Ayat 28 :
 
Kaifa takfuruuna billahi wa kuntum amwaatan fa_ahyaakum . Tsumma yumiitukum 
tsumma yuhyiikum , tsumma ilaihi turja’uun.
Kaifa = kumaha (mungkin)
Takfuruuna = jadi kapir/nolak/teu narima (maraneh jadi mangkir (penduduk Makkah)
Billaahi = ka Allah
Wa kuntum amwaatan = tadina maraneh ti na paeh
Wa kuntum = (padahal tadina maraneh teh)
amwaatan = barang paeh/teu hirup (sperma)
Fa_ahyaakum = terus ku AnjeunNa maraneh dihirupan (dihirupkeun dina rahim ku 
jalan ditiupkeun ruh)Tsumma = sanggeus kitu
Yumiitukum = maraneh dimaotkeun deui ku AnjeunNa (dina waktuna ajal datang)
Tsumma = sanggeus kitu
Yuhyiikum = AnjeunNa ngahirupkeun deui maraneh (dina poe kabangkitan/kiamat)
Tsumma = sanggeus kitu
Ilaihi = ka AnjeunNa
Turja’uun = maraneh bangbalikan ( kembali padaNYA )(keur balitungan amal salila 
di alam dunya)
 
---------------------------------------------------------------------------------------
Nu warna beureum seratan sim kuring sumberna tina Tafsir Qur'an per Kata,DR 
Ahmad Hatta, MA, Maghfirah Pustaka
 
 

~ experientia docet sapientiam ~

From: Abbas Amien <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]>; 
"[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Wednesday, 10 July 2013, 12:17
Subject: [kisunda] Tapsir Qur_an Sunda 15

  
Aduh parunten ka sadayana ; tos 3 poe teu tiasa akses ka yahoomail ti comp di 
rorompok; ayeuna dicobi ti Warnet mudah2an lancar. Mangga nyanggakeun



Jadi jelema pasek teh kaasup jelema nu RUGL. Eta ayat panungtung ti na ayat27.
Ayat 28 : Kaifa takfuruuna billahi wa kuntum amwaatan fa_ahyaakum . Tsumma 
yumiitukum tsumma yuhyiikum , tsumma ilaihi turja’uun.
Kaifa = kumaha
Takfuruuna = jadi kapir/nolak/teu narima
Billaahi = ka Allah
 
Wa kuntum amwaatan = tadina maraneh ti na paeh
Fa_ahyaakum = terus ku AnjeunNa maraneh dihirupan
Tsumma = sanggeus kitu
Yumiitukum = maraneh dimaotkeun deui ku AnjeunNa
Yuhyiikum = AnjeunNa ngahirupkeun deui maraneh
Ilaihi = ka AnjeunNa
Turja’uun = maraneh bangbalikan ( kembali padaNYA )   
Satuluyna ayat 29 : Hualladzii Khalaqallaakum maa fil ardhi jamii’an 
tsummastawaa ilassamaa. Fasawwaahunna sab’a samaawaat. Wa Hua bikulli sya’in 
‘aliim.
Harti ayat 29 : Anjeunna nu nyiptakeun naon wae nu aya di bumi keur kaperluan 
maraneh sakabeh. AnjeunNa Maha berkehendak ( Maha Kawasa ) Anjeunna oge 
Nyiptakeun 7 lapis awang2 ( Ruang Angkasa – Outer space ). Sareng Anjeunna Nu 
Maha Uninga sagala.
Kumaha nafsirkeun ieu ayat 28 jeung 29 ? Ayat2 28 jeung 29 teh aya kakaitanana 
ka ayat 21 Nya eya :
Ayat 21 – Yaa ayyuhannasu_buduu Rabbakummulladzii Khalaqokum walladziina min 
qablikum la’allaakum tattaquun.
Jadi dina ayat 28, diingetkeun ku Gusti ka para manusa, yen maranehna teh 
baheulana mah, atawa tidituna mah PAEH asalna; dihirupkeun ku Gusti jadi hirup; 
geus hirup dimaotkeun deui ku Gusti, nu saterusna dihirupkeun deui. Sagalana 
bakal balik ka Allah. Asal ti Allah, balik deui ka Allah. Tapi ayaat turja’uun 
ieu bisa oge ngandung harti, mun aya masalah nu sulit, nya teu aya deui carana 
iwal ti sanggakeun wae ka MantenNa.
Ku sabab alesan2 ieu, wajar Gusti marentah ka manusa supaya NYEMBAH ka 
AnjeunNa. Lantaran dihirupkeun dipaehkeun kumaha Pangersa Gusti; estu manusa 
mah di na hal ieu teu daya teu upaya pisan.
Leuwih jauh deui, naon sababna disebut teu daya teu upaya ? Coba ayeuna urang 
pikirkeun ku sarerea, naha urang barang brol ka dunya jadi orok, bisa milih ? 
Teu bisa? Misalna ah uing mah hayang jadi WN USA, atawa Jerman ? Teu bisa kitu 
wae. Hartina urang memang teu daya teu upaya.
Ayat 29, netelakeun yen Gusti sanes mung sakadar Nyiptakeun manusa kitu wae. 
Tapi geus dilengkepan ku fasilitas2 pikeun manusa ngajalankeun kiprahna di ieu 
dunya; atawa di alam semesta; nu ngalingkup lain wungkul Bumi, tapi oge ruang 
angkasa nu tujuh lapis tea. Jadi Allaah di na nyiptakeun manusa pinuh ku RASA 
tanggung JAWAB; henteu dapon wae Nyiptakeun manusa. Manusa oge teu dititah kudu 
beunghar; tapi nu dipiwarang ku AnjeunNa ngan kudu nyembah ka AnjeunNa.
Tah lamun urang bageur ka batur; balabah ka batur; eta teh nandakeun oge 
nyembah ka AnjeunNa; Zikir ka Anjeunna. Nu matak sagala kagiatan kudu karana 
Allah; kudu Ihlas. Jadi na eta amal teh langsung jadi ibadah.
Naon sababna nulungan batur atawa nere naweh ka batur can puguh jadi ibadah ? 
Lantaran bisa wae nu mere teh riya, atawa pupujieun. Jadi akhirrna kumaha ? 
sigana mah tina 100 nu dermawan, can puguh hiji ge bener2 IHLAS. Jadi can puguh 
eta kadermawanan ditarima sabage IBADAH !
Kumaha nangtukeun ihlas jeung henteuna ? Moal bisa, lantaran eta mah 
hubunganana langsung ka Gusti Allah; jadi hamo bisa diukur; nu matak sok aya 
kecap2 ijab kabul teh naon atuh; nya eta nguatkeun tekad jeung kaihlasan. 
Insyaa Allaah jadi IBADAH nu ditampi ku Gusti.
Komo atuh nu Agnostik jeung kapir mah, tong dicaturkeun deui. Tambahan ti eta, 
hiji derma, atawa infaq moal jadi kaalusan oge, lantaran kumaha nu nampana oge. 
Mun nu nampana sarua ihlasna Insyaa Allaah jadi ibadah; komo bari ngadu’akeun 
mah. Tapi mun nu narima kuraweud haseum lantaran asa leutik teuing pamerena, 
atawa dianggap ngahinakeun; maka eta infaq moal jadi ibadah. Mungkin oge malah 
jadi musibah. Nu matak, salian ti mere, kudu nempo heula saha nu rek dibere; 
naha piatoheun pibungaheun narimana, atawa henteu ?
HANCA15

Kirim email ke