Asbabun Nuzul ayat 26-27
As-Suddi ra. nyaritakeun yen kadua ayat ieu diturunkeun pakait jeung omongan 
jalma-jalma munapek. Waktu Allah SWT ngadamel parumpamaan dina ayat 17 jeung 19 
keur ka jalma-jalma munapek, maranehna pok ngaromong,: " naha mungkin Allah Nu 
Maha Luhur jeung Maha Luhung nyoeun hiji paumpamaan kawas kitu?"
 
(HR Ibnu Jahir & Ibnu Abi Hatim).

~ experientia docet sapientiam ~

From: Abbas <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Friday, 12 July 2013, 13:14
Subject: [kisunda] Re: Tapsir Qur_an Sunda 15

  

aduh punten kang Gun buku asbabun nujulna kapungkur teu kantos kabantun raridu 
pisan; janten kuring teh memang kurangkumplit pisan. Mangga atuh pang 
nerangkeun supados tapsiranana langkung mantep. Nuhun
--- In mailto:kisunda%40yahoogroups.com, Gunawan Yusuf <gunawanyusuf68@...> 
wrote:
>
> Bah AA,
> 1. ayat ieu diturunkeun taun sabaraha Hijiriah ?
> 2. penyebab turuna ayat ieu naon ?
> 
> 
> 2013/7/10 Abbas Amien <abas_amin08@...>
> 
> > **
> >
> >
> > Aduh parunten ka sadayana ; tos 3 poe teu tiasa akses ka yahoomail ti comp
> > di rorompok; ayeuna dicobi ti Warnet mudah2an lancar. Mangga nyanggakeun
> >
> >
> > Jadi jelema pasek teh kaasup jelema nu RUGL. Eta ayat panungtung ti na
> > ayat27.
> > Ayat 28 : Kaifa takfuruuna billahi wa kuntum amwaatan fa_ahyaakum . Tsumma
> > yumiitukum tsumma yuhyiikum , tsumma ilaihi turja'uun.
> > Kaifa = kumaha
> > Takfuruuna = jadi kapir/nolak/teu narima
> > Billaahi = ka Allah
> >
> > Wa kuntum amwaatan = tadina maraneh ti na paeh
> > Fa_ahyaakum = terus ku AnjeunNa maraneh dihirupan
> > Tsumma = sanggeus kitu
> > Yumiitukum = maraneh dimaotkeun deui ku AnjeunNa
> > Yuhyiikum = AnjeunNa ngahirupkeun deui maraneh
> > Ilaihi = ka AnjeunNa
> > Turja'uun = maraneh bangbalikan ( kembali padaNYA )
> > Satuluyna ayat 29 : Hualladzii Khalaqallaakum maa fil ardhi jamii'an
> > tsummastawaa ilassamaa. Fasawwaahunna sab'a samaawaat. Wa Hua bikulli
> > sya'in `aliim.
> > Harti ayat 29 : Anjeunna nu nyiptakeun naon wae nu aya di bumi keur
> > kaperluan maraneh sakabeh. AnjeunNa Maha berkehendak ( Maha Kawasa )
> > Anjeunna oge Nyiptakeun 7 lapis awang2 ( Ruang Angkasa – Outer space ).
> > Sareng Anjeunna Nu Maha Uninga sagala.
> > Kumaha nafsirkeun ieu ayat 28 jeung 29 ? Ayat2 28 jeung 29 teh aya
> > kakaitanana ka ayat 21 Nya eya :
> > Ayat 21 – Yaa ayyuhannasu_buduu Rabbakummulladzii Khalaqokum walladziina
> > min qablikum la'allaakum tattaquun.
> > Jadi dina ayat 28, diingetkeun ku Gusti ka para manusa, yen maranehna teh
> > baheulana mah, atawa tidituna mah PAEH asalna; dihirupkeun ku Gusti jadi
> > hirup; geus hirup dimaotkeun deui ku Gusti, nu saterusna dihirupkeun deui.
> > Sagalana bakal balik ka Allah. Asal ti Allah, balik deui ka Allah. Tapi
> > ayaat turja'uun ieu bisa oge ngandung harti, mun aya masalah nu sulit, nya
> > teu aya deui carana iwal ti sanggakeun wae ka MantenNa.
> > Ku sabab alesan2 ieu, wajar Gusti marentah ka manusa supaya NYEMBAH ka
> > AnjeunNa. Lantaran dihirupkeun dipaehkeun kumaha Pangersa Gusti; estu
> > manusa mah di na hal ieu teu daya teu upaya pisan.
> > Leuwih jauh deui, naon sababna disebut teu daya teu upaya ? Coba ayeuna
> > urang pikirkeun ku sarerea, naha urang barang brol ka dunya jadi orok, bisa
> > milih ? Teu bisa? Misalna ah uing mah hayang jadi WN USA, atawa Jerman ?
> > Teu bisa kitu wae. Hartina urang memang teu daya teu upaya.
> > Ayat 29, netelakeun yen Gusti sanes mung sakadar Nyiptakeun manusa kitu
> > wae. Tapi geus dilengkepan ku fasilitas2 pikeun manusa ngajalankeun
> > kiprahna di ieu dunya; atawa di alam semesta; nu ngalingkup lain wungkul
> > Bumi, tapi oge ruang angkasa nu tujuh lapis tea. Jadi Allaah di na
> > nyiptakeun manusa pinuh ku RASA tanggung JAWAB; henteu dapon wae Nyiptakeun
> > manusa. Manusa oge teu dititah kudu beunghar; tapi nu dipiwarang ku
> > AnjeunNa ngan kudu nyembah ka AnjeunNa.
> > Tah lamun urang bageur ka batur; balabah ka batur; eta teh nandakeun oge
> > nyembah ka AnjeunNa; Zikir ka Anjeunna. Nu matak sagala kagiatan kudu
> > karana Allah; kudu Ihlas. Jadi na eta amal teh langsung jadi ibadah.
> > Naon sababna nulungan batur atawa nere naweh ka batur can puguh jadi
> > ibadah ? Lantaran bisa wae nu mere teh riya, atawa pupujieun. Jadi akhirrna
> > kumaha ? sigana mah tina 100 nu dermawan, can puguh hiji ge bener2 IHLAS.
> > Jadi can puguh eta kadermawanan ditarima sabage IBADAH !
> > Kumaha nangtukeun ihlas jeung henteuna ? Moal bisa, lantaran eta mah
> > hubunganana langsung ka Gusti Allah; jadi hamo bisa diukur; nu matak sok
> > aya kecap2 ijab kabul teh naon atuh; nya eta nguatkeun tekad jeung
> > kaihlasan. Insyaa Allaah jadi IBADAH nu ditampi ku Gusti.
> > Komo atuh nu Agnostik jeung kapir mah, tong dicaturkeun deui. Tambahan ti
> > eta, hiji derma, atawa infaq moal jadi kaalusan oge, lantaran kumaha nu
> > nampana oge. Mun nu nampana sarua ihlasna Insyaa Allaah jadi ibadah; komo
> > bari ngadu'akeun mah. Tapi mun nu narima kuraweud haseum lantaran asa
> > leutik teuing pamerena, atawa dianggap ngahinakeun; maka eta infaq moal
> > jadi ibadah. Mungkin oge malah jadi musibah. Nu matak, salian ti mere, kudu
> > nempo heula saha nu rek dibere; naha piatoheun pibungaheun narimana, atawa
> > henteu ?
> > HANCA15
> >
> > 
> >
>


Kirim email ke