> From: sofie mei syahdiani <[EMAIL PROTECTED]>
>
> GEUS CAGEUR
> Aki : "Geus dibejakeun ka Ustad, yen Aki geus cageur?"
> Incu : "Atos Ki!"
> Aki : "Kumaha ngabejakeunana ?"
> Incu : "Pa Ustad, tahlilan teh teu cios..."
>
> SIBUK
> "Dupi Bapa na aya kitu ?" ceuk sora dina telepon.
> Saurang budak anu narima eta telepon ngajawab bari haharewosan.
> "Aya,tapi nuju sibuk" pokna.
> "Ari Ibu ?"
> "Sami, mamah ge nuju sibuk" ceuk budak bari angger ngaharewos.
> "Saha deui atuh anu aya didinya ?"
> "Aya, teteh, pedah sami deuih nuju sibuk" angger ngaharewos.
> Anu nelepon panasaraneun, "Naha nuju saribuk naon atuh neng ?"
> "Ih, apanan nuju ameng ucing sumput sareng Neneng".
>
> MANUK
> "Sabaraha mang manuk ieu hargana ?" ceuk saurang lalaki ka tukang manuk.
> "Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh, anu cicing bae,
eta
> mah
> dua juta" bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.
> "Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang ?"
> "His, pan eta anu nyiptakeun laguna"
>
> IBU-IBU JEUNG IBU-IBU
> Saurang ibu-ibu anu masih ngora keneh keur bebeja ka babaturanana,
> "Kapaksa kuring mah menta ditalak ka salaki."
> "Naha, kunaon kitu ?" ceuk babaturanana.
> "Bongan, ampir unggal peuting manehna pagaweanana lar sup ka imah bordil."
> "Oh, jadi salaki teh laki-laki hidung belang, nyah ?"
> "Ih lain kitu, lar sup ka imah bordil teh pan keur neangan kuring!" tembal
> si
> ibu.
>
> DOKTER JEUNG IBU-IBU
> "Sanes Dok, naha ongkosna ayeuna mah janten 100 rebu geuning, biasana mah
> apanan
> mung 25 rebu ?" ceuk saurang ibu-ibu tina telepon ka saurang dokter gigi
> langganan
> anakna. "Leres pisan Bu. Margi tuang putra waktos diparios jejeritan tarik
> pisan,
> dugikeun ka 3 urang calon pasen abdi kalabur," walon Dokter gigi kalem
>
> DOKTER JEUNG AKI-AKI
> "Kaserang rematik jigana mah Ki, sampean Aki anu kenca teh," ceuk saurang
> dokter
> ka saurang pasena anu geus aki-aki.
> "Rematik teh panyakit nanahaon atuh Dok ?" ceuk si Aki malik nanya.
> "Rematik teh salah sahiji panyakit anu nyerang sendi, Ki.  Ari anu
> ngalantarana
> keunana tiasa bae kumargi Aki tos sepuh.."
> Si Aki gancang motong omongan dokter, "Ah ulah sok ngabobodo kitu. Abong
> kena ka
> aki-aki. Geuning suku aki anu katuhu teu karasa nyeri, padahal umurna mah
> apanan
> sarua jeung nu kenca?"
>
> PEJUANG
> "Mamah, Neneng tadi papendak sareng pejuang. Ngagandong bambu runcing mani
> ageung,"
> ceuk saurang budak ka indungna.
> "Ka Neneng naros?" ceuk indungna.
> "Muhun.  Saurna teh, Neng.... bade meser lahang?"
>
> PROKLAMATOR
> Hiji mangsa, di sakola SD Tjiudjung, bu guru Sejarah ningal Kirdun
> nundutan, teras
> we ku si Ibu  teh ditaros: "Kirdun, saha ari Proklamator Indonesia?"
> Kirdun kaget bari langsung ngajawab arap-ap eureup-eup.
> "Duka, bu... teu terang,sanes abdi," tembalna bari degdegan.
> Sababaraha kali si Ibu guru naros, keukeuh Kirdun ngajawab,"Duka teu
> terang...".
> Si Ibu guru kaleresan kenal ka bapana Kirdun, Sersan Reserse kakoncara
jago
> interogasi sa Polsek Tjiudjung. Mulih ti sakola teh, nyimpang ka bumina
> Kirdun,
> ngawartoskeun we eta perkawis Kirdun teh ka ramana anu kaleresan aya mulih
> dines.
> Atuh ramana Kirdun teh ambek, bari neangan Kirdun di kebon. "Kirdun ka
> kadieu! Maneh
> ulah ngerakeun dewek, siah, saha Proklamator Indonesia?" saur si Bapa
> sersan bari
> mulintirkeun kumis
> baplangna. "Duka, bapa..sanes abdi," ceuk Kirdun.
> Atuh plok..plok... Kirdun teh digaplokan ku bapana. Teras we kitu, ditanya
> saha
> proklamator Indonesia, Kirdun ngajawab teu terang, sanes abdi, digaplok
> deui, kitu
> deui. Kirdun teh dugi gareuneuk..
> Akhirna, si Bapa teh rada karunyaeun meureun ka Kirdun, nya ngadep ka Bu
> Guru di
> tepas.
> "Bu Guru, rupina Proklamator Indonesia teh sanes Kirdun, da ditaros sareng
> digaplo
> kan oge, keukeuh teu ngaku......
>


---------------------------------------------------------------------

To unsubscribe, e-mail: [EMAIL PROTECTED]

Website mancing-l at http://www.MancingL.com  --> Fishing information, online chat, 
forum discusion, clasifiedads, etc  
MancingL Archive at http://www.mail-archive.com/[email protected]
Fishing@Indonesia a MancingL sharing picture forum at 
http://communities.msn.com/FishingIndonesia

Millis ini terselengara berkat dukungan PT. Metrocom Global Solusi
  The Prefered IT Solution Company - http://www.metrocom.co.id

** Save Bandwidth... potong berita yang tidak perlu **


Kirim email ke