Saena urang oge kedah ngaca kana raray sorangan kunaon bisa2na dicurat coret 
batur. Lamun Gordon Gecko jawara na pilem  wall street pasti nyarita "kunaon PT 
DI diancurkeun nya sababna PT DI rangu diancurkeun (wreckable). 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 6 Apr 2013 05:45:09 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Cc: urang sunda<[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Ngagaurna "Singa" Indonesia

Bisnis jaman ayeuna geus campur politik.  Serangan ekonomi geus biasa 
ngagunakeun kakuatan politik di garis hareup. Makana indonesia teu bisa nanaon 
nyanghareupan Freeport lantaran aya beking pamarentah USA di tukangna.

Tah, PT. DI oge pan dipaehan ku IMF cenah mah salah sahijina pak Habibie harita 
geus ngamimitian nyieun rancangan pikeun ngawangun pesawat kelas Airbus/Boeing. 
 Lamun diteruskeun ku pak Habibie tepi ka rampung eta rencana maka bakal aya 
lawan beurat pikeun Boeing/Airbus.  Jadi salah sahiji misi IMF waktu taun 1998 
asup ka Indonesia teh salain maehan pak Soeharto teh nya maehan PT. DI. Mangga 
geura diguar deui program-program anu didedetkeun ku IMF ka urang bangsa 
indonesia, bakal kaciri pisan hayang maehan PT. DI.

Ngan loba jalma anu labil jiwa jeung pikirna, daek wae dijadikeun pion 
ekonomi/politik bangsa batur. Pak Habibie jeung PT. DI-na dihujat, dipoyokan 
cenah pesawat ditukeru jeung beas ketan ti Thailand.  Sabenerna nya anu belegug 
mah atu mentri pertanian.  Pan urang teh boga IPB jeung sajabana.  Naha teu 
mampu melak pare di nagara sorangan?  Maenya pak Habibie salian mikiran pesawat 
di PT. DI oge kudu mikiran melak pare?  Kamana atuh professor pertanian teh?

Salam

Febi
===




________________________________
 Von: oman abdurahman <[email protected]>
An: "[email protected]" <[email protected]> 
CC: urang sunda <[email protected]> 
Gesendet: 11:31 Samstag, 6.April 2013
Betreff: [kisunda] Ngagaurna "Singa" Indonesia
 

  
Baraya,

Lion Air, pausahaan penerbangan urang, ngagaur. Ketakna mesen 234 pesawat jenis 
Airbus lain jore-jore. Eta kontrak Lion Air jeung Airbus teh ceuk cenah 
ngajamin 5.000 pagawe (?) salila 10 tahun, lain di Indonesia, tapi di Perancis, 
tempat pabrik Airbus. 

Karasa hanjeluna kunaon baheula urang henteu ngaraksa ngariksa IPTN. Lamun seug 
harita IPTN bisa disalametkeun, tangtu meureun Lion Air oge mesen sababaraha - 
boa ratusan - pesawat ka PT DI (IPTN baheula). Ngan, mudah2an wae ku ayana 
tambahan 234 kapal udara ti Lion, tambah loba oge angkatan kerja anu bisa 
kaserep ku dunya kerja di Indonesia, khususna penerbangan. Nyanggakeun wartana: 

#
VIVAnews  - Lion Air tampaknya segera menjadi “singa” 
sesungguhnya di udara. Di Istana Elysee Paris, Prancis, Senin pekan 
lalu, Rusdi Kirana, bos maskapai udara berlogo singa itu tersenyum 
lebar. Dia berjalan gagah mengapit Presiden Prancis Francois Hollande, 
bersama Presiden dan CEO Airbus, Fabrice Bregier. Satu kontrak besar, 
dan juga memukau, baru saja diteken...

Salengkepna:
http://sorot.news.viva.co.id/news/read/399583-gebrakan--gila--lion-air


manar

 

Kirim email ke