Satuluyna ayat 29 : Hualladzii Khalaqallaakum maa fil ardhi jamii’an
tsummastawaa ilassamaa. Fasawwaahunna sab’a samaawaat. Wa Hua bikulli
sya’in ‘aliim.
Harti ayat 29 : Anjeunna nu nyiptakeun naon wae nu aya di bumi keur
kaperluan maraneh sakabeh. AnjeunNa Maha berkehendak ( Maha Kawasa )
Anjeunna oge Nyiptakeun 7 lapis awang2 ( Ruang Angkasa – Outer space ).
Sareng Anjeunna Nu Maha Uninga sagala.

Bah AA, Kalimah :

"tsummastawaa ilassamaa"
teu acan diterjemahkeun/ditafsirkeun, naon hartosna eta kalimah ?


2013/7/10 Abbas Amien <[email protected]>

> **
>
>
> Aduh parunten ka sadayana ; tos 3 poe teu tiasa akses ka yahoomail ti comp
> di rorompok; ayeuna dicobi ti Warnet mudah2an lancar. Mangga nyanggakeun
>
>
> Jadi jelema pasek teh kaasup jelema nu RUGL. Eta ayat panungtung ti na
> ayat27.
> Ayat 28 : Kaifa takfuruuna billahi wa kuntum amwaatan fa_ahyaakum . Tsumma
> yumiitukum tsumma yuhyiikum , tsumma ilaihi turja’uun.
> Kaifa = kumaha
> Takfuruuna = jadi kapir/nolak/teu narima
> Billaahi = ka Allah
>
> Wa kuntum amwaatan = tadina maraneh ti na paeh
> Fa_ahyaakum = terus ku AnjeunNa maraneh dihirupan
> Tsumma = sanggeus kitu
> Yumiitukum = maraneh dimaotkeun deui ku AnjeunNa
> Yuhyiikum = AnjeunNa ngahirupkeun deui maraneh
> Ilaihi = ka AnjeunNa
> Turja’uun = maraneh bangbalikan ( kembali padaNYA )
> Satuluyna ayat 29 : Hualladzii Khalaqallaakum maa fil ardhi jamii’an
> tsummastawaa ilassamaa. Fasawwaahunna sab’a samaawaat. Wa Hua bikulli
> sya’in ‘aliim.
> Harti ayat 29 : Anjeunna nu nyiptakeun naon wae nu aya di bumi keur
> kaperluan maraneh sakabeh. AnjeunNa Maha berkehendak ( Maha Kawasa )
> Anjeunna oge Nyiptakeun 7 lapis awang2 ( Ruang Angkasa – Outer space ).
> Sareng Anjeunna Nu Maha Uninga sagala.
> Kumaha nafsirkeun ieu ayat 28 jeung 29 ? Ayat2 28 jeung 29 teh aya
> kakaitanana ka ayat 21 Nya eya :
> Ayat 21 – Yaa ayyuhannasu_buduu Rabbakummulladzii Khalaqokum walladziina
> min qablikum la’allaakum tattaquun.
> Jadi dina ayat 28, diingetkeun ku Gusti ka para manusa, yen maranehna teh
> baheulana mah, atawa tidituna mah PAEH asalna; dihirupkeun ku Gusti jadi
> hirup; geus hirup dimaotkeun deui ku Gusti, nu saterusna dihirupkeun deui.
> Sagalana bakal balik ka Allah. Asal ti Allah, balik deui ka Allah. Tapi
> ayaat turja’uun ieu bisa oge ngandung harti, mun aya masalah nu sulit, nya
> teu aya deui carana iwal ti sanggakeun wae ka MantenNa.
> Ku sabab alesan2 ieu, wajar Gusti marentah ka manusa supaya NYEMBAH ka
> AnjeunNa. Lantaran dihirupkeun dipaehkeun kumaha Pangersa Gusti; estu
> manusa mah di na hal ieu teu daya teu upaya pisan.
> Leuwih jauh deui, naon sababna disebut teu daya teu upaya ? Coba ayeuna
> urang pikirkeun ku sarerea, naha urang barang brol ka dunya jadi orok, bisa
> milih ? Teu bisa? Misalna ah uing mah hayang jadi WN USA, atawa Jerman ?
> Teu bisa kitu wae. Hartina urang memang teu daya teu upaya.
> Ayat 29, netelakeun yen Gusti sanes mung sakadar Nyiptakeun manusa kitu
> wae. Tapi geus dilengkepan ku fasilitas2 pikeun manusa ngajalankeun
> kiprahna di ieu dunya; atawa di alam semesta; nu ngalingkup lain wungkul
> Bumi, tapi oge ruang angkasa nu tujuh lapis tea. Jadi Allaah di na
> nyiptakeun manusa pinuh ku RASA tanggung JAWAB; henteu dapon wae Nyiptakeun
> manusa. Manusa oge teu dititah kudu beunghar; tapi nu dipiwarang ku
> AnjeunNa ngan kudu nyembah ka AnjeunNa.
> Tah lamun urang bageur ka batur; balabah ka batur; eta teh nandakeun oge
> nyembah ka AnjeunNa; Zikir ka Anjeunna. Nu matak sagala kagiatan kudu
> karana Allah; kudu Ihlas. Jadi na eta amal teh langsung jadi ibadah.
> Naon sababna nulungan batur atawa nere naweh ka batur can puguh jadi
> ibadah ? Lantaran bisa wae nu mere teh riya, atawa pupujieun. Jadi akhirrna
> kumaha ? sigana mah tina 100 nu dermawan, can puguh hiji ge bener2 IHLAS.
> Jadi can puguh eta kadermawanan ditarima sabage IBADAH !
> Kumaha nangtukeun ihlas jeung henteuna ? Moal bisa, lantaran eta mah
> hubunganana langsung ka Gusti Allah; jadi hamo bisa diukur; nu matak sok
> aya kecap2 ijab kabul teh naon atuh; nya eta nguatkeun tekad jeung
> kaihlasan. Insyaa Allaah jadi IBADAH nu ditampi ku Gusti.
> Komo atuh nu Agnostik jeung kapir mah, tong dicaturkeun deui. Tambahan ti
> eta, hiji derma, atawa infaq moal jadi kaalusan oge, lantaran kumaha nu
> nampana oge. Mun nu nampana sarua ihlasna Insyaa Allaah jadi ibadah; komo
> bari ngadu’akeun mah. Tapi mun nu narima kuraweud haseum lantaran asa
> leutik teuing pamerena, atawa dianggap ngahinakeun; maka eta infaq moal
> jadi ibadah. Mungkin oge malah jadi musibah. Nu matak, salian ti mere, kudu
> nempo heula saha nu rek dibere; naha piatoheun pibungaheun narimana, atawa
> henteu ?
> HANCA15
>
>  
>

Kirim email ke