat pikeun Boeing/Airbus.  Jadi salah sahiji misi IMF 
>waktu taun 1998 asup ka Indonesia teh salain maehan pak Soeharto teh nya 
>maehan PT. DI. Mangga geura diguar deui program-program anu didedetkeun ku IMF 
>ka urang bangsa indonesia, bakal kaciri pisan hayang maehan PT. DI.
>
>Ngan loba jalma anu labil jiwa jeung pikirna, daek wae dijadikeun pion
 ekonomi/politik bangsa batur. Pak Habibie jeung PT. DI-na dihujat, dipoyokan 
cenah pesawat ditukeru jeung beas ketan ti Thailand.  Sabenerna nya anu belegug 
mah atu mentri pertanian.  Pan urang teh boga IPB jeung sajabana.  Naha teu 
mampu melak pare di nagara sorangan?  Maenya pak Habibie salian mikiran pesawat 
di PT. DI oge kudu mikiran melak pare?  Kamana atuh professor pertanian teh?
>
>Salam
>
>Febi
>===
>
>
>
>
>
>
>________________________________
> Von: oman abdurahman <[email protected]>
>An: "[email protected]" <[email protected]> 
>CC: urang sunda <[email protected]> 
>Gesendet: 11:31 Samstag, 6.April 2013
>Betreff: [kisunda] Ngagaurna "Singa" Indonesia
> 
>
>  
>Baraya,
>
>Lion Air, pausahaan penerbangan urang, ngagaur. Ketakna mesen 234 pesawat 
>jenis Airbus lain jore-jore. Eta kontrak Lion Air jeung Airbus teh ceuk cenah 
>ngajamin 5.000 pagawe (?) salila 10 tahun, lain di Indonesia, tapi di 
>Perancis, tempat pabrik Airbus. 
>
>Karasa hanjeluna kunaon baheula urang henteu ngaraksa ngariksa IPTN. Lamun 
>seug harita IPTN bisa disalametkeun, tangtu meureun Lion Air oge mesen 
>sababaraha - boa ratusan - pesawat ka PT DI (IPTN baheula). Ngan, mudah2an wae 
>ku ayana tambahan 234 kapal udara ti Lion, tambah loba oge angkatan kerja anu 
>bisa kaserep ku dunya kerja di Indonesia, khususna penerbangan. Nyanggakeun 
>wartana: 
>
>#
>VIVAnews  - Lion Air tampaknya segera menjadi “singa” 
sesungguhnya di udara. Di Istana Elysee Paris, Prancis, Senin pekan 
lalu, Rusdi Kirana, bos maskapai udara berlogo singa itu tersenyum 
lebar. Dia berjalan gagah mengapit Presiden Prancis Francois Hollande, 
bersama Presiden dan CEO Airbus, Fabrice Bregier. Satu kontrak besar, 
dan juga memukau, baru saja diteken...
>
>Salengkepna:
>http://sorot.news.viva.co.id/news/read/399583-gebrakan--gila--lion-air
>
>
>manar
>
>
> 
 

Kirim email ke