Was wr wb,

Nuhuuuns Kang Febi sae pisan… leres tah eta ngeureuyeuh rupina kedah 
diinformasikeun jeung diedukasikeun deui upaya/ misi ngajaga Situs-2 Kabuyutan 
jeung Kampung Buhun ieu walopun dina realitana mah asa neungar cadas hehehe… 
Margi nyakitu sigana tos jadi kabiasaan bangsa urang mah teu ngahargaan sajarah 
jeung budaya sorangan teh… tong boroning Situs Kabuyutan Cipaku Jatigede 
Darmaraja Sumedang dalah anu bararadag oge diantepkeun wae hehehe. 

 

Ngeunaan Obyektifitas Situs Kabuyutan ieu mangga aos link ieu : 
http://www.cipaku.org/wp/?page_id=2 sareng http://jatigede.org/wp/?page_id=90 
Kampung Buhun Cipaku teh tos di Aknowledge atanapi tos diakui ku Budayawan 
Salevel Kang Jakob Sumardjo salaku kampung tradisional di Sunda anu tos aya 
tikapungkur jeung masih keneh menganut Tritangtu tea, meureun kirang langkungna 
sami sareng Kampung Naga,  Kasepuhan Ciptagelar oge Baduy Kenekes. Kitu oge 
Situs-2 Sejarahna kantos ditulis ku Prof Nina Herlina Lubis tea. 

 

Mung nyakitu Kang… sigana memang kapitalismeu jeung nagara ieu memang sagala 
dirumpak jeung sagala ditajong katinggali pan tina tolak ukur Corruption 
Perception Index anu nyungseb. Kumargi kitu memang hal- hal kesejarahan, 
kabudayaan, jrrd mah anu pastina euweuh jang ka imahna rada kurang 
diperhatoskeun hehehe.

 

Leres pisan Kang… salami ieu pamarentah kurang ngainventarisir naon wae asset-2 
anu dipiboga boh Aset Tangible anu bisa dicekel/ Aset Pisik jeung Aset 
Intangible non Pisik… samodel Kampung Cipaku jeung Kabuyutanna ieu Aset 
Intangible. 

 

Aya oge anu nyarita sok weh atuh ceunah eta Aset dinilai secara duit nilaina 
sabaraha… engke menta ganti rugi/ penggantian… Hoooor tah ieu kumaha nya 
logikana memang rada teu nyambung, Aset Fisik wungkul anu teu pakuat pakait 
jeung sajarah oge budaya mah meureun bisa diitung nilaina di appraise ku 
konsultan professional bisa…. Tapi Situs Kabuyutan jeung Kampung Buhun anu keur 
masyarakat didinya geus melekat di hatena eta kumaha nganilaina… Istilahna mah 
benda anu sangaaat berharga pisan panginten… Tidak ternilai hargana/ tak 
terhingga. Kumargi kitu pan Karuhun Urang jelas dina Amanah Galunggung puguh 
pentingna kabuyutan teh.

 

Siga kieu weh… Analogi Pentingna Kabuyutan teh… Nilaina anu Tak Terhingga 
sangat berharga pisan….  Ka’bah di Mekah… ciiik lamun diniley secara fisik mah 
naon ngan saukur kotak bentukna oge teu nyeni terus eusina oge ngan saukur 
batu… lamun diniley secara pembentuk unsur-2 na mah meureun hargana moal leuwih 
ti 100jt rupiah… tapi kulantaran Ka’bah teh simbolna/ Kabuyutanna Umat Islam 
dimana didinya Ibrahim AS ngamimitian negakeun Monoteismeu ku cara ngawangun 
Ka’bah ku cara ninggikeun pondasina + dituluykeun ku Nabi Muhammad SAW anu 
tadina kiblat nyanghareup ka Yerusalem dipindahkeun ka Ka’bah… sok ayeuna tah 
Ka’bah lamun rek di eleb kumaha protest-na umat Islam sapanjuru dunya… Tah 
Kabuyutan Cipaku teh kitu… geus melekat di hate masyarakat jeung lain ngan 
saukur kabuyutan Urang Cipaku wungkul da ieu teh salah sahiji Kabuyutan Urang 
Sunda anu geus aya ti jaman Megalitikum :). 

 

Dina Al Qur’an mah pan anu ngaruksak Kabuyutan dina hal ieu  Ka’bah pan meunang 
Azab ti Alloh hehehe… padahal kurang kumaha gagahna tah Firaun ngirimkeun 
pasukan gajah tea pan… tapi eleh geuning ku pasukan manuk tea hehehe bari 
marawa batu panas? Asa ceuk logika akal sehat mah teu mungkin manuk maledogan 
make batu panas…. Anu mungkin mah gunung meledug terus batu-2 maluncrat tina 
gunung bitu antukna anu tadina rek nyerang ngancurkeun kabuyutan teu jadi weh 
hehehe.

 

Tah Jatigede teh… ti taun 60-an proyekna… nepi ka ayeuna CAN KASEBUT JADI 
hehehe… taun 80-an geus santer rek jadi malah pendanaanna ti World Bank… tapi 
ternyata bener anu dicaritakeun Kang Oman… kasalametkeun ku Gunung Galunggung 
hehehee tahun 1982 Gunung Galunggung Meledug 
http://indocropcircles.wordpress.com/2012/02/15/sejarah-meletusnya-gunung-galunggung-sejak-1822/
 eduuun pan…. Ieu video-na : http://www.youtube.com/watch?v=pzJgDbkq7-c . Taun 
1993… Gunung Badigul Rancamaya Siliwangi diancurkeun… 1998 Krismon Suharto 
lengser hehehe…. Taaah ayeuna 2013 Jatigede ceunah rek di eleb deui… duka tah 
taun 2013 jeung 2014 bakal aya kajadian naon….Nu jelas ayeuna dollar geus 
nerekel naek… malah ceunah bakal nepi ka 15rb lamun teu diintervensi ku 
pamarentah… Nu jelas maca di Pikiran Rakyat ceunah Gunung Guntur di Garut geus 
rada hareeng hehehe.

 

Nyakitu meureun Alloh SWT oge dina Surat Al Fil pan kitu… pasukan Gajah anu 
bakal ngelehkeun nya manuk-2 kiriman ti Alloh SWT anu marawa batu panas… Gunung 
Bitu kitu? Mun manusa geus teu bisa ditahan… Alloh SWT meureun Nu Kawasa, Nu 
Nangtukeun, Nu Maha Murbeng Alam anu bakal nindak hehehe. 

 

Wallohualam Bishawab….

 

nuhuuuns,

mang kabayan

www.udarider.com

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
Of Ahmad Hazairin
Sent: Monday, September 02, 2013 9:05 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Hasil Riungan Untuk Jatigede

 

  

Assalaamu'alaikum wr. wb.

Hapunten sim kuring ngaraos nembe terang ayeuna di milist perkawis recana 
bendungan Jatigede; teu ngiring nuturkeun ti awalna ti media sanesna.
Mung upami ngaos tulisan-tulisan mang Kaby, sim kuring ngagaduhan pikir supados 
ngelompokeun permasalahanana:

(1) Stakeholder
   a. Masyarakat lokal

   b. Pamarentah Lokal (Pemda Sumedang)

   c. Pamarentah Regional (Pemda Jabar)

   d. Pamarentah Pusat

   e. Masyarakat + Ormas/Paguyuban lokal + regional

   f.  Masyarakat/Ormas/Paguyuban Nasional

 

Ieu stakeholder kedah disosialisasi heula supados ngaraos pentingna 'misi mang 
Kabayan'.  Upami eta stakeholder tos ngaraos pentingna eta misi, kapayuna bakal 
tiasa sasarengan ngudag eta misi.  Sosialisasi awal kedah kiat di point a, b, 
c, sareng e; kumargi ngawakilan budaya Kasundaan.

 

(2) Nilai Objektif

Misi anu diperjuangkeun kedah tiasa nampilkeun Nilai Objektif, ulah kajebak ku 
nampilkeun nilai subjektif.  Nilai subjektif misalna upami imah sim kuring rek 
katarabas jalan tol.  Eta imah pikeun sim kuring penting pisan kulantaran 
warisan ti jaman uyut jeung jangawareng.  Tapi sacara objektif nilaina teu aya 
pikeun masyarakat umum.  Tah, dina merjuangkeun warisan kabuyutan teh kedah 
tiasa ditampilkeun nilai objektifna, nyaeta nilai-nilai anu bisa karasa penting 
lain ku masyarakat lokal wungkul, tapi oge pikeun masyarakat regional (jawa 
barat); atuh hade pisan lamun bisa oge ngadukung nilai objektif nasional.

 

Nilai objektif misalna tiasa ditampilkeun yen nilai budaya di kabuyutan anu rek 
dilelepkeun dina waduk teh ngawakilah titinggal budaya regional anu penting.

Lamun rek dinilai sacara akuntansi maka kedah ngalibatkeun konsultan penilai 
aset independent (akuntan publik) sareng tim arkeologi (?) anu handal pikeun 
tiasa nampilkeun nilai objektif sacara akuntansi.  Oge kedah disarengan ku tim 
ahli budaya anu handal pikeun ngarealisasikeun nilai akuntansi kana nilai 
budaya terapan dina imbasna kana kahirupan budaya lokal+regional ka payuna. 

(**note: ieu oge kalemahan pemda teh, teu ngagaduhan daftar aset anu lengkep. 
Ari aset teh ngan saukur wangunan, tanah, mobil dll. tapi cagar budaya teu acan 
kalebetkeun kana nilai aset daerah sapertos na mah)

 

Upami eta nilai objektif tos tiasa kaungkap, salajengna tiasa janten bahan 
sosialisasi anu jelas kaukur (measured values) ka para stakeholder dina point 
(1).

 

Panginten sakitu heula ilubiung ti sim kuring.  Hapunten upami janten sapertos 
lauk buruk milu mabok  :)

 

Wassalaamu'alaikum wr. wb.

 

Febi

===

 

  _____  

Von: Ahmad Dimyati <[email protected]>
An: "[email protected]" <[email protected]> 
Gesendet: 8:41 Montag, 2.September 2013
Betreff: Re: [Urang Sunda] Re: Hasil Riungan Untuk Jatigede

 

  

Kang Kaby,

Hatur nuhun kana fasilitasina kamari......sanaos teu aya leunca sareng daun 
pohpohan, teu burung ngalimed...he he he.

Usul: kahiji, saenggalna dihimpun para pakar sareng pelaku nu tiasa ngiatan 
masing-masing fungsi nu  disebatkeun ku kang Irpan....

Kadua, saenggalna diayakaeun riungan model kamari di Bandung...nu hasilna 
kumaha membangun sinergi sareng kegiatan tim Bogor. Ping 7 wengi atanapi 8 
sonten abdi tiasa partisipasi, margi insyaalloh nuju di Bandung. Kang Oman, 
kang Mubyar, kang Sobirin, sareng ceu Nina Lubis jelas tiasa sejalan sareng 
skenario kang Kaby...

Saha nu terang aya oge nu ngarojong skenario mitigasina kang Nana....

Kanggo diplomasi, advokasi, negosiasi, publikasi, edukasi oge di Bandung seueur 
mandahna boh kanggo tingkat Sumedang, tingkat Pantura, tingkat Jawa Barat, oge 
tingkat Nasional....

 

Baktos,

AD

Sent from my iPad


On 1 Sep 2013, at 19:11, "mang kaby" <[email protected]> wrote:

  

Singkaaap Kang Irpan, 
Nuhuuuuns pisan yuuu mari kita hayuuu... Kin urang inpokeun dina riungan 
salajengna perihal babagi tugas ieu.

Diantawisna anu kapireng ku Mamang mah Kang AD bade nyobian ngalakukeun 
Diplomasi ka nu dilaluhur diantarana anggota DPR susuganan nyangut :).

Mamang meureun coba meta-keun oge terus nga-edukasi ngeunaan pentingna 
nyalametkeun situs Susundaan ieu. Aya rencana rek balik deui ka lembur pikeun 
nyieun Video terus diasupkeun ka Youtube supaya tiasa ditinggali kaayaan Situs 
Kabuyutan Sunda anu rek dilelepkeun tea.

Publikasi meureun urang-2 mun boga akses ka media oge minimal di pesbuk atawa 
widang laina hayuu urang silih bantu rempug jukung sauyunan :). 

Salama ieu pamarentah nganiley aset teh ngan saukur aset fisikna.. Matakna aya 
wacana Situs eta rek dipindahkeun :((. Pamarentah teu nganiley Situs-2 
Kabuyutan jeung Kampung Buhun ieu sebagai Intangible Aset (Aset Non Fisik) 
nyaeta Nilai/ Value si Aset ieu keur masyarakat. Intangible aset ieu nilaina 
teu berhingga soalna titinggal karuhun urang. Keberadaan situs ieu jeung 
kampung buhun ieu geus jadi Barang LANGKA hese jeung can tangtu bisa urang 
nyieunna. Ceuk teori ekonomi mana wae oge anu ngarana barang langka ieu nilaina 
mahaaaal pisan alias teu berhingga euweuh acuan anu pasti. Cobi weh lamun 
nganiley barang antik pan hese nganileyna komo deui barang na mangrupakeun 
titinggal sajarah arkeologi bangsa urang. Saha deui anu ngalestarikeun lamun 
lain urang :).

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com <http://www.udarider.com/> 


  _____  


From: Irpan Rispandi <[email protected]> 

Sender: [email protected] 

Date: Sun, 1 Sep 2013 18:56:34 +0700

To: <[email protected]>

ReplyTo: [email protected] 

Subject: Re: [kisunda] Hasil Riungan Untuk Jatigede

 

  

TOP kang.
Usul, coba rinci deui we "jatah tugas" masing2. Maksudna, dina ngabelaan 
Jatigede the, lengkah nu bisa dilakukeun the diantarana:
-diplomasi
-publikasi
-edukasi
-dsb

Diplomasi, saha nu rek ngadukung lengkah eta. Trus naon2 wae nu bakal 
dilakukeun.

Publikasi, idem.

Edukasi, idem.

Kitu tah ^_^

On Sep 1, 2013 6:45 PM, "mang kaby" <[email protected]> wrote:

  

Nuhuuuuuuns, terima kasih banyak kepada para senior Mamang yg telah datang ke 
Balong menyempatkan diri walaupun punya kesibukan masing-2 :). Alhamdulillah 
Riungan dihadiri Kang Ahmad Dimyati Ahli Pertanian Hortikultura Alumni Unpad, 
IPB dan Nebraska Amrik, Kang Odjat beserta istri Pituin Sumedang Alumni 
Kehutanan IPB, Kang Nana Dosen Kehutanan IPB, Kang Ahmad Mulis Yusuf dari MWA 
IPB, Teh Nisa Ahli GIS Alumni Kehutanan IPB, dan Mamang alumni ITB n' IPB 
tentunya se :).

Ajiiiiip pisan masukan-2 dari para senior dalam rangka memperjuangkan Jatigede 
ini sehingga menjadi perjuangan lebih terarah epektip n' episien. Beberapa hal 
yang menjadi concern diantaranya:

1. Perlu kiranya melakukan evaluasi secara komprehensif menilai/ memvaluasi 
segala aset baik yg tangible maupun intangible yg akan ditenggelamkan dalam 
proyek Jatigede ini. Pemkab Sumedang harusnya aware akan hal ini jangan sampai 
hanya jadi penonton saja. Pemkab Sumedang harusnya menginventarisir dan menilai 
aset-2 yg berharga yg akan ditenggelamkan. Hal yg menjadi concern adalah 
keberadaan Situs Bersejarah Arkeologi yang tentunya apabila dinilai, nilainya 
akan menjadi tak terhingga terutama bagi masyarakat yang ada disana, begitu 
juga kampung buhun yang harmonis dan agamis, juga 33000KK yang akan 
ditenggelamkan yg sudah memiliki tatanan kehidupan sosial yg cukup baik, jangan 
sampai kegiatan relokasi akan justru memiskinkan mereka.

2. Perlu dibuat target yg jelas dalam perjuangan ini diantaranya target paling 
tinggi adalah menyetop fungsi pemanfaatan bendungan tersebut, tidak diairi 
sehingga menjadikan Bendungan Jatigede sebagai monumen saja sebagai sarana 
edukasi sebuah pembelajaran tentang kurangnya perencanaan yang matang dan juga 
monumen kepedulian sosial dan lingkungan dari Pemerintah serta kepedulian 
pemerintah dalam menjaga Kabuyutan/ Situs-2 Bersejarah Arkeologi Indonesia.

3. Perlu dibuat maping/ pemetaan keberadaan lokasi Situs-2 Sejarah tersebut. 
Keberadaan situs-2 itu melekat dengan masyarakat sehingga apabila solusinya 
dipindahkan justru akan menghapus nilainya/ keberadaan situs tersebut apabila 
dipindahkan sudah tidak bernilai lagi.

4. Perlu digalang dukungan dari komunitas dan juga para inohong untuk 
penyelamatan Aset Intangible Budaya n' Sejarah tersebut dan rutin disuarakan 
melalui berbagai media, untuk menggugah kesadaran agar bisa memberikan 
balancing terhadap rencana Pengembangan/ Pembangunan Pemerintah yang seringkali 
tidak memperhatikan kearifan lokal yg ada di daerah. Seringkali pemerintah 
melihat secara pragmatis dengan kacamata Jakarta dan tidak memperhatikan 
kearifan lokal yang ada di daerah. 

5. Perlu dievaluasi keberadaan fungsi bendungan yg ada saat ini ternyata dari 
Masyarakat yg berada di Hulu multiplier effect-nya tidak begitu banyak terasa, 
dibeberapa daerah seperti di Cirata/ Saguling masyarakat disekitar waduk masih 
miskin dan byar pet. Perlu dievaluasi juga efektifitas keberadaan Bendungan 
tersebut jangan sampai pemanfaatannya tidak efektif apalagi di daerah hilir yg 
akan diairi saat ini lahan-2nya sudah terkonversi menjadi Industri. Untuk 
solusi masalah kekeringan sawah dihilir sebenernya sawah-2 tersebut bisa 
dikonversi menjadi tanaman hortikultura yang justru nilainya lebih tinggi. 

6. Pemerintah Propinsi Jawa Barat harusnya memiliki Divisi Khusus yang 
mengelola Daerah Aliran Sungai, menjaga dan memelihara DAS di Jawa Barat dengan 
melibatkan seluruh elemen dari mulai pemerintah kabupaten, masyarakat, dlsb. 

7. Perlu dilakukan lobbying sesuai akses masing-2 ke berbagai pihak untuk 
mengangkat issue ini dan menciptakan awareness. 

8. Ini merupakan langkah awal dan secara kongkrit harus memberikan solusi 
kepada pemerintah berupa usulan yg lebih baik tentunya, perlu dilanjutkan 
pertemuan lebih detail, tentatif minggu depan di Jakarta.

Demikian hasil riungan yg Mamang tangkap untuk menjadi referensi/ acuan Mamang 
dalam melangkah kedepan. Tentunya tidak mudah dan betul banyak yg bilang sangat 
mustahil untuk menyetop Proyek Kapitalis yg sudah melibatkan Government to 
Government ini namun sesuai Hadist Rosululloh yang disampaikan Kang Ahmad 
Dimyati diawal pertemuan bahwa Rosululloh bersabda "Walaupun Esok Hari Dunia 
Ini Akan Kiamat dan kita masih sempat nanam Kurma maka tanamlah", tidak ada 
kata terlambat untuk menyelamatkan n' memperjuangkan Kabuyutan Sunda yang akan 
ditenggelamkan. 

Walaupun mungkin pemerintah dan berbagai pihak menganggap ini anjing 
menggonggong kapilah berlalu namun biarlah suara alam pasundan ini menggema ke 
seantero jagat raya sehingga mudah-2an bisa menyentuh hati orang-2 yg peduli 
termasuk para inohong Sunda, tulisan Kang MY sangat menyentuh hati Mamang di 
Status BB-nya "Selamatkan Kabuyutan Cipaku", Mudah2an inohong Sunda ka geuing 
pikeun nyalametkeun titinggal karuhun urang. Lamun caricing wae sok sieun 
lalaunan urang Sunda jadi poho kana akar budaya jeung jatidirina, da dikeueum 
ku Jatigede tea. Artinya: Semoga para Inohong/ Tokoh Sunda tersadarkan untuk 
menyelamatkan peninggalan leluhur kita. Kalau diam saja khawatir secara 
pelan-pelan Urang Sunda akan semakin lupa terhadap Akar Budaya dan Jatidirinya, 
karena ditenggelamkan oleh Jatigede.

Pun sapun kaluluhuran... 

nuhuuuuns, 
mang kabayan 
www.udarider.com <http://www.udarider.com/> 

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke