Bah AA, 1. ayat ieu diturunkeun taun sabaraha Hijiriah ? 2. penyebab turuna ayat ieu naon ?
2013/7/10 Abbas Amien <[email protected]> > ** > > > Aduh parunten ka sadayana ; tos 3 poe teu tiasa akses ka yahoomail ti comp > di rorompok; ayeuna dicobi ti Warnet mudah2an lancar. Mangga nyanggakeun > > > Jadi jelema pasek teh kaasup jelema nu RUGL. Eta ayat panungtung ti na > ayat27. > Ayat 28 : Kaifa takfuruuna billahi wa kuntum amwaatan fa_ahyaakum . Tsumma > yumiitukum tsumma yuhyiikum , tsumma ilaihi turja’uun. > Kaifa = kumaha > Takfuruuna = jadi kapir/nolak/teu narima > Billaahi = ka Allah > > Wa kuntum amwaatan = tadina maraneh ti na paeh > Fa_ahyaakum = terus ku AnjeunNa maraneh dihirupan > Tsumma = sanggeus kitu > Yumiitukum = maraneh dimaotkeun deui ku AnjeunNa > Yuhyiikum = AnjeunNa ngahirupkeun deui maraneh > Ilaihi = ka AnjeunNa > Turja’uun = maraneh bangbalikan ( kembali padaNYA ) > Satuluyna ayat 29 : Hualladzii Khalaqallaakum maa fil ardhi jamii’an > tsummastawaa ilassamaa. Fasawwaahunna sab’a samaawaat. Wa Hua bikulli > sya’in ‘aliim. > Harti ayat 29 : Anjeunna nu nyiptakeun naon wae nu aya di bumi keur > kaperluan maraneh sakabeh. AnjeunNa Maha berkehendak ( Maha Kawasa ) > Anjeunna oge Nyiptakeun 7 lapis awang2 ( Ruang Angkasa – Outer space ). > Sareng Anjeunna Nu Maha Uninga sagala. > Kumaha nafsirkeun ieu ayat 28 jeung 29 ? Ayat2 28 jeung 29 teh aya > kakaitanana ka ayat 21 Nya eya : > Ayat 21 – Yaa ayyuhannasu_buduu Rabbakummulladzii Khalaqokum walladziina > min qablikum la’allaakum tattaquun. > Jadi dina ayat 28, diingetkeun ku Gusti ka para manusa, yen maranehna teh > baheulana mah, atawa tidituna mah PAEH asalna; dihirupkeun ku Gusti jadi > hirup; geus hirup dimaotkeun deui ku Gusti, nu saterusna dihirupkeun deui. > Sagalana bakal balik ka Allah. Asal ti Allah, balik deui ka Allah. Tapi > ayaat turja’uun ieu bisa oge ngandung harti, mun aya masalah nu sulit, nya > teu aya deui carana iwal ti sanggakeun wae ka MantenNa. > Ku sabab alesan2 ieu, wajar Gusti marentah ka manusa supaya NYEMBAH ka > AnjeunNa. Lantaran dihirupkeun dipaehkeun kumaha Pangersa Gusti; estu > manusa mah di na hal ieu teu daya teu upaya pisan. > Leuwih jauh deui, naon sababna disebut teu daya teu upaya ? Coba ayeuna > urang pikirkeun ku sarerea, naha urang barang brol ka dunya jadi orok, bisa > milih ? Teu bisa? Misalna ah uing mah hayang jadi WN USA, atawa Jerman ? > Teu bisa kitu wae. Hartina urang memang teu daya teu upaya. > Ayat 29, netelakeun yen Gusti sanes mung sakadar Nyiptakeun manusa kitu > wae. Tapi geus dilengkepan ku fasilitas2 pikeun manusa ngajalankeun > kiprahna di ieu dunya; atawa di alam semesta; nu ngalingkup lain wungkul > Bumi, tapi oge ruang angkasa nu tujuh lapis tea. Jadi Allaah di na > nyiptakeun manusa pinuh ku RASA tanggung JAWAB; henteu dapon wae Nyiptakeun > manusa. Manusa oge teu dititah kudu beunghar; tapi nu dipiwarang ku > AnjeunNa ngan kudu nyembah ka AnjeunNa. > Tah lamun urang bageur ka batur; balabah ka batur; eta teh nandakeun oge > nyembah ka AnjeunNa; Zikir ka Anjeunna. Nu matak sagala kagiatan kudu > karana Allah; kudu Ihlas. Jadi na eta amal teh langsung jadi ibadah. > Naon sababna nulungan batur atawa nere naweh ka batur can puguh jadi > ibadah ? Lantaran bisa wae nu mere teh riya, atawa pupujieun. Jadi akhirrna > kumaha ? sigana mah tina 100 nu dermawan, can puguh hiji ge bener2 IHLAS. > Jadi can puguh eta kadermawanan ditarima sabage IBADAH ! > Kumaha nangtukeun ihlas jeung henteuna ? Moal bisa, lantaran eta mah > hubunganana langsung ka Gusti Allah; jadi hamo bisa diukur; nu matak sok > aya kecap2 ijab kabul teh naon atuh; nya eta nguatkeun tekad jeung > kaihlasan. Insyaa Allaah jadi IBADAH nu ditampi ku Gusti. > Komo atuh nu Agnostik jeung kapir mah, tong dicaturkeun deui. Tambahan ti > eta, hiji derma, atawa infaq moal jadi kaalusan oge, lantaran kumaha nu > nampana oge. Mun nu nampana sarua ihlasna Insyaa Allaah jadi ibadah; komo > bari ngadu’akeun mah. Tapi mun nu narima kuraweud haseum lantaran asa > leutik teuing pamerena, atawa dianggap ngahinakeun; maka eta infaq moal > jadi ibadah. Mungkin oge malah jadi musibah. Nu matak, salian ti mere, kudu > nempo heula saha nu rek dibere; naha piatoheun pibungaheun narimana, atawa > henteu ? > HANCA15 > > >
