Yaktos, kitu upami dina media nu sumberna ti CNN, CNBC sareng Reuteur. Kedube RI di Kairo aman-aman sajah. WNI 3000 jalmi seuseueurna mahasiswa, aman sejahtera. Biasa, Ang Dudi. Ngarah euwah..heheheh
________________________________ Dari: dudi <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 14:29 Judul: Re: [kisunda] Dosa Mursi? Kuring mah maca republika tempo gatra wungkul sih , jeung sababaraha situs kenca hahaha On Friday, July 5, 2013, nasrul jatnika <[email protected]> wrote: > > > Tujuh las juta? Wah, mekkah wae unggal haji mung nampung, 2 juta jalmi. > Jelema pagilinggisik masih tiasa. Tahrir Square hampir sami sareng bunderan > HI di Lembur. Nu jelas teu sagede saperti Mekkah. Massa Mursi nu aya di > Ash'ad, Ismailiyah sareng Iskandariah (Alexandria, kota-kota lain anu > rahayatna pro Mursi siap ngabanjiran Kairo upami legitimasi Mursi dicabut. > Ngan, sakali deui media teu aya nu ngaliput. Keun wae cuang tingalikeun. > Punten, masalahna sanes caket atanapi henteuna ti Puseur kajantenan, tapi > sumber informasi sareng berita anu dugi ka urang. Al Jazeera masih mending. > Anu sae Adda'wah, Jamiuturrahmah TV, Iftihar sareng nu sanesna. Mangga saena > diuningaan di situs-situs nu benten sareng sumber Reuteur, CNN sareng CNBC. > Hatur nuhun.. > ________________________________ > Dari: dudi <[email protected]> > Kepada: "[email protected]" <[email protected]> > Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 13:55 > Judul: Re: [kisunda] Dosa Mursi? > > > seueur nu nanya, naha leres nu kajadian di mesir teh kudeta militer? > > demo rahayat mesir nu ditungtungan ku ngagubragna kawasa mursi teh aya nu > nyebut pangbadagna dina sajarah. saurang mentri kabinet mursi nyebut nu demo > nepi ka 17 juta urang. aya oge nu nyebut leuwih, nepi ja 30 juta cenah. > > aya analisis, gerakna militer nurunkeun mursi teh sanggeus ningali kaayaan > mesir nu pikahariwangeun. gedong2 pamarentahan geus dikepung ku rahayat. rek > diduruk. cek tangtara, kudeta rahayat langsung bakal leuwih ngarugikeun > kaayaan mesir. kajadianna mirip jeung kaayaan basa tangtara oge ngilu > nurunkeun mubarak. > > saterusna, naha enya amerika aya disatukangeun gerakan anti mursi. kacindekan > eta kurang didukung ku fakta-fakta nu pating suliwer. diantarana, dina sataun > pamarentahanna, mursi kungsi narima dua kali bantuan ti imf. sanggeus > kajadian, obama manghandeueulkeun ayana kudeta. samalah cenah, bantuan ti > amerika ge bakal dibatalkeun. > > naha leres islam sacara umum oge kristen koptik ngadukung kawijaksanaan mursi? > > hal eta bisa kagambar basa pamingpin kudeta jenderal abdul fatah assisi > ngumumkeun dikudetana mursi. ditukangeun jendral nyampak syeikh agung al > azhar ahmad al tayeb jeung pamingpin kopti tawadrous ii. > > salahsahiji alesan naha mursi dimakjulkeun ku sakitu lobana rahayat mesir, > nya jalaran kawijakan mursi nu sektarian. ngaheulakeun teuing golonganna. > > sakitu heula ti kuring nu hirup di bogor. jauh pisan ti mesir, jadi pasti teu > seueur info nu dugi ka panon sim abdi. benten sareng nu linggih di kairo > atanapi doha. sanes kitu ki hasan? :) > > On Friday, July 5, 2013, nasrul jatnika <[email protected]> wrote: >> >> >> Salam.. >> Tanah Mesir 6x langkung subur sanes rahul. Penelitianana tos ngalibetkeun >> panalungtik ti mana mendi. Sarolehna urang Mesir, utamina nu ngajukung >> Mursi, henteu gumantung sorban cara di Enonesa. Malah upami ningali >> kahirupanana, leuwih basajan manan urang lembur. Ngan, sumanget ngapalkeun >> Qur'an misalna, ngagedur dina dada jeung kahirupan sapopoe. Aya hiji lembur >> di wilayah Asyut, nu sapangeusi eta lembur, arapal Qur'an ti nincak umur 7 >> taun. Pamuda-pamudana sok era parada lamun aya nu naros, "Kam juz'an >> hafidzuk?" Mursi, hiji-hijina Persiden saalam dunya nu Hafidz qur'an 30 juz. >> Maenya kanu hafidz oge bade dieleg kitu? Hehehehe... :-D >> Investasi ka Mesir, lamun dibandingkeun jeung awal Pemerintahan Mubarrak, >> malih sareng ahirna oge, tos langkung majeng. Malah kontribusi pemerintahan >> Mursi kanggo minuhan kas nagara sanggeus dibolongan defisit rezim Mubarrak, >> kacida katingalina. Perekonomian Mesir, kakara dina satangtungna sajarah ieu >> nagri, teu ngalaman inflasi. Harga stabil. Samalah, lamun dijadikeun tuluy 5 >> taun, perumbuhan ekonomi bakal naek 2 digit (hartina diluhureun 10%). Bari >> jeung ngandelkeun kakuatan dalam Negri. Lain nginjeum ka LN. >> Masalah strategis ngagunakeun undang-undang dasar dumasar kana syareat, eta >> kapan tos direferendum. Ampir 80% rahayat Mesir satuju. Apan kaasup sopan >> santun bernegara, lamun rahayat geus satuju mah, urusanana jeung rumahtangga >> sorangan.Kakuatan Neo-sosialist jeung liberal (dibiayai ku USA)nu aya di >> tukangeun oposisi teu rido. Militer diajakan deui ilubiung. Hartina balik >> deui kana jaman Mubarrak. Maenya dina abad ka 21 masih aya keneh kudeta >> militer? Padahal Mursi, persiden anu dipilih kalawan demokratis dina salila >> Mesir jadi Nagara. Referendum, jaya. Ahirna para komprador anu teu walakaya >> ngagunakeun kakuatan heubeul, (nyatana Militer) sangkan Mursi tijungkel. >> Nagara saperti Brazil, angger ngaku yen Mursi Persiden anu sah. Kalawan >> dipilih rahayat, sarta diakui make rule of the games anu disapukkan ku >> sakabeh komponen bangsa Mesir. >> Dina pamarentahan Mursi, Kristen Koptik meunang perlindungan anu tohaga. >> Malah aya hak maranehna nu langsung dibukukeun dina undang-undang syareat >> Islam. Haram getih jeung kahormatan Ahlu dzimmah digorobaskeun kana lelecek >> sajarah. Nu siga embe kaduruk janggot mah, Israel. Sab jelas, manehna mah >> Penjajah. Jadi, kapentingan USA leutik (israel) jeung kapentingan Israel >> gede (USA) nu kaancam ku nanjeurna Mursi jeung sareat Islam di Mesir. Ari >> jeung Israel mah, kapan Enonesa oge musuhan. Sab dina sajarahna jelas. >> Kamerdekaan Enonesa, nalika mimiti najeur, dijukung ku Mesir jeung >> Palestina. Meser ngaliwatan Mursyid Am kahiji Ikhwanul Muslimin, Hasan Al >> Banna. Sedengkeun Palestina ngaliwatan Mufti Palestina Muhammad Amiin Al >> Husaeni. >> Urang heulakeun husnudzan. Da Kudeta mah geus jelas-jelas teu aya koridorna >> dina Demokrasi mah. Anu jadi hemeng, eta loba jalma ahli elmu pamarentahan >> nyatujuan hasil kudeta. Lamun Montesque diteang dina kuburna, boa keur >> ngabangingik alatan dihianat ku nagara-nagara nu cenah ngaku panglima >> demokratis. Media, geus teu kacatur. Jadi alat jang mepehek kahayang para >> Kapitalis. Jendran Asisi mareuman informasi jadi Televisi > >
