Hatur nuhun kang Nasrul Jatinika, sim kuring mah jalmi sederhana, janten ningalina sederhana bae:
- Mursi jalmi sholeh: satuju - Mursi kapilih ku rahayat: satuju - Mursi ngaluarkeun dekrit anu nyatakeun kakawasaan presiden teu bisa dibatalkeun: teu satuju, ieu ngaduruk amarah jeung curiga loba pihak - Referendum: ieu akibat tina dekrit presiden, teu bijak, rakyat diadu di handap pikeun ambisi robah konstitusi - Militer kudeta: teu satuju, tapi pasti aya alesanana, daripada perang sodara - Prestasi Mursi lainna: nya da kakara sataun, can katingali - Tanah mesir 6x langkung subur ti tanah indonesia: nembe ngadangu panalitian kitu mah. upami tanah mesir subur (teu dibandingkeun 6x lebih subur ti indonesia), nya bisa wae. Terus indonesiana bagian mana? dibandingkeun jeung leuweung geledegan di indonesia asa maenya 6x leuwih subur. Mesirna oge beh mana. - Amerika jeung Israel licik: satuju. Makana ulah gagabah ngolah nagara, mancing pasukan licik ti balik layar ikut campur. sing karunya ka rahayat. Pernah Umar ra. nitah mundur pasukan lawan Romawi ti medan perang, shohabat lainna protes; ari ceuk umar: kuring leuwih mikacinta ka nyawa saurang muslim daripada ka bumi jeung eusina. Jadi sing antisipasi, da gusti Allah mah nulungan lewat rencana jeung antisipasi urang, moal turun ngabelegedeg ka dunya panginten gusti Allah mah jiga dewa di mitologi Yunani. Sok bayangkeun lamun Indonesia ku parpol naon wae ngusulkeun itu ieu, referendum jeung itu ieu, bari rakyat balangsak parasea. Naon maknana? Ikhwanul Muslimin anu dina sajarah Mesir teh pejuang ti jaman kolonial inggris keneh tapi can pernah ngawasa, ari ayeuna ngawasa, jadi buru-buru, kakara sataun geus hayang ngarobah konstitusi ku jalan referendum. Pan akhirna jalma parasea, loba nu tilas. Militer turun tangan. Nya ari pendukung Mursi mah panginten teu nanaon ngajukeun fakta anu digede-gedekeun saperti proyek2 gede tepikeun ka pabrik sanjata cenah. Da keur sumanget atuh ngadukung pergerakan Islam, ari campur wadul kaci teu nya? :) Mangga ditafakuran. Mung gusti Nu Maha Suci anu tiasa nganilai kalawan sajati. Punten oge upami sim kuring tangtos seueur silapna. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: nasrul jatnika <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]> Gesendet: 13:13 Freitag, 5.Juli 2013 Betreff: Bls: Bls: [kisunda] Dosa Mursi? Salam.. Tanah Mesir 6x langkung subur sanes rahul. Penelitianana tos ngalibetkeun panalungtik ti mana mendi. Sarolehna urang Mesir, utamina nu ngajukung Mursi, henteu gumantung sorban cara di Enonesa. Malah upami ningali kahirupanana, leuwih basajan manan urang lembur. Ngan, sumanget ngapalkeun Qur'an misalna, ngagedur dina dada jeung kahirupan sapopoe. Aya hiji lembur di wilayah Asyut, nu sapangeusi eta lembur, arapal Qur'an ti nincak umur 7 taun. Pamuda-pamudana sok era parada lamun aya nu naros, "Kam juz'an hafidzuk?" Mursi, hiji-hijina Persiden saalam dunya nu Hafidz qur'an 30 juz. Maenya kanu hafidz oge bade dieleg kitu? Hehehehe... :-D Investasi ka Mesir, lamun dibandingkeun jeung awal Pemerintahan Mubarrak, malih sareng ahirna oge, tos langkung majeng. Malah kontribusi pemerintahan Mursi kanggo minuhan kas nagara sanggeus dibolongan defisit rezim Mubarrak, kacida katingalina. Perekonomian Mesir, kakara dina satangtungna sajarah ieu nagri, teu ngalaman inflasi. Harga stabil. Samalah, lamun dijadikeun tuluy 5 taun, perumbuhan ekonomi bakal naek 2 digit (hartina diluhureun 10%). Bari jeung ngandelkeun kakuatan dalam Negri. Lain nginjeum ka LN. Masalah strategis ngagunakeun undang-undang dasar dumasar kana syareat, eta kapan tos direferendum. Ampir 80% rahayat Mesir satuju. Apan kaasup sopan santun bernegara, lamun rahayat geus satuju mah, urusanana jeung rumahtangga sorangan.Kakuatan Neo-sosialist jeung liberal (dibiayai ku USA)nu aya di tukangeun oposisi teu rido. Militer diajakan deui ilubiung. Hartina balik deui kana jaman Mubarrak. Maenya dina abad ka 21 masih aya keneh kudeta militer? Padahal Mursi, persiden anu dipilih kalawan demokratis dina salila Mesir jadi Nagara. Referendum, jaya. Ahirna para komprador anu teu walakaya ngagunakeun kakuatan heubeul, (nyatana Militer) sangkan Mursi tijungkel. Nagara saperti Brazil, angger ngaku yen Mursi Persiden anu sah. Kalawan dipilih rahayat, sarta diakui make rule of the games anu disapukkan ku sakabeh komponen bangsa Mesir. Dina pamarentahan Mursi, Kristen Koptik meunang perlindungan anu tohaga. Malah aya hak maranehna nu langsung dibukukeun dina undang-undang syareat Islam. Haram getih jeung kahormatan Ahlu dzimmah digorobaskeun kana lelecek sajarah. Nu siga embe kaduruk janggot mah, Israel. Sab jelas, manehna mah Penjajah. Jadi, kapentingan USA leutik (israel) jeung kapentingan Israel gede (USA) nu kaancam ku nanjeurna Mursi jeung sareat Islam di Mesir. Ari jeung Israel mah, kapan Enonesa oge musuhan. Sab dina sajarahna jelas. Kamerdekaan Enonesa, nalika mimiti najeur, dijukung ku Mesir jeung Palestina. Meser ngaliwatan Mursyid Am kahiji Ikhwanul Muslimin, Hasan Al Banna. Sedengkeun Palestina ngaliwatan Mufti Palestina Muhammad Amiin Al Husaeni. Urang heulakeun husnudzan. Da Kudeta mah geus jelas-jelas teu aya koridorna dina Demokrasi mah. Anu jadi hemeng, eta loba jalma ahli elmu pamarentahan nyatujuan hasil kudeta. Lamun Montesque diteang dina kuburna, boa keur ngabangingik alatan dihianat ku nagara-nagara nu cenah ngaku panglima demokratis. Media, geus teu kacatur. Jadi alat jang mepehek kahayang para Kapitalis. Jendran Asisi mareuman informasi jadi Televisi tunggal. Asa balik deui ka jaman wa Ato di lembur. Please, ayeuna teh kapan jaman tehnologi informasi. Warta nu nepi karahayat bia ti mana wae sumberna. Heheheheh.. Cag. ________________________________ Dari: Ahmad Hazairin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 7:04 Judul: Re: Bls: [kisunda] Dosa Mursi? "Tanah mesir suburna 6 kali langkung subur" Akibat legenda sungai nil tea panginten nya. Ngan eta, indonesia mah dielehkeun wae dina sagalana. Dugi keun ka taneuh na wae mesir man 6x leuwih subur. Padahal saur koes ploes mah cenah tongkat pun jadi tanaman di indonesia mah. Meureun di mesir mah tongkat langsung jadi bungbuahan he.. he.. he.. Komo ka jalmina anu di salorban mah urang indonesia asa pendak sareng nabi anu 1000x langsung alus ti urang indonesia he.. he.. he.. Perkawis investasi anu sanesna nya sapertos saur sim kuring dina tulisan anu sanesna, sapertos na mah nembe rencana. Da moal mungkin teu acan sataun tiasa eksekusi. Ari indonesia oge rencana mah seueur, hoyong china muka investasi pabrik elektronik terbesar di asia tenggara di Indonesia. Tapi pan ari prung na mah tiasa benten deui, tiasa lumpat ka vietnam atanapi thailand. Ngeunaan 'dosa' nu sanes na mah percanten weh sim kuring mah, pastina Mursi mah ahli tahajjud. ngan kade, ulah asa ahli ibadah, asa pangabelana ka islam jadi malah paranoid jeung bangga sorangan. Sakabeh anu nentang diri teh dianggap karena diri alus teuing, jadi anu nentang teh nentang ka Gusti nu Maha Suci. Pan di urang oge kitu, anu nentang diri teh cenah pakait jeung Yahudi. KPK oge cenah pakait jeung amrik + yahudi. Jadi euweuh weh 'muhasabah' teh, ningali boh kasalahan dosa diri atawa sahenteuna kasalahan taktik strategi. Langsung pan kasalahan di batur kabeh jeung mamawa konpirasi amrik+yahudi. Eta budaya pamikiran mesir teh diimport oge ka indonesia, padahal indonesia mah jauh jeung israel. Ti baheula pan Soekarno geus mawa kana non-blok indonesia mah, der ieu kalahka dibabawa wae kana konpirasi amrik+yahudi. Seueur rerencangan sim kuring oge ahli tahajjud, tapi hasil na teh benten-benten. Nya kana strategi ngolah nagara salaku nagarawan oge tiasa benten pangaruhna. Tahajjud teh ibarat praktek anu bener, masih kedah aya pamahan anu bener sareng pandangan anu bener. Pamahaman dibentuk ku elmu jeung informasi. Pandangan bener dibentuk ku batin anu bersih. Lamun dua eta tos kabentuk, praktekna bakal bener tuh efesien. Makana dina hadis disebutkan, sarena jalma anu ngabogaan elmu leuwih hade tibatan solat sunat na jalma bodo/awwam ahli ibadah. Sae na mah beuki ahli ibadah, beuki ngartos wawasan islam teh jadi kudu beuki welas asih, beuki ngaladenan, ngajenan ka sagala rupa makhluk. Tong waka ka makhluk ngarana jelema anu islam atawa kapir, pak ka sato saperti ucing jeung anjinig oge dianjurkeun welas asih ku rasulullah Muhammad saw. Ieu mah beuki dina organisasi islam teh beuki garalak wae, siap pasea. Da jihad teh disaruakeun jeung pasea. Komo di jaman ayeuna atuh, anu bener ge ari carana peupelekeuk mah moal raresepeun jelema teh. Tingali weh anu korupsi oge kalahka umat imut wae, strategi tinggi; asa teu boga dosa, teuneung ludeung. Naha bet eleh strategi kunu korupsi atuh. Cenah negakeun kasajatian, tapi kalahka huak-haok jeung ngajak pasea wae, laina murah senyum jeung mikanyaah. Sieun rugi meureun lamaun mikanyaan kanu teu islami teh. Padahal Gusti mah rek nu islami rek nu henteu oge angger weh dibere kejo, dibere dahar. Maenya urang teu ngeunteng kana 'perilaku' Gusti mu Maha Suci. Conto praktek teu efesien: karek jadi kapala nagara, der langsung nangtang dunya. Nyaho dunya teh curiga ka islam, der langsung hayang negakeun nyariat islam dina sagala rupa hukum nagara. Pan wajib ti Gusti nu Maha Suci. Enya, salian wajib, strategi jeung kamaslahatan oge wajib. Jiga kapala nagara Iran, Ahmad Dinejad, dina forum resmi, der ngomong: Israel harus dihapus dari muka bumi. Teu baleg. Teu tanggung jawab jeung teu strategis. Nu kitu mah teu patut diomongkeun ku kapala nagara. Lamun ku tukang kuli wangunan anu keur hoghag atawa keur emosi mah patut meureun. Urang teh kudu loba diajar tina Sunnah nabi. Lamun pas 11 tahun awal turunna islam di mekah nabi neugtrueg pasea jeung urang kapir, geus tumpur eta umat islam moal lila. Tapi kan nabi milih hijrah. Lain ngan saukur rek nyalametkeun awak, tapi rek investasi waktu pikeun ngadidik batin umat. Geus di madinah cenah, loba nu teu kuat hayang perang ngalawan orang kapir, geus keuheul teu kuat. Teu meunang keneh. Batin silaing can cukup iman. Pamahaman jeung pandangan bener can cukup dina diri. Tah pan ari geus waktuna nyumponan mah sagala peperangan bisa diladenan. Cenah nabi mah kantos katingali dina tonggongna urut kalakay korma. Sarena dina kalakay korma. Padahal nabi boga hak rampasan perang 5% tapi tara dicokot. Ari ieu hayang ngadegkeun syariat islam, bojo 4 diimahan tingkat 2, mobil anu marahal. Atuh tingkat batin kitu mah uing oge bisa, si asep jeung si encep oge bisa. Pan tingkat batin pamingpin islam anu hayang nanjeurkeun islam mah kudu aya bedana meureun? Lamun euweuh bedana nya moal nanjeur. Tepi engka aya mangsana sorangan, aya waktu anu nyumponan. Wallahu'alam Febi === ________________________________ Von: nasrul jatnika <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]> Gesendet: 5:17 Freitag, 5.Juli 2013 Betreff: Bls: [kisunda] Dosa Mursi? Assalamualaikum we wb Sakaterang abdi Moursi, mrogramkeun swasembada gandum sareng sistem import gandum anu teu gumantung ka Amrik saatosna rezim mubarrak digulung kakuatan ra'yat.Pola tanan sareng jukungan kana kawijakan pertanian di Mesir langkung mihak ka patani. Dina sakali tanam gandum (sanes Jagong) 60% kaperyogian dalam nagri tos kapenuhi. Tanah mesir suburna 6 kali langkung subur manan tanah indonesia. Lamun Mentan Anton Apriantono bisa swasembada beras dina waktos 2 taun, bari kabutuhan kanggo 200juta WNI, teu mustahil Mentan Mesir dina waktu 6 bulan tiasa menuhi 60% kebutuhan dalam Negri. Sareng saatosna dibenum janten persiden Mesir, anjeunna minuhan deui kas nagara ku kebijakan penghematan sareng kebijakan ekspor/impor nu leuwih nguntungkeun Mesir. Kalebet kebijakan impor senjata rongsokan ti USA. Perkawis pembukaan terusan Suez, penambahan devisa sanes tina pariwisata hungkul. Dina laporan keuangan pertriwulan Menko, penerimaan kas setara pajeg, beacukai sareng kerja sama pembukaan perdagangan sareng nagara saperti Sudan,Maroco, Imarat sareng Nagara Teluk umumna, tos ngahasilkeun 23 milyar dollars. Janten wajar lamun dina taun anggaran 2013/2014 target pemerintahan Moursi (sanes target pribadi) bakal dugi kana angka 100 milyar dollars. Pembukaan pabrik Samsung di Mesir diakui langsung ku Director Operational Samsung kanggo Afrika sareng Timur Tengah. Proyek tos sapuk, mulai taun 2014 bade dikawitan. Alesan Samsung muka pabrik di Mesir, tenaga kerja murah, tanah murah sareng afrika jauh, tiasa langsung dijangkau. Sareng bea masuk terusan Suez janten 0 (zero tax). Jadi ideu muka pabrik di Mesir ideu cerdas saleresna mah. Poin anu sanes nu dianggap dosa Moursi, naha henteu di bahas nya? ________________________________ Dari: dudi <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Cc: "[email protected]" <[email protected]>; Baraya Sunda <[email protected]> Dikirim: Kamis, 4 Juli 2013 18:09 Judul: Re: [kisunda] Dosa Mursi? oh, eta sadaya gara-gara naon nya bah? Sareng eta sadaya tanda-tanda bade naon tah? aya operasi kulon sareng wahyudina oge teu nya, bah? Salajengna, saur abah, kumaha tah ngungkulanna? Naha kedah cara mesir, revolusi? kinten2 indonesia tiasaeun moal? Upama teu tiasaeun, naon cara nu pas nu tiasa dilakukeun sangkan sagala masalah eta tiasa tutas? :) On Thursday, July 4, 2013, Abbas Amien <[email protected]> wrote: > > > Haaaah ... kutan teh teu uningaa seueur masalah di NKRI ? Jadi salami ieu > Kang DUD kamana wae atuh ? Naha Kang dud ngaraos lempeng wae ieu NKRI teh > pamarentaahanana ? Penguasana ? Astaghfirullah. Kakantun pisan nya kang Dud > teh atuh ? Teu uninga kisah Bank Century ? Masalah BLBI ? masalah > Nganagaaeakeun sakian rebu BUMN ? EDI Tanzil ? Nya teu aneh upami kang Dud > kalebet salah sahiji nu lolong. > > --- On Thu, 4/7/13, dudi <[email protected]> wrote: > > From: dudi <[email protected]> > Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Dosa Mursi? > To: "[email protected]" <[email protected]> > Cc: "[email protected]" <[email protected]>, "Baraya Sunda" > <[email protected]> > Received: Thursday, 4 July, 2013, 10:56 AM > > > > biasana kitu bah. Mun teu kulon nya wahyudi :) > > Nkri kunaon kitu, bah? > > On Thursday, July 4, 2013, Abbas Amien <[email protected]> wrote: >> >> >> Ah ari rahaayat Mesir Lolong mah, teu kudu ku Baraat2 teuing atuh. Teu >> karaos ayaeuan di NKRI ????? >> >> --- On Thu, 4/7/13, dudi <[email protected]> wrote: >> >> From: dudi <[email protected]> >> Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Dosa Mursi? >> To: "[email protected]" <[email protected]> >> Cc: "Urang Sunda" <[email protected]>, "Baraya Sunda" >> <[email protected]> >> Received: Thursday, 4 July, 2013, 7:35 AM >> >> >> >> jeung rahayat mesir lolong? heded euy barat hahahaha >> >> >> >> 2013/7/4 Ki Hasan <[email protected]> >> >> >> >> UIng meunang inbox ti mahasiswa Indonesia nu keur sakola di Al-Azhar. Eusina >> jiga di handap. >> === >> >> Dosa Mursi itu adalah karena dia bisa mengantarkan Mesir dalam setahun ke >> arah swasembada pangan. Yang dulu zaman mubarak gandum hanya boleh >> diproduksi dalam negeri sebanyak 20 % paling banyak, sekarang sudah melampai >> 60 %. Dulu harus mengimpor ke Amerika, sekarang Mursi mengimpor dari negara >> yang dia inginkan, yang lebih menguntungkan rakyat. Kondisi ini mampu >> menghemat belanja negara sampai milyaran dollar pertahun sekaligus >> meningkatkan perekonomian petani. >> >> Dosa Mursi adalah karena mengembangkan terusan Suez menjadi pasar bebas >> dunia. Yang dulu di zaman mubarak hanya menghasilkan uang sebanyak 5.6 >> milyar dollar pertahun, akan meningkat 100 milyar dollar pertahun. >> >> Dosa Mursi adalah menaikkan gaji PNS dan pensiunan sebanyak 200 % lebih, >> sementara harga-harga barang bisa dipertahankan tidak naik, sehingga PNS >> jadi lebih makmur. >> >> Dosa Mursi adalah membangun pabrik samsung terbesar di Arab di provinsi Bani >> Suwef, sehingga harga barang elektronik menjadi murah. >> >> Dosa Mursi adalah membuat pabrik mobil sendiri sehingga untuk tahun-tahun ke >> depan tidak perlu lagi mengimpor mobil. >> >> Dosa Mursi adalah membuat pabrik senjata sendiri sehingga tidak perlu lagi >> mengimpor senjata-senjata rongsokan dari Amerika. >> >> Dosa Mursi adalah membuat pabrik innar (sejenis tablet/ipad), sehingga >> seluruh rakyat nanti bisa mencicipi enaknya memakai barang elektronik >> bermutu dengan harga terjangkau. Anak-anak sekolah bisa belajar pakai alat >> canggih. >> >> Dosa Mursi adalah mampu mempertahankan, bahkan menambah cadangan devisa >> Mesir yang sebelumnya sudah di ambang kebangkrutan. >> >> Dosa Mursi terbesar adalah dia selalu shalat berjamaah di mesjid, hafal al >> Qur'an, selalu tahajjud dan sabar terhadap segala caci maki. >> >> Dosa Mursi adalah mendukung perjuangan Palestina, Suriah dan Myanmar. >> >> Dosa Mursi yang tidak kalah parahnya mengeluarkan Mesir dari rongrongan >> kekuasaan militer dalam 40 hari, di mana Erdogan butuh bertahun-tahun untuk >> melakukan itu. >> >> Dosa Mursi meningkatkan harga diri negara Mesir di hadapan negara Arab lain >> bahkan dunia. Hingga Mesir jadi negara yang diperhitungkan. >> >> Dosa Mursi adalah berusaha mengembangkan tenaga nuklir dan tenaga matahari >> sebagai energi alternatif di Mesir. >> >> Dosa Mursi adalah karena ia mampu menarik investor luar negeri dan >> mempertahankan kepercayaan asing di Mesir. >> >> Dosa Mursi adalah membuka kembali jalan darat antara Mesir dan Sudan >> sehingga kerja sama dalam bidang ekonomi kedua negara akan meningkat. >> >> Dosa Mursi adalah mampu membuka lapangan kerja baru untuk 600 ribu lebih >> orang pengangguran. >> >> Dosa Mursi adalah berusaha mengembalikan harta yang dibawa kabur ke luar >> negeri oleh Husni Mubarak dan antek-anteknya. >> >> Dosa Mursi adalah menegakkan peradilan yang sebenarnya dan berusaha >> menghabisi kecurangan. >> >> Dan banyak lagi dosa-dosanya yang tidak bisa kita sebutkan satu persatu yang >> membikin lawan politik, terutama Amerika dan Israel jadi meradang. >> >> Karena dosa-dosa itulah maka Mursi akan digulingkan oleh sisa-sisa antek >> Mubara > >
