Biasa eta mah Kang, kawijaksanaan pamerentah teh sakapeung mah teu nyambung 
antara departemen / intansi teh, malah aya nu kacirina patulang tonggong. 
Contona aya kawijaksanaan perkara mobil murah, di sisi lain, pamarentah pakepuk 
kulantaran jalan-jalan pinuh teuing ku kendaraan, tepika macet dimana-mana. Tah 
eta mobil-mobil murah teh rek dimana sina gegeleyeranana, cacakan ayeuna wae 
geus siga kieu?

Perkawis Lion Air, kuring mah salut ka managemenna, tepika dipercaya nginjeum 
duit ku bank-bank/ lembaga keuangan diluar, tapi oge meureun ditunjang ku 
pertumbuhan ekonomi Indonesia nu tepika 6%/ taun. Cenah ngan aya tilu nagara di 
Dunia nu pertumbuhan ekonomina 6% leuwih (Cina, India jeung Indonesia). Puguh 
we matak "hejo" panon/pikabitaeun investor ti luar.

Hanjakal pisan lamun Indonesia (pamarentah jeung rakyatna, kaasup urang-urang) 
teu bisa ngamanfaatkeun momentum ieu .....

WLY 

--- In [email protected], TirtaCW@... wrote:
>
> Kang Haji eta nu dipikamelang, pamarentah kemenhub teu acan gaduh arsitektur 
> stratei pengembangan transportasi, janten teu katingal upaya 
> pembagian/sharing produksi tina pesenan.
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> 
> -----Original Message-----
> From: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Mon, 8 Apr 2013 20:34:26 
> To: <[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Subject: Re: [kisunda] Re: Ngagaurna "Singa" Indonesia
> 
> memang leres pisan, ulah dugi ka swasta ngatur strategi pamarentah. Dina 
> perkara ieu, sigana kedah disiasatan. Aya komponen-komponen tertentu pesawat 
> buatna Perancis anu tiasa di damel ku PT DI. Tah, upami pamarentah tiasa 
> meredih ka pamarentah Perancis atanapi pabrik pesawat Perancis anu dipesen ku 
> lion air, lumayan, sabagian artos pembelian pesawat tiasa ditarik deui ka 
> Indonesia. Pokona mah sing pinter-pinter ningali lolongkrang bisnis. Teu 
> tiasa proyek anu ageung-ageung, keun wae proyek nu aralit oge teu naon-naon.
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> --- On Mon, 4/8/13, TirtaCW@... <TirtaCW@...> wrote:
> 
> From: TirtaCW@... <TirtaCW@...>
> Subject: Re: [kisunda] Re: Ngagaurna "Singa" Indonesia
> To: "kisunda" <[email protected]>
> Date: Monday, April 8, 2013, 4:24 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
>     
>       
>       
>       
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Saleresna pamarentah kedah ngiringan dina regulasi, kumaha2 oge pami aya 
> naon2 dampakna tetep ka pamarentah. Kitu pangalaman krisis 97/9x nu aslina 
> swasta tapi akhirna pamarentah nu karugrugan. Nu jadi patarosan naha 
> pamarentah gaduh landscape strategy dunya penerbangan???Powered by Telkomsel 
> BlackBerry®From:  MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...>
> Sender:  [email protected]
> Date: Mon, 8 Apr 2013 01:41:47 -0700 (PDT)To: 
> <[email protected]>ReplyTo:  [email protected]
> Subject: Re: [kisunda] Re: Ngagaurna "Singa" Indonesia
> 
>  
> 
> 
> 
>     
>       
>       
>       dina perkara ieu, urang sigana kedah rada serieus naon anu bakal tumiba 
> pikeun urang Indonesia, heunteu ngan sakadar ngomentar wae. Sigana wae dina 
> sajarah penerbangan, kasus ieu teh hiji hal anu anyar tur luar biasa.
> 
> Upama naon anu disaurkeun ku Bah Willy leres, yen ieu teh mung  sakadar 
> ngagolangkeun duit nagri batur pikeun ngahirupkeun industri penerbangan 
> nagara maranehana, nyata pisan Boss Lion Air mung sakadar jadi alat 
> kapitalisme pikeun "meres" nagri urang. Tapi kumargi ieu teh pihak pausahaan 
> swasta, pamarentah teu tiasa intervensi dina soal bisnis ieu. Urang tingali 
> wae, ketakna pausahaan Lion air. Kamari pan nyewa tempat kerjasama sareng 
> nagri Jiran Malaysia. Kumaha tah dina perkara penyediaan tenaga SDMna. Naha 
> mangpaatkeun tanaga Indonesia atawa tanaga asing.
> 
> mrachmatrawyani
> 
> --- On Sun, 4/7/13, Waluya
>  <waluya2006@...> wrote:
> 
> From: Waluya <waluya2006@...>
> Subject: [kisunda] Re: Ngagaurna "Singa" Indonesia
> To: [email protected]
> Date: Sunday, April 7, 2013, 9:35 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
>     
>       
>       
>       Lion Air meser kapal Boeing jeung Air Bus dugi ka ratusan, cenah mah ku 
> cara ngiridit ari nu masihan kreditna Bank-Bank di nagara-nagara kapal udara 
> ieu dijieun. Jadi saleresna mah Lion Air ukur ngagolangkeun duit bank-bank 
> nagara produsen kapal. Keur nagara produsen kapal, jelas nguntungkeun, 
> likuiditas bank-bankna ngalir/ cair bari sakaligus ngadukung industri kapal 
> udarana.
> 
> 
> 
> Kalemahan di Indonesia, teknologi kapal udara jijieunanana tiasa wae canggih 
> ngan teu aya lembaga keuangan di Indonesia (siga bank) nu mampu masihan 
> kredit keur nu meuli kapal. Tong boro mere kiridit keur nu meuli ti luar 
> negeri, nu meuli ti jero nagara wae, acan tangtu aya bank nu wani masihan.
> 
> 
> 
> Jadi? Nya duka teuing atuh, meureun kudu baleunghar heula urang Indonesiana 
> ...........
> 
> 
> 
> WLY 
> 
> 
> 
> --- In [email protected], TirtaCW@ wrote:
> 
> >
> 
> > Saena urang oge kedah ngaca kana raray sorangan kunaon bisa2na dicurat 
> > coret batur. Lamun Gordon Gecko jawara na pilem  wall street pasti nyarita 
> > "kunaon PT DI diancurkeun nya sababna PT DI rangu diancurkeun (wreckable). 
> 
> > Powered by Telkomsel BlackBerry®
> 
> > 
> 
> > -----Original Message-----
> 
> > From: Ahmad Hazairin <don_febi@>
> 
> > Sender: [email protected]
> 
> > Date: Sat, 6 Apr 2013 05:45:09 
> 
> > To: [email protected]<[email protected]>
> 
> > Reply-To: [email protected]
> 
> > Cc: urang sunda<[email protected]>
> 
> > Subject: Re: [kisunda] Ngagaurna "Singa" Indonesia
> 
> > 
> 
> > Bisnis jaman ayeuna geus campur politik.  Serangan ekonomi geus biasa 
> > ngagunakeun kakuatan politik di garis hareup. Makana indonesia teu bisa 
> > nanaon nyanghareupan Freeport lantaran aya beking pamarentah USA di 
> > tukangna.
> 
> > 
> 
> > Tah, PT. DI oge pan dipaehan ku IMF cenah mah salah sahijina pak Habibie 
> > harita geus ngamimitian nyieun rancangan pikeun ngawangun pesawat kelas 
> > Airbus/Boeing.  Lamun diteruskeun ku pak Habibie tepi ka rampung eta 
> > rencana maka bakal aya lawan beurat pikeun Boeing/Airbus.  Jadi salah 
> > sahiji misi IMF waktu taun 1998 asup ka Indonesia teh salain maehan pak 
> > Soeharto teh nya maehan PT. DI. Mangga geura diguar deui program-program 
> > anu didedetkeun ku IMF ka urang bangsa indonesia, bakal kaciri pisan hayang 
> > maehan PT. DI.
> 
> > 
> 
> > Ngan loba jalma anu labil jiwa jeung pikirna, daek wae dijadikeun pion 
> > ekonomi/politik bangsa batur. Pak Habibie jeung PT. DI-na dihujat, 
> > dipoyokan cenah pesawat ditukeru jeung beas ketan ti Thailand.  Sabenerna 
> > nya anu belegug mah atu mentri pertanian.  Pan urang teh boga IPB jeung 
> > sajabana.  Naha teu mampu melak pare di nagara sorangan?  Maenya pak 
> > Habibie salian mikiran pesawat di PT. DI oge kudu mikiran melak pare?  
> > Kamana atuh professor pertanian teh?
> 
> > 
> 
> > Salam
> 
> > 
> 
> > Febi
> 
> > ===
> 
> > 
> 
> > 
> 
> > 
> 
> > 
> 
> > ________________________________
> 
> >  Von: oman abdurahman <omanarah@>
> 
> > An: "[email protected]" <[email protected]> 
> 
> > CC: urang sunda <[email protected]> 
> 
> > Gesendet: 11:31 Samstag, 6.April 2013
> 
> > Betreff: [kisunda] Ngagaurna "Singa" Indonesia
> 
> >  
> 
> > 
> 
> >   
> 
> > Baraya,
> 
> > 
> 
> > Lion Air, pausahaan penerbangan urang, ngagaur. Ketakna mesen 234 pesawat 
> > jenis Airbus lain jore-jore. Eta kontrak Lion Air jeung Airbus teh ceuk 
> > cenah ngajamin 5.000 pagawe (?) salila 10 tahun, lain di Indonesia, tapi di 
> > Perancis, tempat pabrik Airbus. 
> 
> > 
> 
> > Karasa hanjeluna kunaon baheula urang henteu ngaraksa ngariksa IPTN. Lamun 
> > seug harita IPTN bisa disalametkeun, tangtu meureun Lion Air oge mesen 
> > sababaraha - boa ratusan - pesawat ka PT DI (IPTN baheula). Ngan, mudah2an 
> > wae ku ayana tambahan 234 kapal udara ti Lion, tambah loba oge angkatan 
> > kerja anu bisa kaserep ku dunya kerja di Indonesia, khususna penerbangan. 
> > Nyanggakeun wartana: 
> 
> > 
> 
> > #
> 
> > VIVAnews  - Lion Air tampaknya segera menjadi “singa” 
> 
> > sesungguhnya di udara. Di Istana Elysee Paris, Prancis, Senin pekan 
> 
> > lalu, Rusdi Kirana, bos maskapai udara berlogo singa itu tersenyum 
> 
> > lebar. Dia berjalan gagah mengapit Presiden Prancis Francois Hollande, 
> 
> > bersama Presiden dan CEO Airbus, Fabrice Bregier. Satu kontrak besar, 
> 
> > dan juga memukau, baru saja diteken...
> 
> > 
> 
> > Salengkepna:
> 
> > http://sorot.news.viva.co.id/news/read/399583-gebrakan--gila--lion-air
> 
> > 
> 
> > 
> 
> > manar
> 
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke