Mang Kaby sareng saderek sadayana,
Dina penilaian aset cagar budaya sacara akuntansi memang sesah atanapi teu tiasa dinilai ku nilai artos.
Tapi pemda tiasa ngadamel lampiran aset daerah anu mangrupa nilai aset cagar budaya atawa aset anu ngagaduhan nilai historis.
Tah tiasa oge memang ngadamel grade penilaian sacara indikator: budaya, sosial, historis, aktual.

Misalna Kampung Naga, eta kampung teh salian indikator budayana luhur, oge indikator sosialna luhur, salajengna nilai indikator aktual na oge luhur:
Indikator budaya:  Kampung naga mangrupa budaya unik anu ngandung nilai-nilai falsafah lokal anu bisa jadi pangrojong nilai falsafah regional oge nasional
Indikator sosial: Kampung naga sacara sosial aktif keneh ngabentuk hiji kampung anu struktur-na jelas sareng ORISINIL (kapala kampung adat, juru bicara, tradisina orisinil hirup keneh)
Indikator aktual: Kampung naga dugi ka danget ieu jelas pisan hirup keneh tradisina anu kakait pisan jeung lokasi, moal bisa eta tradisi jeung masyarakatna dipindahkeun ka tempat lain
Indikator Historis: ** sim kuring teu pati apal, he... he.. he..**

Tah mangga, misalna kampung Cipaku kumaha ngeunaan indikaor-indikator eta. Misalna, apakah kampung Cipaku mangrupa kampung budaya anu solid, hirup, ngagaduhan struktur adat lokal orisinil saperti Kampung Naga sareng Kanekes?  Upami teu tiasa dibuktoskeun indikator budaya adat solid sareng strukturna maka sesah ngabuktoskeun sacara nilai objektif; kumargi sacara nilai subjektif sadayana kampung di mana wae oge bakal ngarasa penting tina posisina masing-masing.

Upami misalna indikatorna historis sapertos makam atanapi situs kabuyutan, apakah tiasa direlokasi?  Kumargi upami situs kabuyutan sapertos makam teu lebet kana indikator sosial anu masih keneh aktif.  Upami direlokasi janten tiasa da teu ngarobah struktur sosial/budaya adat orisinil anu aktif.  Memang pastina dina relokasi aya kakaitan lokasi anu leungit, tapi kedah diukur sareng mangpaat anu bakal diala tina waduk jatigede.  Upami waduk jatigedena moal aya mangpaat, ya eta mah *waduk* pisan rancana pamarentah teh, kantun dihantem wae oge tina azas mangpaat/mudarat sacara alam/ekonomi, ka para stakeholder.

Sadayana indikator di luhur mung pamisalan ti pikiran sim kuring, sanes nyandak tina referensi formal, janten tiasa dilengkepan tapi oge tiasa wae dibabad tandas :)

Wallahu'alam

Febi
===



Von: mang kaby <[email protected]>
An: [email protected]
CC: [email protected]; [email protected]
Gesendet: 11:05 Montag, 2.September 2013
Betreff: RE: [Urang Sunda] Re: Hasil Riungan Untuk Jatigede

 
Was wr wb,
Nuhuuuns Kang Febi sae pisan… leres tah eta ngeureuyeuh rupina kedah diinformasikeun jeung diedukasikeun deui upaya/ misi ngajaga Situs-2 Kabuyutan jeung Kampung Buhun ieu walopun dina realitana mah asa neungar cadas hehehe… Margi nyakitu sigana tos jadi kabiasaan bangsa urang mah teu ngahargaan sajarah jeung budaya sorangan teh… tong boroning Situs Kabuyutan Cipaku Jatigede Darmaraja Sumedang dalah anu bararadag oge diantepkeun wae hehehe.
 
Ngeunaan Obyektifitas Situs Kabuyutan ieu mangga aos link ieu : http://www.cipaku.org/wp/?page_id=2 sareng http://jatigede.org/wp/?page_id=90 Kampung Buhun Cipaku teh tos di Aknowledge atanapi tos diakui ku Budayawan Salevel Kang Jakob Sumardjo salaku kampung tradisional di Sunda anu tos aya tikapungkur jeung masih keneh menganut Tritangtu tea, meureun kirang langkungna sami sareng Kampung Naga,  Kasepuhan Ciptagelar oge Baduy Kenekes. Kitu oge Situs-2 Sejarahna kantos ditulis ku Prof Nina Herlina Lubis tea.
 
Mung nyakitu Kang… sigana memang kapitalismeu jeung nagara ieu memang sagala dirumpak jeung sagala ditajong katinggali pan tina tolak ukur Corruption Perception Index anu nyungseb. Kumargi kitu memang hal- hal kesejarahan, kabudayaan, jrrd mah anu pastina euweuh jang ka imahna rada kurang diperhatoskeun hehehe.
 
Leres pisan Kang… salami ieu pamarentah kurang ngainventarisir naon wae asset-2 anu dipiboga boh Aset Tangible anu bisa dicekel/ Aset Pisik jeung Aset Intangible non Pisik… samodel Kampung Cipaku jeung Kabuyutanna ieu Aset Intangible.
 
Aya oge anu nyarita sok weh atuh ceunah eta Aset dinilai secara duit nilaina sabaraha… engke menta ganti rugi/ penggantian… Hoooor tah ieu kumaha nya logikana memang rada teu nyambung, Aset Fisik wungkul anu teu pakuat pakait jeung sajarah oge budaya mah meureun bisa diitung nilaina di appraise ku konsultan professional bisa…. Tapi Situs Kabuyutan jeung Kampung Buhun anu keur masyarakat didinya geus melekat di hatena eta kumaha nganilaina… Istilahna mah benda anu sangaaat berharga pisan panginten… Tidak ternilai hargana/ tak terhingga. Kumargi kitu pan Karuhun Urang jelas dina Amanah Galunggung puguh pentingna kabuyutan teh.
 
Siga kieu weh… Analogi Pentingna Kabuyutan teh… Nilaina anu Tak Terhingga sangat berharga pisan….  Ka’bah di Mekah… ciiik lamun diniley secara fisik mah naon ngan saukur kotak bentukna oge teu nyeni terus eusina oge ngan saukur batu… lamun diniley secara pembentuk unsur-2 na mah meureun hargana moal leuwih ti 100jt rupiah… tapi kulantaran Ka’bah teh simbolna/ Kabuyutanna Umat Islam dimana didinya Ibrahim AS ngamimitian negakeun Monoteismeu ku cara ngawangun Ka’bah ku cara ninggikeun pondasina + dituluykeun ku Nabi Muhammad SAW anu tadina kiblat nyanghareup ka Yerusalem dipindahkeun ka Ka’bah… sok ayeuna tah Ka’bah lamun rek di eleb kumaha protest-na umat Islam sapanjuru dunya… Tah Kabuyutan Cipaku teh kitu… geus melekat di hate masyarakat jeung lain ngan saukur kabuyutan Urang Cipaku wungkul da ieu teh salah sahiji Kabuyutan Urang Sunda anu geus aya ti jaman Megalitikum :).
 
Dina Al Qur’an mah pan anu ngaruksak Kabuyutan dina hal ieu  Ka’bah pan meunang Azab ti Alloh hehehe… padahal kurang kumaha gagahna tah Firaun ngirimkeun pasukan gajah tea pan… tapi eleh geuning ku pasukan manuk tea hehehe bari marawa batu panas? Asa ceuk logika akal sehat mah teu mungkin manuk maledogan make batu panas…. Anu mungkin mah gunung meledug terus batu-2 maluncrat tina gunung bitu antukna anu tadina rek nyerang ngancurkeun kabuyutan teu jadi weh hehehe.
 
Tah Jatigede teh… ti taun 60-an proyekna… nepi ka ayeuna CAN KASEBUT JADI hehehe… taun 80-an geus santer rek jadi malah pendanaanna ti World Bank… tapi ternyata bener anu dicaritakeun Kang Oman… kasalametkeun ku Gunung Galunggung hehehee tahun 1982 Gunung Galunggung Meledug http://indocropcircles.wordpress.com/2012/02/15/sejarah-meletusnya-gunung-galunggung-sejak-1822/ eduuun pan…. Ieu video-na : http://www.youtube.com/watch?v=pzJgDbkq7-c . Taun 1993… Gunung Badigul Rancamaya Siliwangi diancurkeun… 1998 Krismon Suharto lengser hehehe…. Taaah ayeuna 2013 Jatigede ceunah rek di eleb deui… duka tah taun 2013 jeung 2014 bakal aya kajadian naon….Nu jelas ayeuna dollar geus nerekel naek… malah ceunah bakal nepi ka 15rb lamun teu diintervensi ku pamarentah… Nu jelas maca di Pikiran Rakyat ceunah Gunung Guntur di Garut geus rada hareeng hehehe.
 
Nyakitu meureun Alloh SWT oge dina Surat Al Fil pan kitu… pasukan Gajah anu bakal ngelehkeun nya manuk-2 kiriman ti Alloh SWT anu marawa batu panas… Gunung Bitu kitu? Mun manusa geus teu bisa ditahan… Alloh SWT meureun Nu Kawasa, Nu Nangtukeun, Nu Maha Murbeng Alam anu bakal nindak hehehe.
 
Wallohualam Bishawab….
 
nuhuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
 
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Ahmad Hazairin
Sent: Monday, September 02, 2013 9:05 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Hasil Riungan Untuk Jatigede
 
 
Assalaamu'alaikum wr. wb.

Hapunten sim kuring ngaraos nembe terang ayeuna di milist perkawis recana bendungan Jatigede; teu ngiring nuturkeun ti awalna ti media sanesna.
Mung upami ngaos tulisan-tulisan mang Kaby, sim kuring ngagaduhan pikir supados ngelompokeun permasalahanana:

(1) Stakeholder
   a. Masyarakat lokal
   b. Pamarentah Lokal (Pemda Sumedang)
   c. Pamarentah Regional (Pemda Jabar)
   d. Pamarentah Pusat
   e. Masyarakat + Ormas/Paguyuban lokal + regional
   f.  Masyarakat/Ormas/Paguyuban Nasional
 
Ieu stakeholder kedah disosialisasi heula supados ngaraos pentingna 'misi mang Kabayan'.  Upami eta stakeholder tos ngaraos pentingna eta misi, kapayuna bakal tiasa sasarengan ngudag eta misi.  Sosialisasi awal kedah kiat di point a, b, c, sareng e; kumargi ngawakilan budaya Kasundaan.
 
(2) Nilai Objektif
Misi anu diperjuangkeun kedah tiasa nampilkeun Nilai Objektif, ulah kajebak ku nampilkeun nilai subjektif.  Nilai subjektif misalna upami imah sim kuring rek katarabas jalan tol.  Eta imah pikeun sim kuring penting pisan kulantaran warisan ti jaman uyut jeung jangawareng.  Tapi sacara objektif nilaina teu aya pikeun masyarakat umum.  Tah, dina merjuangkeun warisan kabuyutan teh kedah tiasa ditampilkeun nilai objektifna, nyaeta nilai-nilai anu bisa karasa penting lain ku masyarakat lokal wungkul, tapi oge pikeun masyarakat regional (jawa barat); atuh hade pisan lamun bisa oge ngadukung nilai objektif nasional.
 
Nilai objektif misalna tiasa ditampilkeun yen nilai budaya di kabuyutan anu rek dilelepkeun dina waduk teh ngawakilah titinggal budaya regional anu penting.
Lamun rek dinilai sacara akuntansi maka kedah ngalibatkeun konsultan penilai aset independent (akuntan publik) sareng tim arkeologi (?) anu handal pikeun tiasa nampilkeun nilai objektif sacara akuntansi.  Oge kedah disarengan ku tim ahli budaya anu handal pikeun ngarealisasikeun nilai akuntansi kana nilai budaya terapan dina imbasna kana kahirupan budaya lokal+regional ka payuna.
(**note: ieu oge kalemahan pemda teh, teu ngagaduhan daftar aset anu lengkep. Ari aset teh ngan saukur wangunan, tanah, mobil dll. tapi cagar budaya teu acan kalebetkeun kana nilai aset daerah sapertos na mah)
 
Upami eta nilai objektif tos tiasa kaungkap, salajengna tiasa janten bahan sosialisasi anu jelas kaukur (measured values) ka para stakeholder dina point (1).
 
Panginten sakitu heula ilubiung ti sim kuring.  Hapunten upami janten sapertos lauk buruk milu mabok  :)
 
Wassalaamu'alaikum wr. wb.
 
Febi
===
 

Von: Ahmad Dimyati <[email protected]>
An: "[email protected]" <[email protected]>
Gesendet: 8:41 Montag, 2.September 2013
Betreff: Re: [Urang Sunda] Re: Hasil Riungan Untuk Jatigede
 
 
Kang Kaby,
Hatur nuhun kana fasilitasina kamari......sanaos teu aya leunca sareng daun pohpohan, teu burung ngalimed...he he he.
Usul: kahiji, saenggalna dihimpun para pakar sareng pelaku nu tiasa ngiatan masing-masing fungsi nu  disebatkeun ku kang Irpan....
Kadua, saenggalna diayakaeun riungan model kamari di Bandung...nu hasilna kumaha membangun sinergi sareng kegiatan tim Bogor. Ping 7 wengi atanapi 8 sonten abdi tiasa partisipasi, margi insyaalloh nuju di Bandung. Kang Oman, kang Mubyar, kang Sobirin, sareng ceu Nina Lubis jelas tiasa sejalan sareng skenario kang Kaby...
Saha nu terang aya oge nu ngarojong skenario mitigasina kang Nana....
Kanggo diplomasi, advokasi, negosiasi, publikasi, edukasi oge di Bandung seueur mandahna boh kanggo tingkat Sumedang, tingkat Pantura, tingkat Jawa Barat, oge tingkat Nasional....
 
Baktos,
AD

Sent from my iPad

On 1 Sep 2013, at 19:11, "mang kaby" <[email protected]> wrote:
 
Singkaaap Kang Irpan,
Nuhuuuuns pisan yuuu mari kita hayuuu... Kin urang inpokeun dina riungan salajengna perihal babagi tugas ieu.

Diantawisna anu kapireng ku Mamang mah Kang AD bade nyobian ngalakukeun Diplomasi ka nu dilaluhur diantarana anggota DPR susuganan nyangut :).

Mamang meureun coba meta-keun oge terus nga-edukasi ngeunaan pentingna nyalametkeun situs Susundaan ieu. Aya rencana rek balik deui ka lembur pikeun nyieun Video terus diasupkeun ka Youtube supaya tiasa ditinggali kaayaan Situs Kabuyutan Sunda anu rek dilelepkeun tea.

Publikasi meureun urang-2 mun boga akses ka media oge minimal di pesbuk atawa widang laina hayuu urang silih bantu rempug jukung sauyunan :).

Salama ieu pamarentah nganiley aset teh ngan saukur aset fisikna.. Matakna aya wacana Situs eta rek dipindahkeun :((. Pamarentah teu nganiley Situs-2 Kabuyutan jeung Kampung Buhun ieu sebagai Intangible Aset (Aset Non Fisik) nyaeta Nilai/ Value si Aset ieu keur masyarakat. Intangible aset ieu nilaina teu berhingga soalna titinggal karuhun urang. Keberadaan situs ieu jeung kampung buhun ieu geus jadi Barang LANGKA hese jeung can tangtu bisa urang nyieunna. Ceuk teori ekonomi mana wae oge anu ngarana barang langka ieu nilaina mahaaaal pisan alias teu berhingga euweuh acuan anu pasti. Cobi weh lamun nganiley barang antik pan hese nganileyna komo deui barang na mangrupakeun titinggal sajarah arkeologi bangsa urang. Saha deui anu ngalestarikeun lamun lain urang :).
nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

From: Irpan Rispandi <[email protected]>
Date: Sun, 1 Sep 2013 18:56:34 +0700
Subject: Re: [kisunda] Hasil Riungan Untuk Jatigede
 
 
TOP kang.
Usul, coba rinci deui we "jatah tugas" masing2. Maksudna, dina ngabelaan Jatigede the, lengkah nu bisa dilakukeun the diantarana:
-diplomasi
-publikasi
-edukasi
-dsb
Diplomasi, saha nu rek ngadukung lengkah eta. Trus naon2 wae nu bakal dilakukeun.
Publikasi, idem.
Edukasi, idem.
Kitu tah ^_^
On Sep 1, 2013 6:45 PM, "mang kaby" <[email protected]> wrote:
 
Nuhuuuuuuns, terima kasih banyak kepada para senior Mamang yg telah datang ke Balong menyempatkan diri walaupun punya kesibukan masing-2 :). Alhamdulillah Riungan dihadiri Kang Ahmad Dimyati Ahli Pertanian Hortikultura Alumni Unpad, IPB dan Nebraska Amrik, Kang Odjat beserta istri Pituin Sumedang Alumni Kehutanan IPB, Kang Nana Dosen Kehutanan IPB, Kang Ahmad Mulis Yusuf dari MWA IPB, Teh Nisa Ahli GIS Alumni Kehutanan IPB, dan Mamang alumni ITB n' IPB tentunya se :).

Ajiiiiip pisan masukan-2 dari para senior dalam rangka memperjuangkan Jatigede ini sehingga menjadi perjuangan lebih terarah epektip n' episien. Beberapa hal yang menjadi concern diantaranya:

1. Perlu kiranya melakukan evaluasi secara komprehensif menilai/ memvaluasi segala aset baik yg tangible maupun intangible yg akan ditenggelamkan dalam proyek Jatigede ini. Pemkab Sumedang harusnya aware akan hal ini jangan sampai hanya jadi penonton saja. Pemkab Sumedang harusnya menginventarisir dan menilai aset-2 yg berharga yg akan ditenggelamkan. Hal yg menjadi concern adalah keberadaan Situs Bersejarah Arkeologi yang tentunya apabila dinilai, nilainya akan menjadi tak terhingga terutama bagi masyarakat yang ada disana, begitu juga kampung buhun yang harmonis dan agamis, juga 33000KK yang akan ditenggelamkan yg sudah memiliki tatanan kehidupan sosial yg cukup baik, jangan sampai kegiatan relokasi akan justru memiskinkan mereka.

2. Perlu dibuat target yg jelas dalam perjuangan ini diantaranya target paling tinggi adalah menyetop fungsi pemanfaatan bendungan tersebut, tidak diairi sehingga menjadikan Bendungan Jatigede sebagai monumen saja sebagai sarana edukasi sebuah pembelajaran tentang kurangnya perencanaan yang matang dan juga monumen kepedulian sosial dan lingkungan dari Pemerintah serta kepedulian pemerintah dalam menjaga Kabuyutan/ Situs-2 Bersejarah Arkeologi Indonesia.

3. Perlu dibuat maping/ pemetaan keberadaan lokasi Situs-2 Sejarah tersebut. Keberadaan situs-2 itu melekat dengan masyarakat sehingga apabila solusinya dipindahkan justru akan menghapus nilainya/ keberadaan situs tersebut apabila dipindahkan sudah tidak bernilai lagi.

4. Perlu digalang dukungan dari komunitas dan juga para inohong untuk penyelamatan Aset Intangible Budaya n' Sejarah tersebut dan rutin disuarakan melalui berbagai media, untuk menggugah kesadaran agar bisa memberikan balancing terhadap rencana Pengembangan/ Pembangunan Pemerintah yang seringkali tidak memperhatikan kearifan lokal yg ada di daerah. Seringkali pemerintah melihat secara pragmatis dengan kacamata Jakarta dan tidak memperhatikan kearifan lokal yang ada di daerah.

5. Perlu dievaluasi keberadaan fungsi bendungan yg ada saat ini ternyata dari Masyarakat yg berada di Hulu multiplier effect-nya tidak begitu banyak terasa, dibeberapa daerah seperti di Cirata/ Saguling masyarakat disekitar waduk masih miskin dan byar pet. Perlu dievaluasi juga efektifitas keberadaan Bendungan tersebut jangan sampai pemanfaatannya tidak efektif apalagi di daerah hilir yg akan diairi saat ini lahan-2nya sudah terkonversi menjadi Industri. Untuk solusi masalah kekeringan sawah dihilir sebenernya sawah-2 tersebut bisa dikonversi menjadi tanaman hortikultura yang justru nilainya lebih tinggi.

6. Pemerintah Propinsi Jawa Barat harusnya memiliki Divisi Khusus yang mengelola Daerah Aliran Sungai, menjaga dan memelihara DAS di Jawa Barat dengan melibatkan seluruh elemen dari mulai pemerintah kabupaten, masyarakat, dlsb.

7. Perlu dilakukan lobbying sesuai akses masing-2 ke berbagai pihak untuk mengangkat issue ini dan menciptakan awareness.

8. Ini merupakan langkah awal dan secara kongkrit harus memberikan solusi kepada pemerintah berupa usulan yg lebih baik tentunya, perlu dilanjutkan pertemuan lebih detail, tentatif minggu depan di Jakarta.

Demikian hasil riungan yg Mamang tangkap untuk menjadi referensi/ acuan Mamang dalam melangkah kedepan. Tentunya tidak mudah dan betul banyak yg bilang sangat mustahil untuk menyetop Proyek Kapitalis yg sudah melibatkan Government to Government ini namun sesuai Hadist Rosululloh yang disampaikan Kang Ahmad Dimyati diawal pertemuan bahwa Rosululloh bersabda "Walaupun Esok Hari Dunia Ini Akan Kiamat dan kita masih sempat nanam Kurma maka tanamlah", tidak ada kata terlambat untuk menyelamatkan n' memperjuangkan Kabuyutan Sunda yang akan ditenggelamkan.

Walaupun mungkin pemerintah dan berbagai pihak menganggap ini anjing menggonggong kapilah berlalu namun biarlah suara alam pasundan ini menggema ke seantero jagat raya sehingga mudah-2an bisa menyentuh hati orang-2 yg peduli termasuk para inohong Sunda, tulisan Kang MY sangat menyentuh hati Mamang di Status BB-nya "Selamatkan Kabuyutan Cipaku", Mudah2an inohong Sunda ka geuing pikeun nyalametkeun titinggal karuhun urang. Lamun caricing wae sok sieun lalaunan urang Sunda jadi poho kana akar budaya jeung jatidirina, da dikeueum ku Jatigede tea. Artinya: Semoga para Inohong/ Tokoh Sunda tersadarkan untuk menyelamatkan peninggalan leluhur kita. Kalau diam saja khawatir secara pelan-pelan Urang Sunda akan semakin lupa terhadap Akar Budaya dan Jatidirinya, karena ditenggelamkan oleh Jatigede.

Pun sapun kaluluhuran...

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
 


Kirim email ke