Aduh parunten ka sadayana ; tos 3 poe teu tiasa akses ka yahoomail ti comp di 
rorompok; ayeuna dicobi ti Warnet mudah2an lancar. Mangga nyanggakeun



Jadi jelema pasek teh kaasup jelema nu RUGL. Eta ayat
panungtung ti na ayat27.
Ayat 28 : Kaifa takfuruuna billahi wa kuntum amwaatan
fa_ahyaakum . Tsumma yumiitukum tsumma yuhyiikum , tsumma ilaihi turja’uun.
Kaifa = kumaha
Takfuruuna = jadi kapir/nolak/teu narima
Billaahi = ka Allah
 
Wa kuntum amwaatan = tadina maraneh ti na paeh
Fa_ahyaakum = terus ku AnjeunNa maraneh dihirupan
Tsumma = sanggeus kitu
Yumiitukum = maraneh dimaotkeun deui ku AnjeunNa
Yuhyiikum = AnjeunNa ngahirupkeun deui maraneh
Ilaihi = ka AnjeunNa
Turja’uun = maraneh bangbalikan ( kembali padaNYA )   
Satuluyna ayat 29 : Hualladzii Khalaqallaakum maa fil ardhi
jamii’an tsummastawaa ilassamaa. Fasawwaahunna sab’a samaawaat. Wa Hua bikulli
sya’in ‘aliim.
Harti ayat 29 : Anjeunna nu nyiptakeun naon wae nu aya di
bumi keur kaperluan maraneh sakabeh. AnjeunNa Maha berkehendak ( Maha Kawasa )
Anjeunna oge Nyiptakeun 7 lapis awang2 ( Ruang Angkasa – Outer space ). Sareng
Anjeunna Nu Maha Uninga sagala.
Kumaha nafsirkeun ieu ayat 28 jeung 29 ? Ayat2 28 jeung 29
teh aya kakaitanana ka ayat 21 Nya eya :
Ayat 21 – Yaa ayyuhannasu_buduu Rabbakummulladzii Khalaqokum
walladziina min qablikum la’allaakum tattaquun.
Jadi dina ayat 28, diingetkeun ku Gusti ka para manusa, yen
maranehna teh baheulana mah, atawa tidituna mah PAEH asalna; dihirupkeun ku
Gusti jadi hirup; geus hirup dimaotkeun deui ku Gusti, nu saterusna dihirupkeun
deui. Sagalana bakal balik ka Allah. Asal ti Allah, balik deui ka Allah. Tapi
ayaat turja’uun ieu bisa oge ngandung harti, mun aya masalah nu sulit, nya teu
aya deui carana iwal ti sanggakeun wae ka MantenNa.
Ku sabab alesan2 ieu, wajar Gusti marentah ka manusa supaya
NYEMBAH ka AnjeunNa. Lantaran dihirupkeun dipaehkeun kumaha Pangersa Gusti;
estu manusa mah di na hal ieu teu daya teu upaya pisan.
Leuwih jauh deui, naon sababna disebut teu daya teu upaya ?
Coba ayeuna urang pikirkeun ku sarerea, naha urang barang brol ka dunya jadi
orok, bisa milih ? Teu bisa? Misalna ah uing mah hayang jadi WN USA, atawa
Jerman ? Teu bisa kitu wae. Hartina urang memang teu daya teu upaya.
Ayat 29, netelakeun yen Gusti sanes mung sakadar Nyiptakeun
manusa kitu wae. Tapi geus dilengkepan ku fasilitas2 pikeun manusa ngajalankeun
kiprahna di ieu dunya; atawa di alam semesta; nu ngalingkup lain wungkul Bumi,
tapi oge ruang angkasa nu tujuh lapis tea. Jadi Allaah di na nyiptakeun manusa
pinuh ku RASA tanggung JAWAB; henteu dapon wae Nyiptakeun manusa. Manusa oge
teu dititah kudu beunghar; tapi nu dipiwarang ku AnjeunNa ngan kudu nyembah ka
AnjeunNa.
Tah lamun urang bageur ka batur; balabah ka batur; eta teh
nandakeun oge nyembah ka AnjeunNa; Zikir ka Anjeunna. Nu matak sagala kagiatan
kudu karana Allah; kudu Ihlas. Jadi na eta amal teh langsung jadi ibadah.
Naon sababna nulungan batur atawa nere naweh ka batur can
puguh jadi ibadah ? Lantaran bisa wae nu mere teh riya, atawa pupujieun. Jadi
akhirrna kumaha ? sigana mah tina 100 nu dermawan, can puguh hiji ge bener2
IHLAS. Jadi can puguh eta kadermawanan ditarima sabage IBADAH !
Kumaha nangtukeun ihlas jeung henteuna ? Moal bisa, lantaran
eta mah hubunganana langsung ka Gusti Allah; jadi hamo bisa diukur; nu matak
sok aya kecap2 ijab kabul teh naon atuh; nya eta nguatkeun tekad jeung
kaihlasan. Insyaa Allaah jadi IBADAH nu ditampi ku Gusti.
Komo atuh nu Agnostik jeung kapir mah, tong dicaturkeun deui.
Tambahan ti eta, hiji derma, atawa infaq moal jadi kaalusan oge, lantaran
kumaha nu nampana oge. Mun nu nampana sarua ihlasna Insyaa Allaah jadi ibadah;
komo bari ngadu’akeun mah. Tapi mun nu narima kuraweud haseum lantaran asa
leutik teuing pamerena, atawa dianggap ngahinakeun; maka eta infaq moal jadi
ibadah. Mungkin oge malah jadi musibah. Nu matak, salian ti mere, kudu nempo
heula saha nu rek dibere; naha piatoheun pibungaheun narimana, atawa henteu ?
HANCA15

Kirim email ke